Mapag Poé Basa Indung 21 Februari 2023, Hadi AKS: Basa Sunda Terus Mekar Luyu jeung Pajamanan

- 16 Februari 2023, 06:34 WIB
Hadi AKS.*
Hadi AKS.* /Dok. Pribadi/

GALURA – Poé basa indung internasional dipiéling unggal tanggal 21 Februari.

Tanggal 21 Februari ditetepkeun ku Unesco minangka poé basa indung internasional.

Masarakat internasional miéling poé basa indung unggal tanggal 21 Februari téh geusan miara tur ngajaga kalumangsungan basa indung nu aya di sakuliah dunya.

Loba kagiatan nu dilakukeun ku masarakat internasional dina raraga miéling eta poé basa indung, kaasup ku masarakat Sunda.

Tumali jeung poé basa indung 21 Februari, sastrawan Sunda Hadi AKS boga kamandang, aya sababaraha kasus dina ngalarapkeun basa, kadieunakeun urang Sunda beuki loba nu saralah ngalarapkeun basa lemes.

Baca Juga: Putri Anjungsari (29). Waktu Reureuh di Saung Ranggon, Putri Anjungsari Leungit Teu Pupuguh

Sok patukeur antara basa lemes keur ka batur jeung keur ka sorangan.

Contona: “Ku abdi mah teu kadangu” (kakuping), “Palih dieu calikna, Bu!” (linggih), “Abdi mah ké wé mulihna sonten” (wangsul), jeung sajabana.

Dina catetanana nu kaguar dina akun Facebook-na, 12 Februari 2023, Hadi AKS mertelakeun, nyanghareupan kasus kawas kitu, katingalna aya dua sikep urang Sunda: aya nu nyalahkeun, aya deuih anu ngama’lum.

“Duanana ogé ngandung resiko, aya balukarna. Upama urang ngageunggeureuhkeun, boa nu nyarita téh jadi teu genah, ka dituna tuluy horéam maké basa Sunda. Undak-usuk basa jadi ngahihileudan,” ceuk Hadi AKS.

Ieu kapan alesan urang Sunda nu sok mindeng kadéngé, “Sesah basa Sunda téh, abdi mah teu tiasa undak-usukna!”

Éta ogé deuih anu jadi alesan ibu-ibu ngadidik barudakna di kulawarga ku basa Indonésia, sabab barudakna cenah jadi kasar ngaromongna ku basa Sunda mah.

Baca Juga: Sastrawan Ajip Rosidi (1938 – 2020): Antara Masyitoh, Jante Arkidam, jeung Bagus Rangin 

Cindekna, ceuk maranéhna mending kénéh ngomong ku basa Indonésia (maéhan basa Sunda) tibatan barudak ngomongna kasar.

“Padahal urang Sunda mah, dina campur gaul sapopoé, kapan ilaharna gé ngomong kasar, loma, da jeung papada. Urang gé tara ngageunggeureuhkeun Si Engko nu ngaromongna kasar. Malah sok kayungyun nu aya,” ceuk Hadi AKS.

Upama urang ngama’lum atawa ngantep nu basa lemesna salah téa, tangtu bakal mingkin loba basa lemes nu saralah dipaké, sarta leungit patokan tata-titina. Ka dituna baris nungtutan laleungit kekecapanana.

Lebah dieu mah sigana kari kumaha sikep urang. Milih ti antara anu dua tadi. Naha rék nyalahkeun upama aya nu salah ngalarapkeun basa lemes, atawa ngama’lum.

“Naha urang moal nyarita ku basa Sunda ku sabab sieun salah undak-usuk, atawa rék teteg baé maké basa Sunda sanajan salah. Bawirasa, leuwih hadé anu kadua. Keun baé salah ogé, tapi basa Sunda terus dipaké, diajénan minangka ciri, idéntitas poko urang Sunda,” ceuk ieu pangarang nu karyana, Surat ti Palmira, dilélér Hadiah Sastra Rancagé 2023.

Basa mah terus mekar, luyu jeung pajamanan.

Boa urang leuwih panuju lamun dina hiji mangsa mah kekecapan basa lemes téh ulah aya dua rupa (keur urang jeung keur batur), cukup sarupa wé. ‘Mawa’ téh lemesna ‘nyandak’, ‘imah’ téh lemesna ‘bumi’, ‘kadéngé’ téh lemesna ‘kadangu’, ‘diuk’ téh lemesna ‘calik’, jeung sajabana.

 Baca Juga: Karajaan Ragaluh nu Diadegkeun ku Dewa Niskala, ceuk Kuncen Leuweung Prabu Siliwangi, Lain Dongeng

Barobahna eta kekecapan, ajén-inajén, jeung fungsi sosial basa téh lumangsung ti mangsa ka mangsa, ti abad ka abad.

Basa Sunda dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian (abad ka-16), upamana. Sanajan geus nyorang waktu nu sakitu panjangna, lima ratus taun, tepi ka ayeuna loba kénéh kekecapanana anu kaharti.

Malah basa hiji mangsa manéhna pangangguran niténan éta naskah, horéng leuwih ti 70% kénéh basana kaharti.

Naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian ngagunakeun 5943 kecap. Sabada dititénan, aya 4260 kecap (71,7%) anu masih kénéh dipaké (hirup) dina basa Sunda kiwari.

Éta kecap anu masih kénéh hirup téh aya di antarana anu wangunna robah, upamana baé arega (harga), bwana (buana), deung (jeung), jeung nu lianna.

Ari kecap anu geus paéh atawa henteu dipaké deui ku urang Sunda jumlahna aya 1683 kecap (28,3%), upamana baé ndah, nihan, hana, byakta, paka, pridana, tréna, taru lata, galuma, héngan, sinengguh, jeung sajabana.

Sagédéngeun éta aya deui kecap-kecap anu tuluy hirup dina basa Indonesia (amat, asing, darah, jsb.), basa Jawa (wong, wadon, jsb.), jeung basa Sunda wewengkon (halo, kebo, surah, mugkal, jsb.).

“Ras ka dinya, horéng ku robahna pajamanan, basa Sunda tuluy hirup, ngarambat ti abad ka abad. Kaasup dina ngalarapkeun basa lemes, lamun téa hiiji mangsa robah palanggeranana, teu kudu nyalahkeun nganaha-naha. Urang masing jembar baé narima parobahanana, boh nu narungtutan laleungit, boh anu anyar daratang,” ceuk Hadi AKS.***

Baca Juga: 100 Taun Ngadegna NU, Panitia Rek Ngayakeun Ceramah Kebangsaan

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x