Saulas Banda Pusaka Bupati Sumedang nu Dirumat jeung Dipusti-pusti di Museum Prabu Geusan Ulun

- 13 Februari 2023, 15:30 WIB
Mahkota atawa makuta Binokasih titinggal karuhun Sumedang di Museum Prabu Geusan Ulun/sumedangmuseun.com
Mahkota atawa makuta Binokasih titinggal karuhun Sumedang di Museum Prabu Geusan Ulun/sumedangmuseun.com /

GALURA - Sumedang, kaasup wewengkon nu euyeub ku banda pusaka titinggal baheula, utama para bupati nu kungsi jeneng.

Nu matak reueusna, eta banda pusaka teh enya-enya dirumat jeung dipusti-pusti ku turunan atawa kulawarga bupati Sumedang, ku cara disimpen jeung diperenahkeun di tempat samistina di Museum Prabu Geusan Ulun.

Dina waktu-waktu nu husus, eta banda pusaka osok ngahaja dibersihkeun make tradisi ku kulawarga husus.

Baca Juga: Mun Keur Ngibing dina Tarawangsa Rancakalong Sumedang Kasarumahan Tandaning Karuhun Datang, Kudu Bungah

Baca Juga: Sirep Tarawangsa Rancakalong Sumedang, Ningali Nini Oneh Kasarumahan jeung Nyebut 'Nana nu Sieun Dibedil'

Baca Juga: Pesona Taman Puspa jeung Kampung Ciherang, Dua Tempat Wisata Instagramable di Tanjungsari, Sumedang

Maksudna lain midua ka Pangeran, tapi keur nembongkeun rasa hurmat ka banda titinggal karuhun.

Naon wae banda pusaka titinggal karuhun di Sumedang teh?

Di antarana aya di handap ieu:

Baca Juga: Alun-Alun Sumedang Robah ti Taun 1922 sabada Ngadeg Tugu Lingga, ti Harita Lain Lapang Lega Deui

- Makuta Binokasih.

Cek sakaol, ieu makuta teh asalna ti Karajaan Sunda nu dipasrahkeun ku opat kandaga lante (gegeden) nyaeta Embah Jaya Perkosa, Embah Terong Peot, Embah Nanganan, jeung Embah Kondang Hapa.

Ieu makuta nalika dipasragkeun ku kandaga lante, lengkep jeung siger, kongkorong, beubeur, geulang jeung garuda mungkur.

Cek sakaol, ieu maku minangka simbul papasrahan kakawasaan ti Karajasaan Sunda ka Sumedang.

Baca Juga: Wangunan jeung Banda Cagar Budaya di Sumedang, Perlu Dirumat jeung Dimumule Babarengan ku Balerea

- Pedang Ki Mastak.

Ieu pedang kawilang kuno naker. Cenah, ieu pedang teh kagungan nu ngadegkeun Karajaan Sumedanglarang, Prabu Tajimalela.

- Keris Ki Dukun

Ieu pedang oge kaasup buhun naker. Ieu pedang kagungan Prabu Gajah Ageung, putrana Prabu Tajimalela.

- Keris Panunggul Naga

Nurutkeun katerangan, ieu pedang kagungan Ratu Pucuk Umun nu diwarikeun ka Prabu Geusan Ulun.

Baca Juga: Talang Irigasi Titinggal Walanda di Sumedang, Dipake Keneh Meuntas ku Warga

- Keris Nagasastra

Ieu keris kaasup kajojo, jeung remen dipatilikeun jeung Pangeran Kornel nalika "ngalawan" Daendles nalika di Sumedang aya pangwangunan jalan Cadas Pangeran.

Harita, alatan teu suka rayat dikakaya ngawangun jalan Cadas Pangeran bari pakakas saayana, Pangeran Kornel wera. Nalika aya Daendles ngaroris panwangunan jalan, Pangeran Kornel kalawan teuneung ludeung meredih ka Daendles malar rayat dibantuan ku alat nu merenah. Kituna teh, cek sakaol, bari panangan teu leupas ti Keris Nagasastra.

Nya ti harita, Daendles ngirimkeun bantuan alat keur nugar jeung ngancuskeun cadas dipijalaneun di Cadas Pangeran.

Ieu keris, asalna kagungan Pangeran Panembahan anu diwariskeun ka Pangeran Kornel.

Baca Juga: Ka Marongge Sumedang Rea Keneh Nu Jarah, Aya nu Neangan Pelet, Angka Togel, jeung Meunang Gawe

-  Badik curuk aul.

Ieu badik, cenah mah badik cecepengan Embah Jaya Perkosa nu diangge keur merangan pasukan Cirebon.

-  Tumbak  

Di musieum aya oge tumbak nu cenah umurna kacida kahotna, nyaeta tumbak titinggal Prabu Geusan Ulun. Ngaranna Trisula Polos, Trisula Papak, Bandrangan jeung Betekok.

Baca Juga: Kampung Mahmud Bihari jeung Kiwari, Imah Panggung geus Langka

Sakitu tah sawatara banda pusaka titinggal karuhun Sumedang nu aya di Museum Rabu Geusan Ulun teh.***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x