Baca Juga: Batu Kalde di Pananjung Pangandaran, Titinggal Jaman Prasejarah jeung Jaman Sejarah
Percaya pangeran ngan hiji
Jagat Jabaning Langit teh “Mandala Agung”, mun make istilah urang Baduy mah disebutna teh Buana Nyungcung, tempat cicingna Sang Hyang Wenang, Sang Rumuhung, Sang Hyang Tunggal Nu Maha Agung.
Tina kituna bisa disebutkeun ti baheula urang Sunda geus nganut faham monotheisme, percaya nu kawasa teh ngan hiji. Maha Esa.
Dina Pantun Bogor, Nu Mawa Kawasa, Gusti Anu Maha Agung, digambarkeun kieu:
“Nga inyana anu muhung di ayana, aya tanpa rupa aya tanpa waruga, hanteu kaambeu-ambeu acan, tapi wasa maha kawasa disagala karep inyana.”
Ngandung harti Pangeran (bs.Indonesia: Tuhan) teh taya nu nyaruaan, kaasup dina kakawasaanana.
Baca Juga: Babarit, Hajat Tujuh Bulan Kakandungan, Leubeut ku Simbul jeung Siloka
Sahadat Pajajaran dina ngeceskeun sipat pangeran nyoko kana Tunggalna Sang Murbeng Alam:
”Hyang Tunggal tatwa panganjali, ngawandawa di jagat kabeh alam sakabeh, haling giya disaniskara, hung tatiya ahung. “
Ieu oge ngebrehkeun Pangeran teh moal aya nu bisa nyaruaan, moal aya nu nandingan.