Desa Budaya Desa Nunuk Baru, Desa Anyar tapi Heubeul di Kabupaten Majalengka

28 Februari 2023, 11:30 WIB
Walungan Cisuluhan di Desa Budaya Desa Nunuk baru Kabupaten Majalengka, anyar tapi heubeul Desa Nunuk Baru teh. /Ayank R Sambara/Galura

GALURA -Kungsi bedol desa, alatan poténsi budayana, diwuwuh ku alam jeung lingkunganana ngarojong pisan, Desa Nunuk Baru, Kecamatan Maja, Kabupaten Majalengka ditetepkeun jadi Desa Budaya.

Anyar tapi heubeul. Kitu sebutan merenaha keur Desa Nunuk Baru, salasahiji Desa Budaya di Kecamatan Maja jeung di Kabupaten Majalengka,.

Jaman Kolonial Belanda, ngaranna teh Desa Nunuk, lain Desa Nunuk Baru nu ayeuna geus jadi desa mandiri jeung geus jadi Desa Budaya.

Baca Juga: Layang Salaka Domas ti Jagat Jabaning Langit

Ku sabab lingkunganana diwangun ku lengkob jeung pasir nu parentul, urang Desa Nunuk dititah parindah ka wewengkon sejen nu kabawah keneh ka Kabupaten Majalengka.

Pangna kudu pindah lantaran Desa Nunuk dianggap rawan urug. Matak pibahlaeun. Najan tacan aya kajadian urug nu rongkah sarta ngalukarkeun korban.

Urang Nunuk loba nu parindah, di antarana ka Kodasari, Kecamatan Ligung nu asalna leuweung. Tapi teu saeutik deuih nu teu pindah atawa teu kaburu pindah lantaran ganti kakawasaan nu ngajajah Nusantara.

Anu geus dumuk di wewengkon séjén ogé mindeng pulang anting ka Nunuk, ngurus pakayana. Tepi ka ayeuna nu ngarasa rundayan Nunuk sok ngahaja nganjang ka Nunuk.

Baca Juga: Harti Sunda dumasar Pantun Bogor: Suci, Nyampurnakeun

Nunuk sanggeus bedol désa diasupkeun ka Désa Cengal. Ku sabab cacah jiwana beuki nambahan, 21 Nopember 2010, Nunuk dimekarkeun ti Desa Cengal, ngaranna Desa Nunuk Baru.

Pangna make kecap baru, Desa Nunuk Baru, henteu Desa Nunuk kawas jaman Kolonial Belanda, pikeun nembongkeun desana anyar. Kecap "baru" dina basa Sunda oge aya.

Dibentukna Desa Nunuk Baru, dipayungan ku Peraturan Daerah (Perda) nomer 6 taun 2010, diresmikeun ku bupati Majalengka, H. Sutrisno, SE., MSi.

Legana Desa Nunuk Baru ngahontal 1.900,50 hektar. Deweungku ku 7 dusun: Dusun Nunuk, Dusun Babakan, Dusun Cerelek, Dusun Kadu, Dusun Cikawoan, Dusun Citayeum, jeung Dusun Lengkong.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler