Endog Lewo Kuliner Has Garut, nu Mimiti Nyieunna Haji Amin Urang Kampung Lewo, Sangkan Sampeu Teu Mubadir

2 Februari 2023, 17:20 WIB
Kuliner endog lewo kekinian/Instagram @endoglewo_kriuk /

GALURA - Kuliner punya Garut, Jawa Barat, endog lewo kiwari kaasup kadaharan hahampangan nu kakoncara.

Kakoncarana endog lewo ayeuna lain wae di Kabupaten Garut, tapi oge di wewengkon sejen di Jawa Barat.

Munasabah, tuda kaayeunakeun rea UKM di Garut nu meh unggal waktu promosi endog lewo di media sosial.

Baca Juga: Burayot, Kuliner Has Garut Ayeuna 'Ngapung' ka Mancanagara, Lapakna Sumebar di Jawa Barat

Baca Juga: Galendo, Abon, Dengdeng Sapi jeung Kecap Serbasari Kuliner Has Ciamis

Baca Juga: Dua Wisata Kuliner di Bogor, Nasi Sunda jeung Bebek Madura, Mewah tapi Murah, Merenah keur Kulawarga

Turug-turug dinas nu aya patalina di Garut oge, gede perhatianna ka UKM kaasup nu makieuhkeun endog lewo.

Haji Amin

Kadaharan endog lewo, sakumaha anu kungsi dijelaskeun, saeyana emplod, kadaharan nu dijieunna ti aci sampeu.

Pangna disebut endog lewo, nyaeta alatan eta emplod nu mucunghul ti Kamping Lewo, Topin Malangbong, Garut, beda ti nu sejen. Nya antukna, urang luar Lewo, mere landihan ka eta emplod endog lewo.

Baca Juga: Wisata Kuliner di Bogor, Tempat Ngopi jeung Cafe Vibes Bali, Murah, Matak Betah, Hoream Mulang

Beh dituna, cek warga Kampung Lewo ka Galura oge cek sawatara sumber nu katimu, nu pangheulana nyieun endog lewo teh Haji Amin, asil urang Lewo, kira taun 1960-an.

Dicaritakeun, taun harita urang Kampung Lewo teh rea nu melak tangkal sampeu. Awahing ku reana, dina unggal usum, sampeu teu sirikna ngaleuya di ditu di dieu.

Ningali kitu, Haji Amin mikir pikeun ngolah sampeu supaya teu mubadir. Harita prahna sampeu ukur dijieun peuyeum, kiripik sampeu, combro atawa urab sampeu --eta ge sesa dijual ka bandar atawa pausahaan aci sampeu di Tasikmalaya.

Baca Juga: Iga Bakar jeung Baso Legend di Bogor, 2 Kuliner nu Pas Dijugjug Sakalian 'Healing' jeung Manehna

Cara nu kappikir ku Haji Amin harita nyaeta diolah jadi emplod nu saterusna kajojo jadi teh endog lewo.

Cenah, mimitina Haji Amin teh ngan ngajual emplod jieunana di Pasar Lewo wungkul.

Ngan sabada kajojo karena rasana beda, pegawai Haji Amin dijual oge di wewengkon sejen kawas di sawatara pasar di Tasikmalaya, Limbangan, Cicalengka jeung Bandung.

Baca Juga: Tilu Wisata Kuliner Nu Merenah Dijugjug Mun ka Bogor, No 2 'Permata Tersembunyi Sate & Sop Kambing'

Kiwari, nu mroduksi endog lewo lain wae kulawarga atawa katurunan Haji Amin wae, tapi oge rea nu sejenna, ngudag berkah tina usaha lancar Haji Amin. ***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler