Sampyong Seni Tarung nu Mimiti Mekar di Desa Baribis Majalengka, Ceuk Tb Hasanuddin, Perlu Regenerasi

- 26 Januari 2023, 09:30 WIB
Atraksi Sampyong seni tarung  ti Majalengka. Sangkan manjang perlu regenerasi seniman Sampyong.
Atraksi Sampyong seni tarung ti Majalengka. Sangkan manjang perlu regenerasi seniman Sampyong. /

 

GALURA -Sampyong teh seni tradisi budaya Sunda asli Kabupaten Majalengka. Mimiti tumuwuh di Desa Baribis, Kecamatan Cigasong.

Kepala Desa Baribis, Dudung Abdul Karim, salahsaurang tokoh seni Sampyong, ngadegkeun Paguyuban Sampyong di desana sarta anggotana lain ukur warga desana.

"Pangna anggota Paguyuban Sampyong sanes mung ukur ti Desa Baribis supados Sampyong tiasa sumebar ka wilayah sanesna di Kabupaten Majalengka," pokna.

Baca Juga: Mikawanoh Tradisi 'Ngapem' atawa Babagi Apem di Karaton Kanoman Cirebon, Teu Nuang Sangu Salila Sabulan

Hasilna kiwari sumebar di unggal kacamatan nu aya di Kabupaten Majalengka, lain ukur di Desa Baribis.

Dudung miharep, tumuwuhna paguyuban-paguyuban Sampyong, umumna seni budaya Sunda, entragan ngora kapondasi ku budaya nu kuat.

Politikus PDI Perjuangan, Tb Hasanuddin nu lahir di Talaga Kabupaten Majalengka katajieun pisan ku seni Sampyong jeung Paguyuban Sampyong Desa Baribis.

Saptu (21/01/2023) Tb Hasanuddin ngagelar silaturahmi jeung Paguyuban Sampyong Desa Baribis.

Baca Juga: Tb. Hasanuddin Politikus PDI Perjuangan, Teu Reureuh Ngamumule Seni Budaya Sunda

“Alhamdulillah di lembur kiwari euyeub tokoh-tokoh nu ngamumule sareng ngajaga ngariksa seni budaya Sunda," pokna. 

Ngan Tb Hasanuddin mangnjakalkeun nu ancrub kana Sampyong geus mareunang umur.

"Peryogi regenerasi," pokna. "Simkuring umajak ka sakumna ka nonoman  neraskeun seni budaya urang sangkan teu hilap kana jati diri Sunda."

Tb Hasanuddin dina eta kasempetan jangji bakal ngabantuan saniskara alat-alat nu diperlukeun keur latihan jeung keur pagelaran Sampyong, saperti matras, gamelan gendang penca jeung sajabana.

Baca Juga: Pantun, Seni Tradisional Sunda nu Sakral, Teu Sagawayah Dipintonkeun

Ketua Umum Seniman Satatar Majalengka (Sasama) nu oge Kepala Badan Kebudayaan Nasional (BKN) DPC PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka, Deni Heryanto, nyebutkeun memang seniman Sampyong perlu sagancangna diregenerasi.

Di Kabupaten Majalengka salian ti Sampyong aya deui kesenian nu sawanda jeung Sampyong. Ngaranna teh Ujungan.

Sampyong jeung Ujungan duanana seni tarung asli Majalengka.

Boh Sampyong boh Ujungan sarua mibanda tehnik neunggeul ngagunakeun hoe (rotan). Panjang hoena kira-kira 50-75 sentimeter, diameterna 5-7 sentimeter.

Baca Juga: Nénéng Dinar: Kudu Aya ‘Political Will’ ti Pamaréntah pikeun Mekarkeun Seni Tradisi di Jawa Barat

Ngan dina prak-prakanana, ceuk Deni, henteu sarua. Sampyong leuwih kana seni pertunjukan, tehnik neunggeulna diwatesan, saukur ti pingping ka handap nepi ka luhur mumuncangan.

Ari Ujungan tehnik neunggeulna bebas, diwasitan, nu eleh pamaen kaluar tina kalang.

Waktu silahturahmi jeung Tb Hasanuddin, salian ti atraksi Sampyong, dipagelarkeun penca wawakil ti 13 Kecamatan sa-Kabuptaen Majalengka, jeung atraksi debus ti Paguyuban Talaga Manggung.***

 

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x