Tb Hasanuddin Nganjang ka Padepokan Pencak Silat Lodaya Aki Panglipur Cabang Kabupaten Majalengka

28 Februari 2023, 15:12 WIB
Mayjen (Pur) Dr. H. Tb Hasanuddin, SE.M.M, anggota DPR RI ti Fraksi PDIP, nganjang ka Padepokan Pencak Silat Lodaya Aki Panglipur Cabang Kabupaten Majalengka, Saptu (25/02/2023). /Ayank R Sambara/Galura

GALURA -Anggota DPR RI ti Fraksi PDIP Dapil IX SMS (Subang, Majalengka, Sumedang), Mayjen (Pur) Dr. H. Tb Hasanuddin, SE.M.M., nganjang ka Padepokan Pencak Silat Lodaya Aki Panglipur Cabang Kabupaten Majalengka, Saptu (25/02/2023).

Nganjangna anggota DPR RI ti Fraksi PDIP Tb Hasanuddin hiji kareueus jeung pangajen keur Padepokan Pencak Silat Lodaya Aki Panglipur Cabang Majalengka.

Meujeuhna Padepokan Pencak Silat Lodaya Aki Panglipur didongdon ku Tb Hasanuddin, hiji anggota DPR RI ti Fraksi PDIP nu asalna ti Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Jalur Parongpong Cisarua Lumpuh, Alatan Urug Jalan Buka Tutup

Murid Padepokan Pencak Silat Lodaya Aki Panglipur geus nyangking sababaraha prestasi, boh di tingkat daerah, provinsi, boh tingkat nasional geus dicangkingna,

Padepokan Lodaya Aki Panglipur, alamatna di Desa Andir, Kacamatan Jatiwangi, teh tempat ngagembleng jeung meuseuh barudak rumaja nu diajar silat ti sababaraha daerah.

“Prestasi dina widang pencak silat nu dicangking Padepokan Lodaya Aki Panglipur teras dipertahankeun, malih kapayunna langkung dironjatkeun deui," ceuk Tb Hasanuddin.

Nganjangna Tb Hasanuddin ka Padepokan Lodaya Aki Panglipur teh pikeun ngawadahan aspirasi masarakat dina Reses DPR RI. Ieu politisi Senayan nu oge Pembina Seniman Satatar Majalengka (Sasama) ngarojong hirup kumbuhna seni budaya.

Baca Juga: Desa Budaya Desa Nunuk Baru, Desa Anyar tapi Heubeul di Kabupaten Majalengka

“Anggota DPR RI di antawisna ngamitra sareng Kemenko PMK dina ngamukeun kabudayaan. Janten tanggel waler simkuring kangge aub, ngabantos ngaronjatkeun prestasi seni pencak silat katut sampyong di Kabupaten Majalengka," ceuk Tb Hasanuddin

Dina kasempatan eta, kang Tb. Hasanuddin masrahkeun bantuan sarana ka Padepokan Lodaya Aki Panglipur: waditra gendang penca kumplit.

“Pamugi bantosan ti simKuring aya mangpaatna. Pamugi tiasa ngabantos sagala rupi kagiatan nu dilaksanakeun ku Padepokan Lodaya Aki Panglipur," ceuk Tb Hasanuddin.

Sesepuh Padepokan Lodaya Aki Panglipur Ki Noer Alam ngahaturnuhunkeun ka Tb Hasanuddin nu rurumpaheun nganjang ka padepokanana bari sakalian masrahkeun bantuan.

Baca Juga: Cek Dam Cisuluhan di Desa Nunuk Baru Dibangun ku Kolonial Belanda keur Nyebor Binih Tatangkalan

“Hatur nuhun kang Tb, nami Akang ieu parantos aya di manah simkuring saparakanca," ceuk Ki Noer Alam.

Ketua Sasama nu oge Kepala Badan Kebudayaan Nasional (BKN) DPC PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka, Deni Heryanto, nyebutkeun Padepokan Lodaya Aki Panglipur salasahiji ti anggota Sasama.

“Sasama nyumangetan anggotana kalebet Padepokan Lodaya Aki Panglipur, nyaeta pikeun nyangking prestasi nu nyeungitkeun Kabupaten Majalengka," ceuk Deni Heryanto.

Acara reses Tb Hasanuddin dityluykeun ka acara Kesenian Kuda & Sampyong Sasama Korwil Palasah nu dilaksanakeun jam 13.30 WIB nepi 14.30 WIB tempatna di Lapangan Waringin Kecamatan Palasah.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler