Seni Pantun Sunda keur Ngahornat Nyi Pohaci, Beda jeung Pantun Melayu

6 Februari 2023, 12:30 WIB
Pagelaran seni pantun Sunda. Pantun Sunda beda jeung pantun Melayu. Pantun Sunda diciptakeun keur ngahormat Nyi Pohaci.* /

GALURA -Barudak kiwari réa anu teu wanoh kana seni pantun Sunda, mun ditalék ngeunaan pantun jawabna téh “berbalas pantun” atawa kecap “cakep.

Kana caritana, carita pantun Sunda, deuih loba nu teu apal, mun ditanya ngeunaan carita Lutung Kasarung, Mundinglaya gogodeg. Malah bisa jadi nu karek ngadenge oge rea.

Béda deui mun ditanya ngeunaan Naruto, Dora Émon, Upin Ipin, Spider Man, ngagorolang apal pisan.Ari kana carita pantun Sunda mah dalah kolot oge teu nyarahoeun.

Baca Juga: Ronggeng Gunung ti Banjarsari Kabupaten Ciamis, Balas Dendamna Dewi Siti Samboja ka Kala Samudra

Tong nyalahkeun barudak, bongan di dunya atikan, seni pantun Sunda jeung seni tradisi lianna, teu diwanohkeun, jeung arang aya aprésiasi seni pantun di lingkungan sakola. Atuh tukang pantunna oge geus arang.

Seni pantun Sunda, ganjor pisan beuti hartina jeung pantun Melayu, sanajan sarua tatapakan dina sastra lisan. Pantun Melayu sarimbag jeung sisindiran, ari pantun Sunda mah dina wangun teater tutur.

Ti iraha ceunah seni pantun Sunda mimiti dipikawanoh ku masarakat Sunda, geus heubeul pisan.

Bukti tinulis ngeunaan panggung pantun Sunda natrat dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian, anu ditulis dina taun 1518, meunang Darmasiksa.

Baca Juga: Ronggeng Amen Kasenian Tradisional di Kabupaten Pangandaran nu Dipikalandep ku Entragan Ngora

Ceuk Jakob Sumardjo, seni pantun Sunda kawasna ciptaan élit Sunda kira-kira taun taun 1300 M. Ti mana ieu guru besar ISBI Bandung boga kacindekan kitu?

“Mun enya pantun Sunda mibanda ajén-inajén ajaran Tantrayana aliran Kalacakra nu sumebar di Jawa, Sunda jeung di Sumatra dina ahir abad ka-13 jeung awal abad ka-14, bisa dicindekeun, seni pantun diciptakeun ku élit Sunda dina taun 1300 M. Bareng jeung diaranutna aajaran bieu,” ceuk Jakob Sumardjo.

Seni pantun Sunda dina pintonana dipirig kacapi. Nu midangkeunna disebut juru pantun.

Naon sabenerna harti pantun téh? “Pantun teh tina patutunggalan,” ceuk Mang Ayi, 40 taun,  mandahong seni pantun Sunda nu matuhna di Kampung Dukuh, Désa Sadawarna, Cibogo, Kabupatén Subang.

Anu dimaksud patutunggalan téh ceuk Mang Ayi juru pantun nu kiwari remen mantun dina tradisi ngaruat jeung hajatan, dipaénkeun ku saurang, atawa pamaénna tunggal. 

Baca Juga: Gala Premiere-na Poé Ieu, ‘Gita Cinta dari SMA’ Difilmkeun deui bari teu Mopohokeun 'Originalitas'


Ieu luyu jeung juru pantunna nu ngan saurang mun keur manggung, waditrana, kacapi, oge ditabeuh ku sorangan.

Ceuk Arthur S. Nalan, dosen ISBI Bandung, dina buku Anatomi Téater Daérah, pantun téh asalna tina kecap “pahare” atawa pare.

Kamandang  Arthur dumasar kana raketna pantun jeung ritual kasuburan. Keur ngahormat Déwi Sri Rumbiyang Jati atawa Nyi Pohaci, saban mitembeyan panen atawa nyalin teu weléh dijajap ku seni pantun.

Kumaha sangkan seni pantun Sunda bisa dipikawanoh, dipikaheman ku entragan ngora?

Perlu aya tarekah pikeun leuwih ngadeukeutkeun deui entragan ngora kana kahirupan agraris.

Perlu ditancebkeun deui kasadaran pentingna agraris, tatanen, dina kahirupan moderen, di nagara nu ekonomi, teknologina geus maju.

Seni pantun Sunda kudu dihudangkeun deui, saujratna, ulah tepi ka pintonana diropea jadi kasenian kitsch. ***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler