Dilélér Hadiah Sastra Rancagé 2023, Hadi AKS: Sastrawan Sunda Kudu Lampar!

4 Februari 2023, 08:50 WIB
Hadi AKS, pangarang Sunda nu karyana “Surat ti Palmira” meunang Hadiah Sastra Rancagé 2023.* /Dok. Pribadi /

GALURA – Sastrawan Sunda Hadi AKS dilélér Hadiah Sastra Rancagé 2023 ti Yayasan Kebudayaan Rancagé.

Dina kategori sastra Sunda, pangarang Hadi AKS nu méh ampir 20 taun kawilang produktif téh nampa Hadiah Sastra Rancagé 2023.

Waktu dibéwarakeun 31 Januari 2023, tina tilu nominasi karya sastra Sunda nu medal taun 2022, Surat ti Palmira yasana Hadi AKS antukna nu kasinugrahan Hadiah Sastra Rancagé 2023.

Anapon tilu nominasi karya sastra Sunda nu medal taun 2022 téh nyaeya Surat ti Palmira (karya Hadi AKS), Sangkakala (Cecep Burdansyah), sarta Sawangan kana Carita Pantun (Wahyu Wibisana).

Hadiah Sastra Rancagé téh minangka pangajén geusan kamajuan kabudayaan daérah jeung Nusantara.

Baca Juga: Hadiah Sastra Rancagé 2023, Ieu Béréndélan nu Kasinugrahan Hadiah ti Yayasan Kebudayaan Rancagé

Lian ti karya sastra Sunda, Hadiah Sastra Rancagé gé pikeun karya sastra Jawa, Bali, Lampung, Batak, Banjar, jeung Madura.

Anapon Surat ti Palmira karya Hadi AKS téh ngamuat 17 carita pondok nu dibagi kana dua kelompok.

Bagéan kahiji, ngamuat 10 carpon nu lolobana kasang tukang tur téma ngeunaan kahirupan masarakat basisir kulon Pulo Jawa kalawan gaya basa nu euyeub ku dialék Banten.

Bagéan kadua, ngamuat 7 carpon nu jejer caritana téh némbongkeun kaguligah kana kaayaan pasualan sosial, krisis ekologi, tur pasualan kamanusaan lianna.

Kasang tukangna lain waé lingkungan sabudeureun lemburna, tapi ogé mancanagara nu dipasieup ku gaya basa Sunda lulugu.

Najan dibagi dua bagéan, tapi tetep némbongkeun ésénsi ciri mandiri Hadi AKS, nyaéta pangwaas nu bet laju teuleum kana batin.

Rupa-rupa jejer carpon dina Surat ti Palmira téh, aya carita nu lir sketsa biografis, upamana “Lagu Panineungan”, oge aya carpon “Sang Tarum” nu mawa kana jauhna tina réalismeu, sarta “Surat ti Palmira” nu némbongkeun simpati pangarang kana pasualan kamanusaan di dunya.

Baca Juga: Ayah Lapidin Kungsi Dijieun Naskah Oratorium jeung Dijieun Karya Tari ku Mahasiswa ISBI

Baca Juga: Haji Hasan Mustapa; Birokrat, Sastrawan Sufistik, jeung Ulama “Mahiwal” nu Sosobatan jeung Snouck Hurgronje

Hadi AKS gumelar di Citapis, Pandeglang, 16 Méi 1965. Sabada lulus ti SPGN Pandeglang (1984) tuluy kuliah di Jurusan Pendidikan Basa & Sastra Sunda, Institut Keguruan dan Ilmu Pendidikan/IKIP (ayeuna Universitas Pendidikan Indonesia/UPI) Bandung.

Milu kursus ngarang di Sundanologi taun 1986. Sajakna nu munggaran “Bandera Hideung” dimuat di Kalawarta Kujang, sedengkeun carponna nu munggaran “Nu Mulang Pasosoré” dimuat di majalah Katumbiri.

Karya-karyana sumebar dimuat di sababaraha media saperti Manglé, Galura, Cupumanik, Pikiran Rakyat, jeung nu lianna.

Inyana gé nulis éséi sarta novel Sunda, tur karyana gé meunang panghargaan kayaning Hadiah Sastra LBSS, DK Ardiwinata, Anugrah Soeria Di Radja, katut Hadiah Sastra RH Oeton Moechtar.

Sababaraha karya Hadi AKS saméméhna antarana jeung kumpulan carpon Oknum (1998), kumpulan sajak Ombak Halimun (2002), jeung kumpulan carpon Kalapati (2012).

Hadi AKS gé ngokolakeun Saung Sastra Lémbang, tempat panglawungan barudak sakola nu resep kana basa jeung sastra tur remen ngahontal rupa-rupa préstasi.

Oge aktif ngokojoan grup komunitas média sosial di internét patali jeung tarékah ngamekarkeun basa tur sastra Sunda, salasahijina Pakarangan.

“Kantenan bingah Surat ti Palmira dilélér Hadiah Sastra Rancagé 2023. Tapi keur kuring mah, karya mah lain kudu punjul-henteuna ti nu lian dina pangajén juri, tapi bisa kabaca-henteuna ku balaréa,” ceuk Hadi AKS, Kemis, 2 Februari 2023.

Baca Juga: Ida Widawati, Ngigelan Jaman ku Mageuhan Seni Tradisi

Pikeun Hadi AKS, inyana leuwih bagja karyana dibaca ku sarébu urang Sunda, tibatan meunang hadiah sastra tapi ukur dibaca ku puluhan jalma. Éta nu tepi ka ayeuna masih jadi rereged.

“Mangga titénan komén-komén dina média sosial, ratusan nu ngawilujengkeun ka pangarang nu meunang Rancagé, tapi langka nu pok, upamana, ‘Panasaran, Kang, abdi hayang bukuna, di mana upami abdi hoyong mésér?’” ceuk Hadi AKS.

Mun téa mah inyana terus sumanget hayang nulis, lain pédah ayeuna nampa Hadiah Sastra Rancagé.

Rék meunang hadiah sastra atawa henteu, nulis mah kudu terus dilakonan minangka tanggung jawab moral pangarang.

Baca Juga: Putri Anjungsari (17)

Upama ayeuna urang nyaksian rupa-rupa pasualan sosial, pangarang kudu nulis, sangkan jadi pamikiran, lenyepaneun balaréa.

“Jauh saméméh medal jadi buku, saenyana kuring hayang ngirimkeun carpon ‘Sang Tarum’ ka Ridwan Kamil, Gubernur Jabar. Sina kabaca, kumaha gagasan pangarang Sunda enggoning ngungkulan pasualan walungan Citarum. Bawirasa, lebah dieu ketak pangarang téh. Kritis bari méré solusi ka balaréa. Ké sugan ‘Sang Tarum’ isuk pagéto urang kirimkeun ka Gubernur,” ceuk Hadi AKS.  

Tah, éta pikiran kritis nu sok diipuk ku Hadi di komunitas Pakarangan. Para pangarang nu dialajar nulis sok dihatéan saban waktu, sina seukeut deuleu ngimeutan situasi pajamanan.

Carpon lain karya panglipur, tapi kudu jadi ‘pencerahan’ keur nu maca. Para pangarang kudu nulis, kudu milu ancrub dina gumuruhna peradaban manusa kiwari.

“Éta sababna kuring nulis ‘Surat ti Palmira’, carpon nu nyaritakeun Perang Suriah, minangka pangajak yén urang gé kudu milu émpati kana kasangsaraan manusa di nagri deungeun. Atawa ‘Yambise’ nu ngaguar katelengesan manusa di bumi Papua. Pangarang Sunda kudu lampar, lega ambahan ka mana-mana. Para pangarang anyar kudu terus dihatéan, diipuk sina kritis, ulah ukur dikritik karyana hampang taya nanaonan,” ceuk Hadi AKS, mungkas obrolan.***

Baca Juga: Mikawanoh Ilustrator Onong Nugraha, Ilustrasi Hideung Bodas nu Nyunda

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler