Kembang Gadung Lagu Sakral di Pantura Jabar, Ngahaleuangkeun jeung Mirigna Ulah Lalawora

2 Februari 2023, 11:30 WIB
Dina pagelaran wayang golek sanggeus nayaga tatalu, pagelaran sok dibuka ku lagu Kembang Gadung.* /

GALURA -Di daerah Kabupaten Subang, pintonan kasenian tradisional, malah beh dieu elektunan dangdut sok dibuka ku lagu Kembang Gadung.

Beuki dieu di daerah sejen oge seniman tradisi kiwari, teu weléh midangkeun lagu Kembang Gadung dina muka pagelaran.

Lagu Kembang Gadung  ku seniman tradisi bisa disebutkeun dikaramatkeun pisan, babakuna di Pantura Jawa Barat.

Baca Juga: Angklung, Seni jeung Waditra Asli Tatar Sunda, Ngandung Filosopi nu Luhung

Gending jeung tepak kendang dina mirig lagu Kembang Gadung wirahmana melem, halon, sarta bener-bener dijiwaan.

Kembang Gadung ku karuhun seniman Subang disakralkeun pisan. Naon atuh “Kembang Gadung téh?”. Nepi ka pamali mun waktu midangkeunana caliweura?

Nilik kana kecapna, Kembang Gadung mibanda harti “kembangna tangkal gadung: tangkal anu ngarambat, beutina kawas hui.

Beuti gadung aya racunan, mun teu bisa ngolahna, nu ngadahar beuti gadung bakal weureu.

Mun bisa ngolahna, beuti gadung bisa didahar, keur ngaganti sangu. Patali jeung aya racunan, aya paribasa kawas jelema weureu gadung.

Baca Juga: Nugaskeun Tb. Hasanuddin, PDIP P Siap Ngadeudeul Pasanggiri Penca Tradisional

Ku naon kembang gadung dipake judul lagu nu laguna disakralkeun pisan? Cenah kembang gadung téh simbol tina kasarakahan kaom “penjajah” jeung bangsa pribumi anu biluk ka penjajah, anu weureu ku kakawasaan, kawas jalma anu weureu gadung.

Mangsa jaman penjajahan Walanda, aya anak buahna Tubagus Rangin jeung Tubagus Yabin, anu bajuang di daerah Subang, ngaranna Ayah Lapidin.

Ayah Lapidin teh santri, élmu agamana luhung, batinna kuat. Inyana ngarti kana urusan seni budaya, mahér ulin, usik maénpo atawa ngulinkeun jurus penca, mahér nabeuh jeung ngigel, ogé bisaeun nganggit lagu.

Rumpaka lagu Kembang Gadung anu sok digalindeungkeun ku juru kawih atawa sindén, beunang ngarang jeung nganggit Ayah Lapidin. Udaganana keur ngageuing manusa sangkan eling ka Nu Maha Kawasa.

Baca Juga: Rumpaka atawa Lirik Lagu 'Runtah' ti Doel Sumbang Nu Viral Nepi ka Kiwari

Dina waktu sindén ngahaleuangkeun éta lagu, tepak kendang kudu halon. Nu lalajona atawa nu ngadengekeunana oge ulah bari caliweura.

Kitu deui nu nabeuh waditra séjénna. Salila éta lagu dihaleuangkeun teu meunang diigelan, tapi kudu dibandungan.

Rumpaka Kembang Gadung:

Bismilah bubuka lagu
muji sukur ka Hyang Agung
sumembah ka sang karuhun
sumujud ka Batara Agung
neda widi neda amit ka Gusti Nu Maha Suci
mugi diaping dijaring
neda pangraksa pangriksa
sareng ka para karuhun
nyanggakeun ieu pangbakti duh Gusti
ulah bade hiri dengki
duh alah... kembang gadung nu kahatur
nyanggakeun ieu pangbakti
pangbakti ti seuweu-siwi. ***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler