Kabayan Ngalanglang Jaman (26):  Katunggara Raja Oidipus, Katunggara Sakumna Rahayat

- 4 Juni 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA/

 

MIREUNGEUH kitu, Pandita Zeus ngarasa watireun, tuluy baé sumujud dina suku Oidipus nu keur tungkul teu wani nénjo ka rahayatna nu harita keur marendeko hareupeun manéhna nganti-nganti jawaban.

"Gusti Prabu...," ceuk Pandita Zeus bari angger sumujud, "lamun salira cicing baé, alamat bakal sirna ieu nagri téh..."

Najan omongan Pandita Zeus téh semu ngagerentes, tapi kadéngéna ku Oidipus mah lir sora gelap dina mangsa tengah poé éréng-éréngan.

Luk Oidipus tungkul saeutik, melong seukeut ka Pandita Zeus anu keur sumujud deukeuteun sukuna.  

"Mamang," pokna tandes. "Na dikira Mamang, kaula teu nyaho kana tunggara nu keur kaalaman ku rahayat Thebes? Na dikira Mamang, kaula teu milu ngarasakeun kasedih rahayat Thebes?"

Baca Juga: Panganteur: Carita Nyambung (Carnyam) “Kabayan Ngalanglang Jaman”

Ngadéngé jawaban kitu ti rajana, teu wudu Pandita Zeus ngagebeg liwat saking. Beungeutna tanggah saeutik, katénjo pias naker. Teup kana paneuteup rajana, teu lila ngeluk deui tungkul mani ajrih.

"Ampun paralun, Gusti Prabu, teu pisan-pisan kami boga anggapan kitu, Nun..."

"Geus, Mamang, kaula ngarti kana omongan andika," ceuk Oidipus, leungeunna nyéngkatkeun awak Pandita Zeus sina cengkat.

"Tapi andika gé kudu ngarti kana kaayaan kaula nu sakieu teu walakayana,” omong Oidipus satuluyna. “Mun kudu diomongkeun mah teu hadé, Mamang, tapi kaula kudu balaka ka Mamang Pandita jeung rahayat saréréa…”

Reg, Oidipus ngarandeg heula.

Ngarénghap sakedapan.

“Saenyana, mun dibandingkeun jeung kasedih sakumna rahayat Thebes, kaula leuwih sedih deui, Mamang. Mun dibandingkeun jeung katunggara sakumna rahayat, kaula leuwih-leuwih ti tunggara. Ieu katunggara téh lain saukur keur sadirieun pribadi wungkul, tapi keur sakumna pangeusi nagri. Kaula geus mangpoé-poé labuh cimata nyeungceurikan nasib ieu nagri, kaula geus mangpoé-poé mikiran kumaha carana supaya bisa nyalametkeun ieu nagri, tapi weléh, Mamang... weléh teu manggih kumaha carana..."

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (25): Sasalad di Nagri Thebes  

Semet dinya, Oidipus ngarénghap deui jero naker, miceun bangbaluh nu salila ieu ngagorogotan jiwana.

Ngadéngé rajana nyarita kitu bari rumahuh, Pandita Zeus jeung jalma-jalma nu araya di dinya teu kecét-kecét. Kabéh-kabéh padajempé. Ngareluk taya nu nyoara.

"Saenyana mah, Mamang Pandita, kaula lain teu usaha," omong Oidipus deui sanggeus sajongjongan ngahuleng. "Kaula geus boga pamadegan, nu mimiti kudu disorang pikeun ngungkulan ieu masalah téh taya deui, nyaéta urang kudu nyaho ku naon pangna déwa-déwa kacida murkana ka urang."

"Sumun, bener kitu pisan, Nun. Ku kituna, Gusti Prabu kudu geuwat-geuwat tumanya ka déwa, naon kasalahan ieu nagri téh bet tepi ka disupata kudu nandangan tunggara anu rohaka," ceuk Pandita Zeus.

"Éta gé geus disorang, Mamang. Kaula keur ngutus rakana Prameswari Iokasta ka Orakel di Delfi, pikeun ménta bantuan Déwa Apolo," témbal Oidipus.

 Baca Juga: Sacara Daring Polres Majalengka Ngaluuhan Dialog Penguatan Internal Polri

"Rakana Prameswari Iokasta? Maksud Gusti Prabu téh, Kreon?"

"Enya, Kreon, anu sasatna lanceuk kaula kénéh," témbal Oidipus. Manéhna éstu teu nyangka saeutik ogé, yén Kreon téh saenyana mah uwana pisan.

 Enya atuh, lamun Kreon lanceukna Iokasta, tangtu kasebutna téh uwa pikeun manéhna mah.  

"Nya sukur ari kitu mah, Nun. Ti iraha miangna ka Orakel téh? Geus lila?"

"Ti opat poé ka tukang."

"Opat poé ka tukang?" Pandita Zeus kerung. "Mun enya miangna opat poé ka tukang, kuduna mah ayeuna téh geus aya deui di dieu, Nun..."

"Nyéta, Mamang, kaula gé héran dibarung ku rasa hariwang, puguh. Da enya atuh kuduna mah geus di dieu ayeuna téh. Mun seug Kreon geus aya di dieu mah, meureun kaula bisa nyaho naon anu dipikahayang ku déwa sangkan bisa nyalametkeun ieu nagri. Ku kituna, sakur kahayang déwa anu ditepikeun ka Kreon, ku kaula moal rék diantep diapilainkeun, rék dilaksanakeun kalawan enya-enya. Kaula sumpah, demi Hyang Batara nu ngawasa alam dunya, mun seug kaula teu ngalaksanakeun sakur kahayang déwa, kaula wani nandangan tunggara salila-lilana!"

Gebeg, kabéh nu araya di dinya ngagarebeg, kaasup Pandita Zeus. Bet ku lalawora Oidipus ngedalkeun sumpah kawas kitu!

**

Baca Juga: Nu Milu Uji Kompetensi Wartawan Angkatan 62-63 di Karawang, 88% Hasilna Nyugemakeun   

SABOT rahayat papelong-pelong di antara baturna, torojol téh Kreon mani ngagidig muru ka hareupeun Oidipus.

"Bagea, Kakang," ceuk Oidipus, paromanna bungah kacida.

Pandita Zeus jeung sakumna rahayat Kota Thebes nu ngariung di dinya gé, teu bisa nyumputkeun kabungahna. Kabéh-kabéh padamiharep, ku datangna Kreon ti Delfi téh, sugan baé mawa béja nu pikabungaheun, sugan baé aya jalan pikeun nyalametkeun Kota Thebes tina bahaya nu salila ieu ngadodoho.

"Rayi Prabu," ceuk Kreon bari cong sumembah.

"Pok geura wakcakeun, Kakang," ceuk Oidipus teu sabareun, "aya béja naon ti Delfi? Béja pihadéeun atawa pigoréngeun pikeun sakumna ieu pangeusi nagri?"

"Pihadéeun jeung pigoréngeun mah, kumaha urangna, Rayi. Éta béja bisa disebut hadé, lamun urang bisa milampah naon-naon nu ku déwa diparéntahkeun. Atuh mun teu nurut kana paréntah déwa, alamat urang bisa cilaka, Rayi."

Baca Juga: Hari Jadi Kabupaten Majalengka Dumasar Mitos jeung ukur Dilelebah

"Ulah bulat-beulit nyarita téh, Kakang!" Oidipus nahan kakeuheul. "Ulah nambah-nambah kapanasaran kaula. Pok geura wakcakeun, naon paréntah déwa téh?"

"Ampun paralun, Rayi Prabu... lain Kakang rék nambah-nambah kapanasaran Rayi, tapi..."

"Geura pok, Kakang, méméh kasabaran kaula béak mantén!" omong Oidipus teugeug. Katénjo dadana rénghap-ranjug, tandaning amarahna keur ngagedur.

Sakur nu araya di dinya ngaharéphép teu warani nyoara.

Kreon anu sasatna lanceuk Iokasta, dikitukeun ku salaki adina téh ukur bisa neureuy ciduh. Mimitina mah asa reuwas, tara-tara ti sasari salaki adina ngomong teugeug ka manéhna.

Tapi untung baé manéhna boga pikir rangkepan, meureun matak kitu gé salaki adina téh hariwang ku sieun teu bisa nyalametkeun nagri jeung pangeusina. Da dihenteu-henteu gé salaki adina téh raja, ari raja kapan kudu bisa mayungan jeung nyalametkeun rahayatna tina bahaya nu ngancam kasalamétan nagrina.*** (Lajengkeuneun)

Baca Juga: Head Line Galura Cetak I Juni 2023, Kabupaten Ciamis Jadi Kabupaten Galuh Ulah Ngikis Jati Diri Tatar Ciamis

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x