SANGKURIANG jeung Profésor Kabayan melong seukeut ka Oidipus, ngarep-ngarep caritaan satuluyna.
Tapi, Oidipus kalah anteng ngumbar lamunanana.
"Dina hiji mangsa, kumaha tah...?" ceuk Sangkuriang, ngarasa panasaraneun.
"Waktu kaula dirempug ku rombongan ti Karaton Thebes di pasampangan jalan satapak anu muru ka Daulis téa, sanggeusna maténi Raja Laius jeung badéga-badégana téh, aya saurang anu mabur, nyaéta pangawalna…”
“Tuluy?” Profésor Kabayan jeung Sangkuriang méh bareng, lantaran Oidipus nyaritana ngarandeg heula.
“Mimitina mah manéhna teu wanieun ngungkabkeun kajadian anu saenyana ka rahayat Kota Thebes téh.
“Teu wanieun? Teu wanieun kumaha?” Profésor Kabayan panasaraneun.
“Kétah lain teu wanieun, tapi ngarasa éra, wirang...”
“Haaar… Wirang téh wirang kumaha?” Profésor Kabayan mingkin panasaraneun baé, tur ngarasa hémeng deuih ku éta pangawal anu didongéngkeun téa ku Oidipus.