"Geura pok, Kakang, méméh kasabaran kaula béak mantén!" omong Oidipus teugeug. Katénjo dadana rénghap-ranjug, tandaning amarahna keur ngagedur.
Sakur nu araya di dinya ngaharéphép teu warani nyoara.
Kreon anu sasatna lanceuk Iokasta, dikitukeun ku salaki adina téh ukur bisa neureuy ciduh. Mimitina mah asa reuwas, tara-tara ti sasari salaki adina ngomong teugeug ka manéhna.
Tapi untung baé manéhna boga pikir rangkepan, meureun matak kitu gé salaki adina téh hariwang ku sieun teu bisa nyalametkeun nagri jeung pangeusina. Da dihenteu-henteu gé salaki adina téh raja, ari raja kapan kudu bisa mayungan jeung nyalametkeun rahayatna tina bahaya nu ngancam kasalamétan nagrina.*** (Lajengkeuneun)