Kabayan Ngalanglang Jaman (26):  Katunggara Raja Oidipus, Katunggara Sakumna Rahayat

- 4 Juni 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA/

"Tapi andika gé kudu ngarti kana kaayaan kaula nu sakieu teu walakayana,” omong Oidipus satuluyna. “Mun kudu diomongkeun mah teu hadé, Mamang, tapi kaula kudu balaka ka Mamang Pandita jeung rahayat saréréa…”

Reg, Oidipus ngarandeg heula.

Ngarénghap sakedapan.

“Saenyana, mun dibandingkeun jeung kasedih sakumna rahayat Thebes, kaula leuwih sedih deui, Mamang. Mun dibandingkeun jeung katunggara sakumna rahayat, kaula leuwih-leuwih ti tunggara. Ieu katunggara téh lain saukur keur sadirieun pribadi wungkul, tapi keur sakumna pangeusi nagri. Kaula geus mangpoé-poé labuh cimata nyeungceurikan nasib ieu nagri, kaula geus mangpoé-poé mikiran kumaha carana supaya bisa nyalametkeun ieu nagri, tapi weléh, Mamang... weléh teu manggih kumaha carana..."

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (25): Sasalad di Nagri Thebes  

Semet dinya, Oidipus ngarénghap deui jero naker, miceun bangbaluh nu salila ieu ngagorogotan jiwana.

Ngadéngé rajana nyarita kitu bari rumahuh, Pandita Zeus jeung jalma-jalma nu araya di dinya teu kecét-kecét. Kabéh-kabéh padajempé. Ngareluk taya nu nyoara.

"Saenyana mah, Mamang Pandita, kaula lain teu usaha," omong Oidipus deui sanggeus sajongjongan ngahuleng. "Kaula geus boga pamadegan, nu mimiti kudu disorang pikeun ngungkulan ieu masalah téh taya deui, nyaéta urang kudu nyaho ku naon pangna déwa-déwa kacida murkana ka urang."

"Sumun, bener kitu pisan, Nun. Ku kituna, Gusti Prabu kudu geuwat-geuwat tumanya ka déwa, naon kasalahan ieu nagri téh bet tepi ka disupata kudu nandangan tunggara anu rohaka," ceuk Pandita Zeus.

"Éta gé geus disorang, Mamang. Kaula keur ngutus rakana Prameswari Iokasta ka Orakel di Delfi, pikeun ménta bantuan Déwa Apolo," témbal Oidipus.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x