Kabayan Ngalanglang Jaman (25): Sasalad di Nagri Thebes

3 Juni 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA/

 

 

OIDIPUS mikir heula sakedapan.  

"Ké heula... Semet mana bieu téh?"

"Semet... semet... Ki Sangkuriang ngarasa teu yakin yén Dayang Sumbi téh indung tegesna...," témbal Profésor Kabayan.

"Hus! Naha bet los-los ka kaula?" Sangkuriang molotot. "Apan nu jadi jejer carita téh ngeunaan pangalaman ieu yeuh, ngeunaan pangalamanana Ki Dulur Oidipus."

"Aéh, heueuh, naha bet limpeuran kieu ieu téh, kalah bet pabaliut geuning. Tah, mun kitu mah..., mun teu salah... tadi téh Ki Oidipus ngadadarkeun masalah tukang ramal lolong anu teu weléh miceun beungeut mun sakalina padeukeut jeung Ki Oidipus..."

Baca Juga: Kapolres Majalengka Masrahkeun Pangajen ka Anggota Polri nu Mibanda Prestas

Baca Juga: Panganteur: Carita Nyambung (Carnyam) “Kabayan Ngalanglang Jaman”

"Tah, enya, semet dinya....," Oidipus uggut-uggutan. "Ayeuna urang tuluykeun..."

"Enya, sok atuh. Ramé ogé geuning nanggap lalakon andika téh ari ti jinisna langsung mah," omong Profésor Kabayan.

Ngadéngé omongan kitu ti Profesor Kabayan, Sangkuriang ngagebés.

"Hus, ari taeun téh! Andika mah kalah hayoh ngarasa senang batur keuna cocoba téh!" kituna téh bari ngadelék ka Profésor Kabayan.

"Heuheuy, ulah salah harti, Ki Dulur. Justru kami mah ngarasa milu prihatin ku kajadian anu tumiba ka ieu dulur urang."

"Tadi geuning nyebut ramé?!"

Baca Juga: Nu Milu Uji Kompetensi Wartawan Angkatan 62-63 di Karawang, 88% Hasilna Nyugemakeun  

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (24): Nu Kagunturan Madu Karagragan Menyan Bodas

"Euweuh hubunganana antara ramé jeung rasa prihatin mah, Ki Dulur. Mun disambung-sambungkeun gé da moal nyambung atuh. Ramé nya ramé, prihatin nya prihatin. Sah deui. Béda jejer!"

"Éééh, kalah pacéntal-céntal, geuning. Tuluykeun moal, ieu téh?" ceuk Oidipus, nyureng.

Dikitukeun ku Oidipus, Profésor Kabayan ukur silipelong jeung Sangkuriang.

Teu lila pok baé Profésor Kabayan nyelengkeung, "Hih, bet ku teuteuari mun teu dituluykeun mah. Sok, ah, tuluykeun wé atuh, Lur!"

"Enya, kalah loba tatanya andika mah. Geuwat ah geura tuluykeun, panasaran hayang geura-geura nyaho tuluyna," Sangkuriang ngéngklokan.

"Nu matak, ulah pacéntal-céntal omong baé atuh!" ceuk Oidipus bari nyentak. Teu lila narik napas jero pisan, ngawahan rék nuluykeun ngaguar lalakon hirupna.

**

Baca Juga: Sabada Calon Sejenna Walkout, Dena sacara Aklamasi Dipilih Jadi Ketua Kadin Kabupaten Majalengka

KACATURKEUN, dina maréntah Nagri Thebes téh Oidipus kawilang wijaksanana. Manéhna kacida dipikacintana ku rahayat Thebes, dianggap pahlawan anu nyalametkeun hirupna tina pangganggu monster Sphinks.

Salila mangtaun-taun kituna téh.

Enya, salila mangtaun-taun!

Salila mangtaun-taun ogé manéhna ngarasa hirupna teu manggih kakuciwa jeung katunggara. Ku kituna Oidipus yakin, déwa di kayangan ngarasa sugema ku pamaréntahanana. Ku lantaran ngarasa sugema téa, ceuk pikirna, déwa geus mopohokeun kana takdir nu kudu ditibankeun ka Oidipus.

Tapi, takdir mah apan rusiah nu Mahawenang. Saha waé gé --rék cacah rék ménak, rék rayat rék raja-- teu bisa ngarampa takdirna sorangan. Teu bisa noong kajadian nu baris tumiba ka diri.  

Kitu deui jeung takdirna Oidipus!

Baca Juga: Head Line Galura Cetak I Juni 2023, Kabupaten Ciamis Jadi Kabupaten Galuh Ulah Ngikis Jati Diri Tatar Ciamis

Paradéwa di Olimpus samasapisan can pohoeun, yén terah Labdakus kudu meunang hukuman. Mun seug éta hukuman elat jolna, lain pédah kajahatan Labdakus téh geus dihampura, lain! Ngahaja paradéwa ngaelat-elat hukuman, sangkan tibeubeutna Oidipus téh leuwih karasa tigejrét naker, leuwih karasa parna.

Enya atuh, mangsa Oidipus meunang kabagjaan, meunang kabungah nu liwat saking, dipicinta ku rahayat, medah-meduh ku harta, kakara di dinya Oidipus rék digejrétkeun. Rék diragragkeun ka jurang nu sakitu jungkrangna, ambéh karasaeun yén hukuman déwa téh tong disapirakeun, tong dianggap réméh. Ambéh jadi eunteung pikeun sakumna nu kumelendang di alam dunya, yén kakawasaan déwa téh leuwih rohaka batan kakawasaan manusa.

Oidipus mémang teu eungeuheun, yén takdirna jaga bakal kitu pisan.     

**

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (23): Tarucing Sphinks 

TEPI ka hiji mangsa, musibat rongkah tumiba ka Nagri Thebes. Tatangkalan gararing ku usum halodo nu kacida lilana. Tanah ngolétrak teu kacaian sakeclak-keclak acan. Sasatoan paraéh ku panyakit. Orok-orok nu keur dikakandung ku calon indung, duka ku naon bet gugur di jero kandungan.

Teu cukup ku  kitu, rahayat nagri gé loba nu tiwas balukar sasalad anu teu dipikanyaho naon ngaranna. Ngan, hawa karasa ngahéab aya racunan.

Kahirupan di Nagri Thebes éstu jadi kateug.

"Gusti Prabu Oidipus raja kami saréréa, geuwat geura ungkulan ieu nagri, ku naon ieu nagri bet jadi kieu...," ceuk Pandita Zeus, basa mangadep ka Oidipus diiringkeun ku rahayat nu masih kénéh jagjag belejag.

"Justru kaula gé teu bisa kukumaha, Mamang Pandita. Kaula gé mungguhing héran, ku naon ieu nagri bet kudu nandangan musibat anu kacida rongkahna," omong Oidipus teu bisa kukumaha.

"Tapi sugan Gusti Prabu boga jalan kaluarna tina ieu masalah. Kami percaya kana kakuatan salira pikeun nyalametkeun kami saréréa, pangeusi ieu Nagri Thebes. Ti heula gé, apan salira pisan anu nyalametkeun kami tina panyangking ancaman Sphinks téh, piraku ayeuna salira rék cicing baé?!"

Baca Juga: Sajak Rosyid E Abby: Nu Syuhada di Palagan Karbala

"Mamang Pandita, masing inget, ieu mah geus di luar kakawasaan kaula. Kaula yakin, ieu téh takdir ti paradéwa nu aya di kayangan."

"Lamun salira ngarasa yakin ieu téh takdir ti paradéwa di kayangan, naha atuh salira bet cicing baé?" omong Pandita Zeus rada nyeuneu.

"Enya, tapi kaula kudu kumaha atuh?" ceuk Oidipus béakeun jawabeun.

"Gunakeun kakuatan kakawasaan salira pikeun ménta bantuan ka paradéwa, da kapan salira mah sakti mana bisa ngéléhkeun jeung ngancurkeun Sphinks gé. Ku cara kitu, sugan baé paradéwa masih kénéh nyaaheun kana nyawa kami saréréa."

"Kaula teu yakin bakal bisa ngolo-ngolo paradéwa, Mamang Pandita," témbal Oidipus semu ngagerentes.

Leng, sajongjongan mah Oidipus ngahuleng ngaragameneng.*** (Lajengkeuneun)

Baca Juga: Muskab Vl Kadin Kabupaten Majalengka, Wabup: Pemda Ngarojong Anggota Kadin sangkan Motekar

 

 

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler