Dr.Hj. Dini Riani, SE., M.M. Koperasi, Program Hybrid jeung RPL

- 5 Maret 2024, 17:00 WIB
Dr.Hj. Dini Riani, SE., M.M sapiri umpi.*
Dr.Hj. Dini Riani, SE., M.M sapiri umpi.* /Cecep KS/galura.co.id

 

 

GALURA.CO.ID -Dibenum jadi Ketua KSPP Syariah Pasundan Utama teh geus aya salapan taunna. Munasabah, mun urusan koperasi mah, keur Dr.Hj. Dini Riani, SE., MM., geus kawilang ngolotokna teh. Atuh, saban waktu, pikiran jeung ide kreatifna, ngacacang, malar ieu koperasi nu kiwari jumlah anggotana geus ngahontal 1038 urang teh, aya kamajuan.

Keur ngaronjatkeun kasejahteraan anggota, ceuk ieu lulusan S1 Fak Ekonomi & Bisnis Unpas (1995-1999) jeung S2 Magister Manajemen Unpas (2006-2008), tarekah nu dipajuna teh teu jauh tina ngabaladah sawatara prodak usaha, kayaning, tabungan umum anggota Pasundan, tabungan Wisata Halal (Rihlah),  tabungan siswa jeung tabungan mahasiswa, tabungan pendidikan jeung simpanan hari tua (SHT), kaasup tabungan qurban. Tabungan qurban mah, diancokeun keur para anggota nu aya niatan rek ngalaksanakeun ibadah qurban jeung aqiqah.

Ngawangkong  sarengsena RAT Koperasi KSPP Syariah Pasundan, di Aula Mandalasaba dr. Djoenjoenan, LT V, Gedong Paguyuban Pasundan, Jl. Sumatra 41, Kota Bandung,  ieu Doktor Ilmu Manajeman lulusan S3 Unpas (2011-2018) teh, netelakeun, SHU KSPP Syariah Pasundan keur taun buku 2023-2024 ayeuna ngahontal Rp 1. 379.360. 602,29.

Baca Juga: Optimalkeun Sarana di Sakola, Pj Bupati Kuningan Apresiasi Disdik Jabar

“Ngaronjat  16 % dibandingkeun taun buku 2022-2023 nu ageungna  Rp 1. 189. 654.44,” pokna.  Sisa Hasil Usaha (SHU) nu dibagikeun ka anggota, gedena Rp.806.088.283,71. Atuh, keur udagan atawa target SHU taun buku 2024, nurutkeun Dini, Rp 1.584.684.954,14, biayana Rp 12.000.000.000. “Mugia we, koperasi teh kapayunna pinarengan rohmat ti nu Maha Kawasa, langkung majeng,” pokna.

Hj Dini teh putra cikal ti dua sadulur kulawarga Ketua Umum Paguyuban Pasundan, Prof. Dr. HM. Didi Turmudzi, M.Si jeung Ibuna, Hj. Ida Riana. Dini, ngadahup ka Kolonel Kes Heru Wisnu Manunggal, M. Kes, spesialis anestesi nu sapopoena mancen gawe di Diskes AU Mabes TNI, Cilangkap, Jakarta.

Tina hasil rumah tanggana, kasinugrahan tilu budak, Daffa Andika Wishnu Ramadhan (21) nu kiwari keur ngarengsekeun kuliahna di fakultas Kedokteran, Unpas, Bandung;  Devina Safa Aljena (13) jeung Danis Rajahran (10), duanana kacatet murid SMP Salman Al Farisi, Kota Bandung.

Cumarita ngeunaan koperasi, teu leupas tina bangbaluh, diantarana, masarakat tepika kiwari masih leuwih percaya kana kinerja bank konvensional. “Padahal, pami bade nabung mah langkung sae di koperasi, aya SHU, pan di bank konvensional mah teu aya,” pokna.

Baca Juga: SMA Pasundan 7 Kota Bandung jeung SMA Pasundan 3 Kota Cimahi, Sakola Unggulan jeung Nyiptakeun Atlit Petingan

Sanajan kitu, nyambungkeun obrolanna, Dini katut pangurus jeung karyawan di KSPP Syariah Pasundan, teu ieuh leutik hate, laju  nikreuh ngabeukahan program usahana, malahmandar eta saniskara program usaha nu ditawarkeunana bisa jadi andelan kamajuan koperasi jeung andelan hirup keur kulawarga anggota.

“Diantawisna, program Simpanan Hari Tua (SHT), diancokeun kanggo simpanan para anggota bekeleun jaga dina waktos purna tugas,” pokna.

Nilik kana prestasina, Dini nu salila ieu kaselir Wakil Dekan II FKIP Unpas, Jumat (15/12/2023) nu kalarung dijungjung lungguh jadi Dekan FKIP Unpas periode 2023-2028, ngaganti  Dr.H. Uus Toharudin, M. Pd. Mancen kalungguhan Dekan, tangtu disanghareupkeun kana tantangan nu rageman.

Eta diaku ku Dini, mitembeyan pancen gawena, ieu dosen pendidikan ekonomi teh prioritasna leuwih ngagederkeun promosi kampus ka sawatara daerah, natawarkeun program Hybrid.

“Hybrid teh, kuliah jarak jauh ku cara online, solusi kanggo para siswa lulusan SMA/SMK sareng MA nu hoyong neraskeun kuliah tapi kawatesan kamampuan ekonomina,” pokna.

Baca Juga: SMA Pasundan 7 Kota Bandung jeung SMA Pasundan 3 Kota Cimahi Nyiptakeun Sakola Unggulan jeung Atlit

Eta program studi Hybrid teh, nurutkeun Dini, kakara taun akademik 2023/2024 diayakeunna di lingkungan FKIP Unpas. Jadi, cenah, ku ayana program Hybrid, nulung para siswa ulah tepika kateug teu bisa nuluykeun sakola ka paguron luhur alatan kawatesan ekonomi.

“Program Hybrid, diutamikeun pisan kanggo calon mahasiswa nu dumuk di sajumlah daerah nu mencil di wilayah Jabar  sabudeureunna,” pokna.

Disagigireun program Hybrid, FKIP Unpas, muka oge program studi Rekognisi Pembelajaran Lampau (RPL). RPL teh, ceuk Dini, udaganna keur para mahasiswa nu kateug kuliahna, atawa kakara sawatara semester kaburu eureun, eta kuliahna bisa dituluykeun.

“Kanggo para karyawan atawa mahasiswa nu tos damel teu acan rengse S1, tiasa diteraskeun dina program RPL,” pokna.

Keur taun akademik 2024-2025, FKIP Unpas Bandung, baris narima mahasiswa anyar nu jumlahna, 650 urang. 

“Kaleresan, di FKIP aya genep Prodi, ngawengku, Prodi Pendidikan Pancasila & Kewarganegaraan (PPKn) nu status akreditasina A, Prodi Pendidikan Ekonomi nu status Akreditasina A, Prodi Pendidikan Bahasa & Sastra Indonesia nu status Akreditasina Unggul, Prodi Pendidikan Biologi nu status Akreditasina Unggul, Prodi Pendidikan Matematika nu status Akreditasina B jeung Prodi Pendidikan Guru Sekolah Dasar (PGSD) nu status Akreditasina Unggul,” pokna.

Hirup nataharkeun diri dina profesi dosen, payus keur Dini mah. Jadi guru, jadi dosen, ieu mantan Sekretaris Jurusan Program Studi Pendidikan Ekonomi teh, lian ti cita-citana dirina,  oge dina dirina ngamalir teureuh guru ti nu jadi ramana, HM. Didi Turmudzi, nu kaselir Guru Besar jeung mantan Rektor Unpas Bandung.

Atuh, mun nyarita soal dunya pendidikan, ceuk ieu dosen Management Sumber Daya Manusia teh, cenah, dina pangwangunan bangsa jeung nagara, dunya pendidikan tepika kiwari masih jadi aspek kritis.

”Sanaos tos seueur kamajuan, nengetan dunya pendidikan mah ti ngawitan tingkat dasar dugika paguron luhur, aya keneh sajumlah masalah nu saenggalna kedah diungkulan,” pokna.

Masalah eta, ceuk Dini, nyoko kana masih kawatesanan akses pendidikan jeung  ganjorna lembaga pendidikan di puseur dayeuh jeung di padesaan, kurangna fasilitas lembaga pendidikan, sawatara penduduk nu kawatesanan kahirupan ekonomina nu balukarna teu saeutik barudakna di sajumlah daerah teu bisa nuluykeun sakola atawa teu bisa nuluykeun kuliah, kurikulum pendidikan nu kurang adumanis jeung lapangan gawe, tepika kualitas guru.

Teu saeutik deuih, utamana di padesaan, guru jeung murid nu masih can melek kana teknologi.  Tah, cek Dini, nyeueung kadinya, FKIP Unpas Bandung dina upayana ngabantu program pamarentah,  milu aub nyiptakeun SDM mahasiswa unggulan, hususna dina widang pendidikan.

Salasahijina, nya ngaliwatan program Hybrid jeung RPL. “Mudah-mudahan, inovasi sareng karya kreatif civitas akademika FKIP Unpas Bandung, malar tiasa nyiptakeun mahasiswa, calon guru nu profesional nu dieuyeuban ku wawasan agama Islam sareng kasundaan,” pokna.

Lian ti jadi guru, lulusan FKIP Unpas, dipiharep ku Dini, bisa ancrub di widang pendidikan nu sejenna, jadi Instruktur Pelatihan Kejuruan di SMK atawa lembaga pendidikan sejenna,  ancrub jadi Relawan Pendidikan dina program SM3T (Sarjana mengajar di  daerah Terluar, Tertinggal dan  Terdepan).

“Alhamdulillah, tos seueur lulusan FKIP Unpas nu lebet kana program SM3T, ngabaktikeun dirina ngawulang masarakat di daerah terluar nu mencil,” pokna.

Teu saeutik deuih, lulusan FKIP Unpas nu ancrub jadi Konselor Pendidikan jeung pancen gawe dina program nu sejenna.   

Salaku Dekan FKIP Unpas, nu keur ditaratas kiwari ku Dini, muka prodi S2 nu anyar tingkat magister,nyaeta Prodi Magister Pendidikan Guru Sekolah Dasar jeung Prodi Pendidikan Magister Guru Biologi.

 “Ngan, nu saenggalna baris dibuka mah dina taun ayeuna, kanggo Magister Biologi, margi persiapanna tos 80 %, “ pokna.*** Cecep Ks

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x