Revitalisasi Harti Peribahasa Sunda, jeung Conto Ngagunakeunana dina Kalimat

- 17 Maret 2023, 09:00 WIB
Sasajen dina Tarawangsa di Rancakalong Sumedang. Dina sastra Sunda oge dipiwanoh peribahasa Sunda nu mindeng diucapkeun dina ritual adat.
Sasajen dina Tarawangsa di Rancakalong Sumedang. Dina sastra Sunda oge dipiwanoh peribahasa Sunda nu mindeng diucapkeun dina ritual adat. /Nanang S/Galura

8.Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed: dilarapkeun ka jalma nu geus kolot, tapi paripolahna, kalakuanana, gayana, kawas budak ngora; Aki manéh mah ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed. Pakéanana kawas budak ngora waé, dijéans belél, kaos oblong, ditopi, disapatu két, malah dikongkorong.
Angen-angen, 1. kahayang, 2. cita-cita.
Pecat, 1. lésot bari ngabetrik, 2. ngaluarkeun, 3. ngudar.
Pecat sawed, wanci atawa waktu kira-kira jam 11 beurang. Kira-kira jam 11, munding eureun ngawulukuna, paranti mageuhanana (sawed) diudar.
Sawed, paranti mageuhan dua munding nu dipasangkeun (diréndéngkeun), diterapkeunana kana beuheung munding. Ti dinya munding téh dipaké ngawuluku sawah.
Tunggang (basa lemes), tumpak (basa sedeng), diuk di tempat anu luhur, dina mobil, kuda, kapal udara, jeung sajabana.

9.Asa aing uyah kidul: ngarasa dirina jadi pangpunjulna, pangunggulna, upamana dina kapinteran, kabeungharan, kaparigelan, jeung sajabana; Pédah peunteun matématikana salapan waé, si éta katempona asa aing uyah kidul
Asa (robahan tina kecap rasa), pangalaman atawa hal nu kanyahoan ku panca indra, haté, awak, atawa batin.
Uyah kidul, uyah nu meunang ngolah di basisir kidul, baheula kakoncara pangalusna, ngeplak bodas, beresih jeung hargana leuwih mahal.

10.Asa ditonjok congcot: meunang kabungah, kagumbiraan, rijki nu teu disangka-sangka; Mani asa ditonjok congcot meunang hadiah téh, keur butuh duit.
Congcot, bagéan beulah luhur tumpeng atawa sangu nu karék ditamplokeun tina aseupan.
Tonjok, nonjok, neunggeul bari maké peureup, ditonjok, diteunggeul maké peureup.***

 

 

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x