Gunung Cakrabuana Malangbong Kabupaten Garut Tempat Para Jawara Guru Walangsungsang

- 5 Februari 2024, 17:18 WIB
Gunung Cakrabuana Malangbong Kabupaten Garut, tempat para jawara guru Walangsungsang.
Gunung Cakrabuana Malangbong Kabupaten Garut, tempat para jawara guru Walangsungsang. /

GALURA.CO.ID -Loba nu  ngajugjug Cakrabuana, ku sabab di dinya bacacar patilasan jeung makam  tokoh sajarah. Salasahijina aya makam tokoh anu katelahna Si Jago, sabab cenah ieu téh guruna Walangsungsang

Lamun anu rék unggah ka Gunung Cakrabuana jalanna ka Lemahputih, Kabupaten Majalengka.  Ti dinya ogé geus kapanggih aya sawatara patilasan jeung makam karamat. Baheula di Lemahputih hirup hiji jawara anu kawilang sakti, katelahna gé Si Jago. Sawaktu Walangsungsang rék unggah ka Gunung Cakrabuana, tepung heula jeung Si Jago.

Walangsungsang ka Si Jago  diajar kanuragan. Walangsungsang nyumpang ka Lemahputih dina lalampahan ti Pakuan Pajajaran ka Cirebon. Walangsungsang lunta ti Pakuan Pajajaran teh bareng jeung adi-adina: Larasantang, jeung Raja Sagara. Tiluanana seuweu Sri Baduga Maharaja ti Subanglarang.

Baca Juga: Patilasan di Cibangban Desa Bunter Kabupaten Ciamis Aya Patalina jeung Prabu Niskala Wastukancana

Subanglarang teh seuweu di Ki Gedeng Tapa, ari Ki Gedeng Tapa taya lian ti seuweuna Prabu Niskala Wastu Kancana. Sri Baduga ka Ki Gedeng Tapa teh pernah mamang atawa paman. Bapana Sri Baduga teh lanceukna Ki Gedeng Tapa. Dina sababaraha legenda, Sri Baduga meunangkeun Subanglarang the hasil unggul dina saembara.

Sabenerna ceuk urang Lemahputih, datangna ti Dayeuh Pakuan Pajajaran, Walangsungsang teu utag-ato teuing tuna kabisa, sabab cenah da ti Pakuanna ogé geus dibekelan élmu panemu jampé pamaké. Ngan baé mungguhing putra raja anu teu weléh halabhab ku élmu, Walangsungsang salian ti nyuprih élmu agama téh ogé nyuprih élmu rupa-rupa kadugalan.

Di antarana Walangsungsang guguru ka Si Jago. Ari anu disebut di antarana téh, sabab Si Jago lain hiji-hijina guru kanuragan, tapi loba pisan. Sasat para jawara anu aya di éta tempat, papahayang méré atikan atawa nurunkeun élmu ka Walangsungsang, sabab ieu mangrupa hiji kareueus bisa ngalatih anak raja.

“Ti kawit Lemahputih, teras unggah ka Cakrabuana, bacacar pisan makam sareng patilasan anu aya patilana sareng Walangsungsang jeung Prabu Siliwangi,” ceuk Juhéri. Walangsungsang lumayan lila bubuara di wewengkon Cakrabuana téh. Di ponclot Cakrabuana, tina anu tadina sakadar ukur rék latihan kanuragan, jadi bumetah bumén-bumén.

Baca Juga: Karajaan Galuh Lolobana Disabit  dina Dongeng jeung Babad

Malah nya ti harita Walangsungsang nampa jujuluk Pangéran Cakrabuana ogé. Inyana kungsi nurihan batu ngagambar wangun cakra. Perenahna di ponclot gunung pisan. Éta téh cenah mangrupa arah nuduhkeun ka opat mazhab. Ku ayana batu cakra, ieu gunung gé nelahna téh Gunung Cakrabuana, padahal saméméhna mah disebut Gunung Cangak.

Di Gunung Cakrabuana, Walangsungsang atawa Pangéran Cakrabuana henteu sorangan, tapi loba para tokoh séjénna deui. Boh anu sajaman boh saluhureun boh sahandapeun. Ieu kabuktian ku lobana makam jeung patilasan tokoh jaman harita. Tina kituna, Walangsungsang di Gunung Cakrabuana henteu ngaguru ka saurang.

Ieu di handap béréndélan makam atawa patilasan nu aya di Gunung Cakrabuana. Sababaraha di antaran nu meuseuh Walangsungsang nu rupa-rupa paelmuan, boh lahir boh batin. Nu matak datangna ka Cirebon teh geus masagi, kajaba ti ajaran agama Islam, nu memehna ukur diajarkeun ku bibangna, ku Subanglarang.

Sanghyang Pawenang, di Puncak Gunung Cakrabuana; Prabu Wisésa; Sanghyang Wirakancana, di Gunung Kancana Cakrabuana; Batara Cakrabuana, di Gunung Pamoyanan Cakrabuana;  Sanghyang Séla Wenang, di Gunung Sirah Cikaréo Cakrabuana; Batara Malanglarang, di Gunung Sirah Ciboboko Cakrabuana.

Baca Juga: Situs Pasir Pantun di Desa Ciparigi, Kabupaten Ciamis, Pamali Nanggap Wayang

Anu sejenna: Nyi Sri Lémbokhéjo, di Gunung Sirah Cialing Cakrabuana; Sanghyang Munding Darék jeung Sangkana Carana, di Gunung Sirah Cacaban Cakrabuana; Batara Kalanta, di Sirah Cihikeu Gedé Cakrabuana, jeung; Batara Cagak Carambang, nu pernahna di Gunung Sirah Cikabéét Cakrabuana.

Patilasan lianna di mumunggang Gunung Cakrabuana luareun Lemahputih: Puncak Gunung Cakrabuana, patilasan Prabu Cakradéwa asal Panjalu, Ciamis; patilasan Batara Cakrabuana atawa Batara Tuntang Buana alias Prabu Tadjimalela, di Ciputeuy Désa Mekar Asih Sumedang-Malangbong Garut masih di mumunggang Gunung Cakrabuana.

Patilasan Resi Prabu Gajah Agung atawa Bagawan Batara Wirayuda, di Ciputeuy Désa Mekar Asih Sumedang-Malangbong Garut mumunggang Gunung Cakrabuana; patilasan Déwita Kancana (istri Kartanagara), di Ciputeuy Desa Mekar Asih Sumedang-Malangbong Garut di tutugan Gunung Cakrabuana. 

Patilasan Kartanagara (incu Sempak Waja), di Ciputeuy Desa Mekar Asih Sumedang-Malangbong Garut, tutugan Gunung Cakrabuana;  Makam Jaya Sumpena (seuweu Prabu Pucuk Bumi Darmaswara Karajaan Sunda Pakuan 795 - 819 M),  Manukmandi sisi Walungan Cikadawung tutugan Gunung. Cakrabuana.

Makam Jaya Raksa atawa Jaya Prawira;  Makam Suryamanggala (Embah Samangun) katut garwana, Siti Nurbaéni (Embah Bungko);  patilasan Surya Manggala  Prabu Pucuk Bumi Darmaswara Karajaan Sunda Pakuan 795 - 819 M; patilasan Langlangbuana atawa Sapu Jagat atawa Jagat Buana, putrana Prabu Aji Putih Raja Tembong Agung Darmaraja.

Lokasina di Gunung Sukamandi sisi Walungan Cikadawung suku Gunung Cakrabuana. Lamun  ngahaja jaroh ka saban makam jeung patilasan, mungguh cape mun dipapay hiji-hiji. Kitu sababna nu jaroh mah mun ngadoa téh sok dikumkeun wé keur sarerea di hiji patilasan atawa makam. *** Aan MP

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x