Pajajaran Runtag di Tatar Galuh Ngadeg Karajaan Galuh Salawe, Ngarundaykeun Bupati Galuh Ciamis

- 20 Maret 2023, 15:24 WIB
Komplek pamakaman Galuh Salawe tempat dikurebkeunana Sanghyang Cipta Permana Prabu di Galuh.
Komplek pamakaman Galuh Salawe tempat dikurebkeunana Sanghyang Cipta Permana Prabu di Galuh. /Nanang S/Galura

GALURA -Sabada Pajajaran runtag taun 1579, di wilayah Tatar Galuh ngadeg karajaan Galuh Salawe, puseur karajanana di Salawe. Ayeuna mah Salawe asup ka wilayah Kecamatan Cimaragas, Kabupaten Ciamis, teu jauh ti Karangkamulyan.

Raja munggaran Karajaan Galuh Salawe ngaranna Prabu Maharaja Sanghiyang Cipta di Galuh nu ngarundaykeun bupati Galuh jeung bupati Ciamis sabada Tatar Galuh dijajah ku Mataram.

Ceuk sakaol, Galuh Salawe teh panerus Karajaan Galuh Pangauban. Ieu karajaan diadegkeun, kira-kira taun 1530 Masehi, ku Prabu Haur Kuning di Putrapinggan, Kalipucang nu kiwari mah sanggeus Pangandaran misah ti Ciamis jadi bawahan Kabupaten Pangandaran.

Baca Juga: Kabupaten Ciamis Mulang deui ka Kabupaten Galuh, Sejarah Galuh Bagian Awal Leubeut ku Mitos

Prabu Haur Kuning boga seuweu (anak lalaki) tilu: Maharaja Upama, Maharaja Sanghyang Cipta jeung Sareuseupan Agung. Seuweu cikalna, Maharaja Upama, lantaran putra mahkota dipasrahan Karajaan Galuh Pangauban, neruskeun Prabu Haur Kuning.

Maharaja Sanghyang Cipta dipasrahkan daerah kakawasaan di Salawe (Cimaragas) sarta ngadegkeun Galuh Salawe, ari nu bungsu, Sareuseupan Agung jadi raja di wewengkon Cijulang.

Najan akir abad ka-16, pangaruh kakawasaan Mataram geus karasa ka Tatar Galuh, tapi karajaan-karajaan masih karajaan mandiri, tacan jadi baegan pamarentahan Mataram.

Raja-raja masih ngagunakeun gelar Prabu atawa Maharaja. Kituna teh lantaran Mataram tacan nyiksi kudi karajaan-karajaan di Galuh.

Baca Juga: Demi Rayat, Bupati Galuh Dalem Gurinda Ngalawan Kolonial Belanda, Narah Mayar Upeti ka Residen Cirebon

Karajaan Galuh Salawe, sanggeus Sanghiyang Cipta tilar, direcah jadi tilu karajaan: Galuh Gara Tengah, puseur pamarentahanana di Panaekan Gara Tengah, Cineam, Tasikmalaya, rajana Prabu Cipta Permana, seuweu kadua Sanghyang Cipta.

Karajaan sejenna, Kertabumi, puseurna di Bunder, Cijeungjing, rajana Rangga Permana, minantu Sanghiyang Cipta.

Rangga Permana, seuweuna Prabu Geusan Ulun (Sumedanglarang) kawin ka siwi cikal Sanghyang Cipta: Tanduran Ageung atawa Tanduran Gagang. Rangga Permana sanggeus jadi raja mibanda gelar Prabu di Muntur.

Karajaan nu katilu, Kawasen, ayeuna Banjarsari, dirajaan ku seuweu bungsu Sanghyang Cipta: Sanghyang Permana.

Baca Juga: Kabupaten Ciamis Jadi Kabupaten Galuh, Ngarobah Kabijakan Adipati Sastrawinata

Prabu Cipta Permana, ngadahup ka Tanduran Tanjung, putri panguasa Kawali. Ngaran seuweuna: Ujang Ngoko. Waktu ngaganti bapana taun 1618, Gara Tengah geus lain karajaan, tapi kabupaten lantaran geus jadi daerah kakawasaan Mataram.

Ujang Ngoko mibanda gelar Adipati Panaekan sarta jadi bupati tepi ka taun 1625.

Parasajarawan nyebutkeun ti taun 1618, karajaan di Tatar Galuh, statusna jadi kabupaten. Sultan Agung ngarobah karajaan-karajaan di Priangan jadi kaadipatian (kabupaten).

Gelar Prabu di Muntur keur Rangga Permana jadi Adipati Kertabumi I, sanggeus Karajaan Kertabumi ku Sultan Agung dirubah jadi kabupaten.

Sultan Agung ngangkat Adipati Panaekan jadi wadana Mataram di Galuh (mancanagara kulon), jadi pamingpin di antara bupati di Tatar Galuh, mun ayeuna mah jadi koordinatorna disagigireun jadi adipati Gara Tengah.

Ku urang Belanda mah Adipati Panaekan teh disebut De oudste der Wedana’s In de Wester Ommelanden van Mataram. ***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x