Sundakalapa Palabuan Penting ti Jaman Tarumanagara tepi ka Jaman Pajajaran

- 18 Maret 2023, 09:46 WIB
Sundakalapa ti jaman Tarumanagara tepi ka jaman Pajajaran , palabuan penting jeung terus mekar.
Sundakalapa ti jaman Tarumanagara tepi ka jaman Pajajaran , palabuan penting jeung terus mekar. /Nanang S/Fot FB

GALURA -Palabuan Sundakalapa di Jakarta nu kiwari dipake tempat balabuh ku pamayang jeung ukur disimpangan ku kapal leutik, ceuk sakaol, geus aya ti abad ka-5, ti jaman Tarumanagara sarta terus mekar tepi ka jaman Pajajaran.

Kalungguhan palabuan Sundakalapa ti jaman Tarumanagara tepi ka jaman Pajajaran angger jadi palabuan penting. Malah jaman Pajajaran mah palabuan pangbadagna jeung pangramena di daerah kakawasaan Pajajaran.

Pangan jadi palabuan badag, najan Tarumanagara geus runtag, ku sabab Sundakalapa pernahna strategis, bisa disebutkeun lawang saketeng ka palabuan sejenna. Di Pulo Jawa ceuk parasajarawan, jaman Pajajaran, palabuan Sundakalapa pangbadagna kadua sanggeus palabuan di Demak.

Baca Juga: Putri Anjungsari (58), Prajurit Cirebon nu Ngungudag Urang Pajajaran Diperuhkeun ku Cara Ditotok

Bewara ti Tome Pires

Ahir abad ka-15 jeung awal abad ka-16, urang Eropah bur-ber ka ditu ka dieu, neangan pulo atawa tempat di luar Eropa, angkleung-angkleungan di tengah laut

Urang Portugis balayar ka wewengkon Asia jeung balabuh di Malaka. Taun 1511 Masehi, Malaka dikawasa sarta dipake pamiangan keur lalanto ka Asia Tenggara jeung ka Asia Timur.

Tukang ngalalana nu oge “wartawan”, Tome Pires, urang Portugis nu milu jeung kapal Portugis, lalanto ka palabuan-palabuan di basisir kaler Pulo Jawa, antara taun 1512 jeung 1515.

Tome Pires di antarana ngagambaarkeun kaayaan Sundakalapa. Ceuk Tome Pires, Palabuan Sundakalapa teh haneuteun pisan.

Baca Juga: Baduy Urang Kanekes Naha Enya Asalna ti Pajajaran?

Tome Pires nyebutkeun kapal-kapal nu balabuh di Sundakalapa teh di antarana ti Sumatera, Malaka, Sulawesi Selatan, Jawa jeung Madura. Di Sundakalapa loba nu ngajual sahang (lada), beas, asem, sasatoan peunciteun, emas, sayuran jeung buah-buahan.

Dina abad ka-12, Sundakalapa dianggap palabuan sahang nu hade kualitasna. Payu pisan di pasar internasional. Tina kituna Sundakalapa disimpangan ku kapal-kapal Nusantara jeung mancanagara.

Kapal Tiongkok, Jepang, India Selatan, India Timur jeung Timur Tengah, balabuh mawa barang-barang saperti porselen, kopi, sutra, kaen, seuseungiteun, kuda, anggur, jeung zat warna.

Barang-barang bieu dibarter jeung rempah-rempah nu jadi komoditas dagang nu penting jaman harita, dina film kartun Donal Bebek diwadahanana oge dina peti emas.

Baca Juga: Anis Jatisunda: Dina Agama Sunda Pajajaran Aya Sadat Sunda

Ceuk Tome Pires, palabuan Sundakalapa teh palabuhan pangbadagna di antara palabuan sejenna di wilayah Pajajaran: Sunda (Banten), Pontang, Cigede, Tamgara jeung Cimanuk.

Sundakalapa oge palabuan nu penting di Pulo Jawa. Sundakalapa deukeut jeung Dayo (dayeuh, Pakuan Pajajaran). Ti Sundakalapa ka Pakuan Pajajaran ukur meakkeun waktu dua poe

Dina laporan Portugis, palabuan Sundakalapa panjangna sakilometer tepi ka dua kilometer, di kenca katuhu sisi Ciliwung. Ti muarana, Ciliwung bisa dipake balayar 10 kapal dagang nu kapasitas 100 ton.

Anu boga kapal-kapal bieu umumna urang Melayu, Jepang jeung Tionghoa, aya oge kapal nu dipibanda ku urang Nusantara.

Kapal-kapal Portugis nu kapasitas muat antara 500 ton - 1.000 ton balabuhna teu bisa deukeut ka basisir.

Ceuk Tome Pires barang-barang komoditas dagang Sunda diangkut ku lanchara, kapal nu muatanana paling loba 150 ton. Beurang peuting lanchara teu teureun-eureun ngangkut barang-barang.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x