PLTA Cinangling Kabupaten Subang, Titinggal Jaman Kolonial Belanda, Saksi Kajayaan P & T Lands

- 13 Maret 2023, 09:59 WIB
bangunan PLTA Cinangling di Kabupaten Subang, titinggal jaman Kolonial Belada jeung saksi kajayaan Pamanoekan & Tjiasem Land (P&T Lands).
bangunan PLTA Cinangling di Kabupaten Subang, titinggal jaman Kolonial Belada jeung saksi kajayaan Pamanoekan & Tjiasem Land (P&T Lands). /Nanang S/Galura

GALURA -Pembangkit Listrik Tenaga Air Cinangling (PLTA Cinangling), nu pernahna di Kampung Cinangling, Desa Cisampih, Kecamatan Dawuan, Kabupaten Subang, teh, titinggal jaman Kolonial Belanda. Lian ti eta saksi kajayaan pausahaan perkebunan milik Tuan Hofland, Pamanoekan and Tjiasem Lands (P & T Lands).

PLTA Cinangling lain diadegkeun ku pamarentah Kolonial Belanda, tapi ku swasta, ku P and T Lands, taun 1927, keur nyaangan wilayah pakebonan cangkingan P&T Lands: Pasirbungur, Ciasem, Jalupang jeung Tambaksari nu ayeuna kabawah ka Kabupaten Subang.

Lian ti ngadegkeun PLTA Cinangling, keur ngalistrikan pakebonan sejenna, P and T Lands ngabangun PLT Gunung Tua jeung PLTA Cijambe, duaana oge kabawah ka Kabupaten Subang. PLTA Cinangling, PLTA nu panggedena dibandingkeun PLTA Gunung Tua jeung PLTA Cijambe.

Baca Juga: Legislator PKB KH Maman Imanulhaq Wera, RSUD Ciereng Subang Nolak Pasen Rek Ngalahirkeun dina Kaayaan Kritis

PLTA Cinangling ngamangpaatkeun Walungan Ciasem nu dibendung di saluran irigasi Curug Agung, tonggoheun wangunan PLTA. Ieu bendungan memang lain ukur keur PLTA tapi oge keur nyaian lahan tatanen, babakuna sawah.

Kiwari, PLTA Cinangling nu kungsi nyaangan sabagian wilayah wewengkon Kabupaten Subang téh saukur nyésakeun tapak-tapak kajayaan nu rongkah di jaman onderneming Landens kumawasa.

Wangunan mah masih weweg ngajegir sanajan geus ampir saratus taun umurna, diitung tepi ka taun 2020.

Turbin urut operasi PLTA Cinangling masih lengkep tur sarwa weweg, ngajungkiring di sisi jalan Desa Cisampih. Ngan, haramunan, simpé, jeung kurang dirumat.

Baca Juga: Danrem 063 Sunan Gunung Jati Masrahkeun Bantuan keur Korban Banjir di Subang

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x