PLTA Cinangling Kabupaten Subang, Titinggal Jaman Kolonial Belanda, Saksi Kajayaan P & T Lands

- 13 Maret 2023, 09:59 WIB
bangunan PLTA Cinangling di Kabupaten Subang, titinggal jaman Kolonial Belada jeung saksi kajayaan Pamanoekan & Tjiasem Land (P&T Lands).
bangunan PLTA Cinangling di Kabupaten Subang, titinggal jaman Kolonial Belada jeung saksi kajayaan Pamanoekan & Tjiasem Land (P&T Lands). /Nanang S/Galura

Padahal wangunan PLTA Cinangling teh salahsahiji wangunan nu nyatetkeun hiji peradaban nu pinuh ku ajen histori kajayaan Subang di mangsa baheula.

Masarakat ngusulkeun PLTA Cinangling dijadikeun destinasi wisata sejarah lokal, dieuyeuban ka pasilitas sejenna sangkan mincut wisatawan, boh wisatawan lokal boh wisatawan mancanagara.

Babakuna pikeun mncut wisatawan ti nagri Belanda jeung ti Inggris nu hayang napak tilas tapak lacak luluhurna di Kabupaten Subang.

Mun tea mah geus jadi destinasi wisatasalian ti ngadatangkeun materi, bangun jeung sagala rupana oge bakal karumat. Dipiharep pamarentah Kabupaten Subang mateakeun wangunan titinggal jaman jaya-jayana P&T Lands.

PLTA Cinangling memang salahsahiji aset anu bisa dijadikeun destinasi wisata sejarah keur kahareupna. Anu tangtuna bakal gede mangpaatna nu paling karasa mah nyata ku masyarakat.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah