Taun 1482, Dewa Niskala ngecagkeun kalungguhanana lantaran geus ngarempak purbajati purbatisti (norma, tetekon) kasundaan: ngawin ka putri Majapahit nu geus boga tunangan.
Karajaanana, Karajaan Galuh Pakuan, puseur dayeuhna di Kawali, dipasrahkeun ka seuweuna, Jaya Dewata atawa Pamanahrasa. Dewa Niskala saterus lunta ti Kawali.
Dina waktu nu sarua, Prabu Susuk Tunggal, mitoha Jaya Dewata nu nyekel Karajaan Sunda, puseur dayeuhna di Pajajaran (Bogor), oge masrahkeun karajaanana ka mintantuna.
Ku Jaya Dewata, dua karajaan, Sunda jeug Galuh dihijikeun deui kawas jaman akina, kawas jaman Prabu Niskala Wastukancana. Puseur karajaanan dipindahkeun ka Pajajaran.
Dewa Niskala saterusna dumuk di patempatan nu kiwari disebut Leuweung Pajajaran atawa Leuweung Prabu Siliwangi nu ayeuna mah asup ka Desa Pajajar, Kecamatan Rajagaluh Kabupaten Majalengka.
Di dinya Dewa Niskala ngadegkeun Karajaan Rajagaluh, ngan sateruna dihianat ku pamajikanana nu asalna ti Majapahit tea nu jeung rombonganana ngungsi ka Kawali nyingkahan perang Paregreg.
Hanjakal pedaran daun lontar bieu ukur tepi ka palastrana Dewa Niskala, teu dicaturkeun saha nu nuluykeun Karajan Rajagaluh. Ngeunaan Karjaan Rajagaluh dipedar ku Babad Cirebon nu nyaritakeun Prabu Cakraningrat hese ditalukeunana.***