Caringin Juliana boom Rungkad Taun 1942, dina Mangsa Sarua Kakawasan Walanda Pindah ka Jepang

- 3 Februari 2023, 14:30 WIB
Tangkal caringin atawa beringin di alun-alun Bandung/ Tina “Bandung Kilas Peristiwa Di Mata Filatelis Sebuah Wisata Sejarah” (Kiblat 2006)
Tangkal caringin atawa beringin di alun-alun Bandung/ Tina “Bandung Kilas Peristiwa Di Mata Filatelis Sebuah Wisata Sejarah” (Kiblat 2006) /

Ari nu hiji deui dibere ngaran Juliana boom, dipelakna bareng jeung dijurukeunana Putri Juliana 1 Mei 1909. Putri Juliana teh saterusna jadi Ratu Walanda ngaganti Ratu Wilhelmina.

Ku pamarentah Walanda di Bandung, eta dua tangkal caringin teh dirumat dihade-hade. Alatan sieun  aya nu ngaruksak tea, eta tangkal nepi ka dipageran sagala ku Walanda.

Ngan tetela, sok sanajan dirumat jeung dipusti-pusti pisan, hiji tangkal caringin teh bet rungkad teu pupuguh. Nu rungkad teh caringin nu dibere ngaran Juliana boom tea. Kajadianna taun 1942.

Baca Juga: Cirebon Misahkeun Maneh ti Pajajaran, Walangsungsang Ngeclakeun Cipanon

Nu matak hemengna, rungkadna Juliana boom teh kawas nu mere totonden, yen kakawasan Walanda di lemah cai bakal lekasan.

Pangna kitu, lantaran sabada Juliana boom rungkad, Walanda di Indonesia serahbongkokan ka Jepang; teu mampuh mertahankeun kakawasan di Indonesia nu geus lumangsung kurang leuwih 350 taun.

Totonden atawa kabeneran? Walohualam bissawab.***

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x