Cirebon Misahkeun Maneh ti Pajajaran, Walangsungsang Ngeclakeun Cipanon

- 3 Februari 2023, 12:30 WIB
Gunung Jati, tempat Sunan Gunung Jati. Dihatean ku Demak Cirebon misahkeun maneh ti Pajajaran. Walangsunsang ngeclakeun Cipanon.
Gunung Jati, tempat Sunan Gunung Jati. Dihatean ku Demak Cirebon misahkeun maneh ti Pajajaran. Walangsunsang ngeclakeun Cipanon. /

Urang Cirebon hésé pisan nalukeun Rajagaluh, najan Cirebon dibantuan ku Demak nu ngahaja ngirimkeun tentarana.

Méméh ngarebut Rajagaluh, Cirebon ogé ngalindih heula Kajene atawa Kuningan. Ti dinya, pasukan Cirebon ngangseg ka wewengkon Kawali, urut puseur Karajaan Galuh-Sunda.

Dibantuan ku Demak, Cirebon ngarebut Sunda Kalapa. Ti dieu beuki ngangseug. Pasukanana nu dibantuan ku Banten jeung Demak ngarurug Pajajaran.

Bisa jadi Walangsung nempo Sunda Kalapa direbut ku Cirebon, Pajajaran runtag, ngeclakeun cipanonna.

Masing kumaha wae oge Pajajaran teh tempat kalahiranana jeung hubungan jeung Pajajaran henteu pegat jaman dirina jadi panguasa Cirebon mah.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x