Walangsung Ngababakan, Jadi Panguasa tapi Angger Babakti ka Pajajaran

- 3 Februari 2023, 11:30 WIB
Karaton Pakungwati di Cirebon. Walangsugsang ngadegkeun karaton Pakungwati nyanghareup ka kidul, ka Kawali. Walangsungsang  ngajenan tanah luluhurna .
Karaton Pakungwati di Cirebon. Walangsugsang ngadegkeun karaton Pakungwati nyanghareup ka kidul, ka Kawali. Walangsungsang ngajenan tanah luluhurna . /

GALURA -Walangsungsang jeung adina, Larasantang katut Sangara sabada ibuna, Nyi Subanglarang, tilar, ninggalkeun Pakuan Pajajaran, alatanana ageman nu dianutna beda jeung ageman kulawarga karajaan.

Miangna Walangsungsang jeung adi-adina dijurung dunga ku Sri Baduga Maharaja, malah prajurit pinilihna sina ngawal jeung dibahanan bekel nu leuwih ti cukup.

Sri Baduga Maharaja oge nitah Walangsungsang sajero lalampahan nyimpang ka tempat-tempat anu pupuhuna loma ka Sri Baduga Maharaja. Dibahanan barang nu nyirikeun Walangsungsang jeung adi-adina anak pituin Sri Baduga Maharaja.

Baca Juga: Stasiun Kareta Api Buitenzorg Make Arsitektur Corak Eropa, Ayeuna Kaendahanana Meh Leungit

Di Cirebon, Walangsungsang neuleuman agama Islam di Amparan Jati, nyantri ka Syeh Nurjati. Ari Sangara henteu terus ka Cirebon tapi dumuk di Nagara Pageuh (ayeuna ngaran desa di Kecamatan Panawangan, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat).

Sanggeus sawatara waktu dumuk di Amparan Jati, dititah ku Syeh Nurjati, Walangsungsang ngababakan di wétaneun Muharajati, nu tanahna datar.

Teu jauh ti babakan nu dibuka ku Walangsungsang, di dinya geus dumuk Ki Darmaséla, anu leuwih dipiwanoh ku julukanana Ki Gedeng Alang Alang.

Boga teureuh raja, Walangsungsang mampu mekarkeun tempat dumuk anyarna. Ngaran tempatna diganti jadi Caruban, nu terus robah jadi Cirebon. Di Caruban atawa Cirebon saterusna loba ngamukim urang luar.

Baca Juga: Haji Prawatasari Teureuh Panjalu nu Mimiti Bajuang di Cianjur Mibanda Pasukan nu Bisa Lus-Les Laleungi

Caruban jadi kota, urang Tiongkok (Cina), India ogé marukim di dinya. Cirebon jadi kota nu ramé. Walangsungsang diangkat jadi raksabumi (kuwu) di Tegal Alang-Alang, sarta katelah ku sebutan Ki Cakrabumi.

Walangsungsang katelah deuih ku sebutan Mbah Kuwu Sangkan, Cakrabuana, jeung Ki Kuwu Wungkuk.

Syeh Nurjati ngajurung Walangsungsang ngalaksanakeun ibadah haji. Diturut. Miangna bareng jeung adina, Larasantang.

Di Mekkah, Larasantang meunang jodo ka urang Mesir, sarta ngamukim di Mesir, teu milu balik deui ka Cirebon. Sadatangna ti Mekkah, Walangsungsang maké ngaran Abdullah Iman atawa Ki Samadullah.

Baca Juga: Naha Enya nu Sumare di Gunung Babakan Kota Banjar, Adipati Singaperbangsa nu Jeneng di Karawang?

Paro abad ka-15, Walangsungsang ngadegkeun tajug, dingaranan Masjid Jalagrahan. Ukuranana kurang leuwih lima meter ka lima meter.

Kiwari ieu masjid aya kénéh, pernahna di Jalan Sastraatmaja, kaléreun Karaton Kasepuhan. Di buruan masjid aya sumur nu bentukna pasagi, caina najan usum halodo entak-entakan ogé tara saat.

Nyanghareup ka Galuh
Sabada Ki Gedeng Alang Alang tilar, Walangsungsang ngadegkeun karaton di Lemah Wungkuk. Karatonna dingaranan Pakungwati, dicokot tina ngaran siwina, Pakungwati.

Pakungwati engkéna ngadahup ka Syarif Hidayatullah, seuweu Larangsantang, nu jeung Larangsantang hayang ngamukim deui di Cirebon. Larasantang henteu terus bumetah di Mesir sabada salakina tilar.

Ti aki bojona, ti Jumajanjati, panguasa Singapura, Walangsungsang meunang warisan. Walangsungsang jadi panguasa daérah. Jaman Walangsungsang, wewengkon Cirebon, Indramayu, Karawang, Sunda Kalapa, kabawah Karajaan Sunda nu puseur dayeuhna di Pakuan Pajajaran (ayeuna Bogor).

Baca Juga: Wangsit Siliwangi

Seuweuna jadi panguasa daérah, Sri Baduga Maharaja ngirim utusanana ka Cirebon. Utusanana téh bari mawa tanda Walangsungsang diangkat jadi raja di daérah Cirebon. Sri Baduga méré gelar ka seuweuna: Sri Mangana.

Walangsungsang teu nolak kana kanyaah nu jadi bapana. Cirebon angger jadi bawahan Pajajaran.

Tanda bawahan Pajajaran, unggal taun, sataun sakali, Cirebon masrahkeun upeti ka Rajagaluh nu ayeuna pernahna di wewengkon Majalengka, di tapel wates jeung Kabupatén Cirebon. Upetina téh tarasi nu dibungkus ku daun waru.

Rajagaluh harita ogé kabawah ka Pajajaran, sarta sarua unggal taun kudu séba ka Pajajaran.

Walangsungsang oge henteu poho kana purwadaksina. Karaton Pakungwati nu ayeuna tinggal ruruntukna, gigireun, beulah kenca Karaton Kasepuhan, diadegkeunana teh nyanghareup ka kidul, nyanghareup ka Galuh, ka Kawali.

Ieu tanda Walangsungsang ngajenan pisan luluhurna, najan wilayah Cirebon harita geus lega jeung sacara militer geus kuat.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x