Haji Prawatasari Teureuh Panjalu nu Mimiti Bajuang di Cianjur Mibanda Pasukan nu Bisa Lus-Les Laleungi

- 28 Januari 2023, 12:00 WIB
Novel karya Aan Merdeka Permana, nyaritakeun perjoangan Haji Prawatasari, make judul Pasukan SIluman Haji Prawatasari.
Novel karya Aan Merdeka Permana, nyaritakeun perjoangan Haji Prawatasari, make judul Pasukan SIluman Haji Prawatasari. /Picasa/

GALURA -Pasukan Siluman Haji Prawatasari. Kitu judu novel karya Aan Merdeka Permana nu nyaritakeun perjongan Haji Prawatasari dina ngalawan ka Walanda.

Aan Merdeka Permana katajieun nganovelkeun perjoangan Haji Prawatasari, lantaran Haji Prawatasari dina nyerbu Walanda make taktik nu teu bisa ditebak ku Walanda.

Pajuang pimpinan Haji Prawatasari dina nyerang ujug-ujug make kakuatan rohaka, tapi waktu pasukan Walanda reureuh tina kareuwasna sarta rek malik nyerang, pajuan pimpinan Haji Prawatasari ujug-ujug lus-les ngaleungita.

Baca Juga: Naha Enya nu Sumare di Gunung Babakan Kota Banjar, Adipati Singaperbangsa nu Jeneng di Karawang?

Duka ka mana lalumpatanana teh, henteu bisa kasusud ku pasukan Walanda. Nu matak ku Aan Merdeka Permana dina novel nu nyaritakeun perjoangan Haji Prawatasari dijudulan Pasukan Siluman Haji Prawatasari.

Haji Prawatasari mimiti bajuang alatan teu panujueun kana kawijakan pulitik Bupati Cianjur Dalem Aria Wiratanu II atawa Dalem Tarikolot (1686-1707) anu biluk ka Walanda.

Harita Walanda keur nerapkeun system kerja paksa, rahayat sina melak kopi. Ku sabab Dalem Cianjur narah diajak baruntak ka Walanda, Prawatasari milih jalan sorangan.

Haji Prawatasari ngumpulkeun ratusan wadyabalad anu sadia perang jeung Walanda.

Baca Juga: Ngalongok Situs Karamat Singaperbangsa di Gunung Babakan Kota Banjar

Prawatasari mimiti baruntak ngalawan Walanda dina bulan Maret tahun 1703, pos Walanda anu mimiti digempurna teh anu aya di kampung Pamoyanan Cianjur.

Perjuangan Prawatasari meunang simpati rahayat, pasukanna aya kana 3000 urang,

Pos-pos militer Walanda di wewengkon Priangan jeung Imbanagara digempur. Taun 1705 pos militer Belanda di Batavia jeung Bogor diserang, tuluy pos militer Belanda di Sumedang.

Walanda beuki kaweur, sakur kapala daerah anu dianggap mihak Prawatasari disiksa diala pati. Antukna Walanda ngaluarkeun ultimatum ka sakumna bupati di Priangan.

Baca Juga: Karaton Karajaan Sukapura kari Waasna, Titinggalna Diteundeun di Museum Alit Luluhur Sukapura

Bupati Priangan diperedih dina waktu genep bulan kudu bisa nyangkalak Prawatasari, lamun teu hasil dianggap biluk ngabela Prawatasari.

Ngadenge ultimatum kitu, Prawatasari meuntas ka Jawa Tengah, tujuannana hayang nyalametkeun para Bupati Priangan anu biluk ka Walanda.

Aya dua pamanggih gugurna Prawatasari. Ceuk sakaol Prawatasari ditewak ku Walanda dileuweung Bagelen Banyumas, tuluy dibawa ka puseur pamarentahan Kasultanan Mataram di Kertosuro, sarta dihukum pati tanggal 12 Juli 1707.

Ceuk kaol sejen Prawatasari tiwas ditembak di Kampung Aria Desa Bingkeng, Dayeuh Luhur.

Baca Juga: Maluruh Datangna Urang Tionghoa ka Nusantara, Alatan Ngadagoan Angin Loba nu Terus Bumetah di Nusantara

Tina kituna sejarah Prawatasari bisa dipaluruh di tempat dikurebkeunana di Kampung Aria Desa Bingkeng Kacamatan Dayeuhluhur Kabupaten Cilacap, Jawa Tengah.

Ku urang dinya Prawatasari dipiwanoh ku sebutan Pangeran Aria Pasalingsingan. Ari ku urang Panjalu mah disebut makam Aria Sacanata.

Aria Salingsingan ku urang Desa Bingkeng disebut oge Kyai ti Cianjur. Di Desa Bingkeng aya sababaraha tempat anu sarua jeung tempat nu aya di Kabupaten Cianjur saperti Leuwi Cibeet jeung Pasir Jampang Manggung.

Kuncen makam Aria Salingsingan negeskeun dirina meunang wasiat ti karuhunna cenah samemeh palastra Kyai Ti Cianjur mere uga.

Eusi ugana teh: hiji waktu bakal datang gegeden asal Cianjur katurunan Dalem Cikundul maluruh kaula.

Baca Juga: Patilasan Eyang Dalem Arya Kancana di Cibangban Desa Bunter Aya Patalina jeung Prabu Niskala Wastukancana

Ngan hanjakalna kuncenna teu bogaeun sajarah anu lengkep ngeunaan Prawatasari.

Kuncen yakineun Prawatasari palastra di Kampung Bingkeng, malah asal-muasal ngaran kampung Bingkeng nandakeun kana taktik tempur pasukan Prawatasari waktu ngalawan Belanda.

Taktik perang Prawatasari balucat-balicet matak pipusingeun Walanda. Make istilah militer mah taktik “Bingkeng” teh perang gerilya make teknik “ Hit and Run “.

Komplek makam Prawatasari aya di tanah desa nu legana 1,5 hektar, angganggna lokasi makam ka puseur dayeuh Clacap aya kana 150 kilometer.

Ceuk warga, Kyai Ti Cianjur teu kungsi rarabi jeung teu boga anak, lantaran muser teuing bajuang ngalawan Walanda.

Baca Juga: Prasasti Geger Hanjuang Cenah mah Meunang Nyieun KF Holle

Di gigireun makam Aria Pasilingsingan anu dikurilingan ku tangkal dahu, putat, caringin, teh aya 17 makam kuno sejenna anu dipercaya makam para ponggawa pasukan Prawatasari.

Anu jelas makam saha-sahana ngan tilu: makam Eyang Roban, Eyang Purwaganda jeung Eyang Talaga. Kabeh makam teu di tembok ukur batu.

Di antara batu-batu, aya hiji batu nu jangkungna 40 sentimeter dikaramatkeun, dipercaya tempat jasad Prawatasari perlaya bari nyangsaya nangkeup eta batu sanggeus dibedil sababaraha kali ku Walanda.

Cenah sing saha wae anu bisa ngangkat eta batu nandakeun sagala kahayangna bakal kacumponan ku Nu Maha Kawasa.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x