Lalakon Bioskop Pasifik Sumedang nu Kiwari Jadi Tempat Usaha, Sajarahna Lain Lalawora

- 16 Januari 2023, 16:57 WIB
Poto Bioskop Pasifif Sumedang jaman baheula/istimewa
Poto Bioskop Pasifif Sumedang jaman baheula/istimewa /

GALURA - Pasifik teh hiji gedong bioskop nu kungsi ngadeg di Kabupaten Sumedang. Perenahna persis di gigireun sasak Cipeles teu jauh ti Taman Endog ayeuna.

Sajaba ti Pasifik, di Kota Tahu kungsi aya Bioskop Diana, nu perenahna kira sakilo ti Pasifik ka tebeh kulon.

Hanjakalna, boh Pasifik boh Diana ayeuna geus teu jadi bioskop deui.

Baca Juga: Alun - Alun Singaparna Ayeuna Ginding Kacida, Beda Pisan Jeung Baheula, Ridwan Kamil : Ruang Publik Tumaninah

Baca Juga: Pituduh ti Sutradara Aris Nugraha, dina Preman Pensiun 8, Irin 'Jadian' jeung Sukanta, Roy Musuh Kang Mus?

Baca Juga: Chord jeung Lirik Lagu 'Inget ka Mantan', Ciptaan Wagista, Populerna Nepi ka Mancanagara

Duanana geus robah fungsi. Pasifik jadi tempat usaha hiji waralaba, pon kitu deu Diana. Tapi ari gedongna mah, nepi ka ayeuna anegleng keneh.

“Sakaterang, saleresna, seueur anu miharep, Pasifik dipertahankeun janten bioskop, margi aya sajarah di satukangeunana. Mung hanjakalna, eta kahoyong teu laksana. Pasifik ayeuna robih fungsi,” cek Bah Aka, seniman, hiji warga Sumedang nu dumuk di Tanjungsari basa ditepungan ku Galura.

Sajarah?

Baca Juga: Buah Gedong Gincu, Dipelak di Jatigede, Sumedang, Ku Bandar Disebut ti Majalengka

“Muhun,” cek Bah Aka nu saterusna kalawan daria nyaritakeun sajarah ngeunaan Pasifik jeung pulitik di Sumedang mangsa ka tukang, anu pareng manehna nyaho.  

Pasifik teh kaasup wangunan kahot di Kota Tahu. Ngadeg tahun 1920-an, wangunanana diresmikeun ku Pangeran Soeria Soemantri.

Anapon nu ngawangun jeung ngonsepna, nyaeta Boeseedan, hiji bangsawan Walanda nu kawilang dalit jeung pamarentahan Walanda sarta Sumedang harita.

Baca Juga: Jaroh ka Situs Karamat Sunan Pada di Karedok Jatigede

Ieu wangunan, nurutkeun sajarahna, kungsi ganti ngaran sababaraga kali. Sareresna diadegkeun kalawan dingaranan Bioskop Pasifik, ngaranna laju robah jadi Bioskop Sakura dina mangsa kolonial Jepang.

Alatan kurang merenah, ngaranna dirobah deui jadi Bioskop Tjahaja. Teu lila jadi Bioskop Kutamaya, sarta balik deui jadi Bioskop Pasifik.

Kaayeunakeun, sabada geus teu jadi tempat muter film, wangunan heubeul nu aya di puseur balanja teh jadi Pasifik Hariring. Fungsina, cenah mah keur pagelaran kasenian di Sumedang.

Baca Juga: Goong Raksasa di Dusun Cigoong Subang, Katelahna 'Gong Kibuyut', Sorana Ngungkung ka Jauhna!

Pulitik

Ngan Cek Bah Aka, nu ngirut ti Pasifik teh lain soal robahna ngaran wungkul. Tapi bab genjlong pulitik di Sumedang patali jeung eta gedong, dina taun 1923-an.

Nurutkeun Bah Aka, teu beda ti tempat sejen di lemah cai, di Sumedang oge dina wangkid harita kungsi aya genjlong pulitik lokal. (Nyambung)***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x