Situs Pasir Pantun Sukadana Ciamis, Nanggap Pantun Kajadian Musibat

12 Desember 2023, 14:03 WIB
Batu Pantun di Kampung Salegok, Desa Sukadana, Kecamatan Sukadana, Kabuipaten Ciamis, Jawa Barat. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Di Kampung Salegok, Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat, aya situs nu dingaranan Situs Pasir Pantun, saampar jeung Situs Gunung Cariu. Di Situs Pasir Pantun aya nu dipercaya makam Aki Pantun jeung Batu Kacapi  nu oge disebut Batu Pantun. Makamna tina batu andesit, make nisan jeung aya tilu batu demprak

Lian ti eta kapanggih batu pispun. Batu pispun mah titinggal jaman kolonial Walanda, ciri pametaan tanah. Di Kecamatan Sukadana memag loba perkebunan nu ayeuna dicangking ku Perhutani. Kiwari perkebunana di­pelakan tangkal jati. Jaman Walanda mah aya nu dipelakan tangkal karet nu diala geutahna.

Batu Kacapi atawa Batu Pantun mah bisa jadi titinggal jaman megalitikum, titingga jaman batu besar atawa jaman prasejarah. Bentukna kawas kacapi, ukuranana 1,25 meter x 67,5 senti x 27 senti, ngujur wetan ngulon. Ngan ayeuna mah geus ruksak. Aya aksara Sunda nu dipahat, tacan aya nyoba-nyoba macana.

Baca Juga: Jaman Pajajaran, Angklung kungsi Dipake Musik Perang

Dumasar legenda masarakat Ciparigi, Pasir Pantun teh kungsi dipake pasanggrahan keur  Prabu Sirnaraja, raja di Karajaan Rajadesa, seuweu Sri Baduga Maharaja, sabada moro kidang di Gunung Cariu. Bari nungguan daging kidang asak, Prabu Sirnaraja dihibur ku pagelaran  pantun  sarta juru pantunna Eyang Wijayakusumah nu dijulukan Aki Pantun.

Aki Pantun mantunna dina batu nu ayeuna disebut Batu Kacapi. Waktu pagelaran pantun, kajadian musibah, korbanna rea, kaasup Aki Pantun sarta dimakamkeun di ponclot pasir. Ari Prabu Sirnaraja mah salamet. Memeh mulang ka Rajadesa, Prabu Sirnaraja kedal ucap nu tepi ka kiwari dijadikeun pantrangan keur masarakat.

Pantrangan nu tepi ka danget dicekel pageuh teh: teu meunang ngadahar daging kidang jeung teu meunang magelarkeun kasenian nu ngalalakon atawa nu medar carita saperti pantun, wayang, drama, tunil jeung sajabanna. Lamun dirempak dipercaya bakal aya kajadina nu teu dipiharep, babakuna ka nu nanggap kasenianana.

Baca Juga: Bebebegig Sukamantri  Ciamis, Pasukan Prajurit Jaman Karanggantungan

Eta pantrangan teh keur kampung nu tadina asup ka Desa Cariu: Kampung Cariu, Sukarasa, Cikancah, Salegok jeung Kampung Ciparay. Ayeuna eta lima kampung teh dibagikeun ka tilu desa. Kampung Cariu asup ka Desa Sukadana, Sukarasa ka Desa Salakaria, Cikancah ka Desa Bunter, Salegok jeung Ciparay ka Desa Ciparigi.

Pantrangan-pantrangan tadi teh ceuk Prabu Sirnaraja cara ciri urang. Lila ti lila cara ciri urang disingget jadi Cariu sarta dijadikeun ngaran tempat. Tepi ka danget ieu di  Cariu, Sukarasa, Cikancah, Salegok jeung di Ciparay  tara aya nu waniun nanggap wayang jeung kasenian sejenna nu medar lalakon. Lian ti eta masarakatna pantrang ngadahar daging kidang.

Agus, urang Ciparay Desa Ciparigi, nyebutkeun kungsi kajadian di Ciparay aya nu nanggap wayang golek, waktu hajat. Balukarna nu nanggap wayang keuna ku musibat.

Tapi ari urang Ciparay, Cariu, Sukarasa, Cikancah, jeung Salegok nu pindah ka lembur sejen mah teu nanaon nanggap wayang oge, moal keuna ku musibat.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler