Tarekah BBPPKS Bandung Ngawujudkeun Karaharjaan Masarakat Dibarung Dzikir, Pikir, Ukir

5 Februari 2023, 15:19 WIB
Balai Besar Pendidikan dan Pelatihan Kesejahteraan Sosial (BBPPKS) Bandung, di Jalan Panorama, Kayuambon, Kacamatan Lembang, Kabupaten Bandung Barat/DOK. BBPPKS BANDUNG /

 

GALURA - Balai Besar Pendidikan dan Pelatihan Kesejahteraan Sosial atawa BBPPKS Bandung teh ditaratas ti taun 1964 di Yogyakarta nu harita mah dingaranan Balai Pendidikan Tenaga Sosial (BPTS).

Laju taun 1974 pindah ka Bandung tur genti ngaran jadi National Training Course (NTC), nu satuluyna barobah jadi Balai Pendidikan dan Latihan Tenaga Sosial (BPLTS) taun 1975.

Ninggang taun 1996 mah jadi Balai Diklat Profesi Pekerjaan Sosial (BDPPS), tur ti kawit taun 2000 jadi Balai Besar Pendidikan dan Pelatihan Kesejahteraan Sosial (BBPKS) Bandung.

Baca Juga: Dua Wangunan di Cinyawar Talegong Garut Kareumpeukan Tatangkalan Nepi ka Burakrakan, Untung Taya Korban

BBPPKS Bandung nu aya di lingkungan Kementerian Sosial teh perenahna di Jalan Panorama, Kayuambon, Kacamatan Lembang, Kabupaten Bandung Barat.

Anapon wilayah kerja BBPPKS Bandung ngawengku Provinsi Jawa Barat, DKI Jakarta, Banten, Lampung, Bangka Belitung, sarta Kalimantan Barat.

Ieu lembaga mibanda tugas ngalatih katut ngabentuk SDM nu parigel, tapis, sarta unggul dina widang kesejahteraan sosial.

Baca Juga: Prediksi Persib vs PSS Sleman, Luis Milla Gede Hate, Seto Nurdiantoro Muji Maung Bandung

Dina ketakna, BBPPKS Bandung ge ngamekarkeun sarta ngalaksanakeun pendidikan jeung latihan kesejahteraan sosial, metodologi, advokasi sarta informasi, oge ngawangun rukun gawe antar lembaga kesejahteraan sosial.

Salian ti kelas katut rohang diskusi, BBPPKS Bandung dilengkepan ku perpustakaan, wisma, laboratorium pekerjaan sosial, media, turta studio.

Sababaraha program BBPPKS Bandung teh di antarana wae ngadidik jeung ngalatih tenaga kesejahteraan sosial pemerintah (TKSP) katut tenaga kesejahteraan sosial masyarakat (TKSM).

Baca Juga: Tiket Persib vs PSS Sleman Ludes, Ieu Link Live Streaming jeung Kick Off, Aman!

Diklat dasar pekerja sosial, diklat ADIKSI, diklat pertemuan peningkatan kemampuan keluarga (P2K2),sarta diklat perjenjangan jabatan tenaga fungsional pekerja sosial.

Mateakeun udaganana, misi BBPPKS Bandung dibarung ku suluk Dzikir, Pikir, Ukir.

Dzikir ngandung harti yen dina sakur kagiatan kudu terus eling ka Allah SWT.

Tuluy Pikir, eta teh boga ma’na rupaning perkara nu dilaksanakeun ulah ieuh mengpar tina aturan.

Baca Juga: Kabuyutan Pamager Nagara, Ngageuing Pamingpin nu Sakira Rek Mengpar tina Kamanusaan

Sedengkeun Ukir, nyaeta teu weleh ihtiar geusan ngawujudkeun hasil sahade-hadena.

Kalawan dibarung ku eta suluk, BBPPKS Bandung teu weleh usaha ngagumelarkeun SDM tenaga sosial nu kompeten, kompetitif, sarta unggul, geusan ngahontal kaayaan Indonesia nu maju tur raharja. ***

Editor: Aam Permana S

Sumber: YouTube BBPPKS

Tags

Terkini

Terpopuler