Di Palabuan Karajaan Sunda, Kapal-Kapal Niaga ti Mancanagara Larsup

5 Februari 2023, 11:30 WIB
Palabuan Sunda Kalapa jaman Pajajaran. Karajaan Sunda kaasup karajaan agraris tapi mentinkeun maritim. Kapal-kapal mancanagara bongkar muat di palabuan-palabuan di wilayah karajaan Sunda. /

GALURA –Najan kaasup karajaan agraris, tapi Karajaan Sunda merhatikeun maritim. Karajaan Sunda mibanda palabuan-palabuan badag jeung penting.

Kapal-kapal niaga luar negri babakuna ti Cina balabuh di palabuhan-palabuhan Karajaan Sunda. Kitu deui kapal-kapal ti nagri sejenna jeung ti Nusantara.

Sudagar Sunda ti Karajaan Sunda balayar tepi ka Malaka, malah mah tepi ka India jeung nagara sejenna nu jauh ti Pulo Jawa. Sudagar Sunda make lanchara kargo nu daya angkutna 150 ton.

Baca Juga: Cirebon Misahkeun Maneh ti Pajajaran, Walangsungsang Ngeclakeun Cipanon

Karajaan Sunda mibanda leuwih 6 jung lanchara-lanchara. Tihang-tihangna dina bentuk bango sarta dilengkepan tangga tepi ka babari dikamudikeun.

Salian ti kota-kota nu aya di basisir, Karajaan Sunda ceuk de Barros mibanda genep palabuahan utama: Chiamo, Xacatra atawa Caravam, Tangaram, Cheguide, Pondang, jeung Bantam.

“Tome Pires oge ngawartakeun Çumda (Sunda) mibanda genep palabuhan: Bantam, Pomdam, Cheguide, Tamgaram, Calapa, jeung Chemano,” ceuk Nanang Saptono, arkeolog moyan.

Barros nataanana ti wetan ka kulon, ari Tome Pires nataanana ti kulon ka wetan. Ngaran palabuanana aya nu beda, tapi lebah dieu mah beda ngejahna.

Baca Juga: Walangsung Ngababakan, Jadi Panguasa tapi Angger Babakti ka Pajajaran

Ceuk Barros: Xacatra atawa Caravam. Ari ceuk Pires: Calapa. Palabuan nu dimaksudna eta-eta keneh: Sunda Kalapa, salahsahiji palabuan badag jeung penting di Karajaan Sunda.

Nanang Saptono nyebutkeun Tome Pires ngagambarkeun kaayaan unggal palabuan nu ditataanana. Di antarana ngagambarkeun Bantam, palabuan badag di sisi muara walungan.

Ti palabuan Bantam, barang-barang diangkeun ka Sumatra jeung ka Kepulauan Maladewa. Anu dieksporna di antara beas jeung pedes nu dihasilkeun ku Karajaan Sunda.

Pomdam palabuhan nu kawilang hade. Pernahna di muara walungan. Kapal-kapal badag (junk) bisa balabuh di dieu. Barang daganganana bahan kadaharan babakuna beas jeung pedes.

Baca Juga: Karajaan Munggaran di Cirebon nu Ngadegkeunana Walangsungsang, Rundayan Galuh Kawali

Cheguide oge palabuhan alus, kapal baradag bisa balabuh. Ieu palabuhan lawang saketeng ka Jawa ti Pariaman, Andalas, Tulangbawang, Sekampung jeung sajabana.

Barang-barang dagangan di Cheguide: beas, buah-buahan, pedes, jeung bahan kadaharan. Tamgaram oge palabuhan jeung kota dagang nu hade.

Barang daganganana sarua jeung di palabuan sejen. “Di antara 6 palabuan, Calapa palabuah nu pangbadagna jeung panghadena, sarta pangpentingna,” ceuk Nanang Saptono.

Ti Calapa atawa Sunda Kalapa, hubungan dagangna lega jeung jauh munguh jaman harita: Sumatra, Palembang, Laue, Tamjompura, Malaka, Makasar, Jawa, Madura, jeung sajabana.

Chemano oge palabuhan nu kawilang haneuteun, najan kapal badag teu bisa balabuh. Hubungan dagangna ka sakuliah Jawa. Di dieu geus loba kaum muslim. ***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler