Gedong Bioskop Pasifik jeung Genjlong Pulitik di Sumedang, Sajarah Heubeul Kota Tahu

16 Januari 2023, 17:08 WIB
Poto Bioskop Pasifif Sumedang jaman baheula/istimewa /

GALURA - Dina artikel ka hiji dicaritakeun saeutik yen nu ngirut ti Gedong Bioskop Pasifik Sumedang teh antarana soal genjong pulitik.

Tah ari genjlong pulitik nu harita kajadian di Sumedang patalina jeung Pasifik, nyaeta antara Sarekat Rayat jeung Sarekat Hejo.

Sarekat Rayat nyaeta organisasi militan tur radikal ka pamarentah jeung pakumpulan sejen nu harita aya kaasup Paguyuban Pasundan jeung Sarekat Islam.

Baca Juga: Lalakon Bioskop Pasifik Sumedang nu Kiwari Jadi Tenpat Usaha, Sajarahna Lain Lalawora

Dina emprona, Sarekat Rayat nu diluluguan ku Ujang Kalih teh dianggap organisasi nu matak bahaya ku pamarentah jeung bangsawan Sumedang.

Sok sanajan taya bukti, aya nu nyebutkeun yen Sarekat Rayat teh minangka organisasi nu dibina ku Partai Komunis Indonesia (PKI).

Pamarentah jeung bangsawan Sumedang tangtu hariwang ku Sarekat Rayat. Hariwang ngaganggu kapentingan maranehna, sarta hariwang organisasina mingkin mekar jeung rea anggotana.

Baca Juga: Alun - Alun Singaparna Ayeuna Ginding Kacida, Beda Pisan Jeung Baheula, Ridwan Kamil : Ruang Publik Tumaninah

Sabada kapikir kumaha cara ngungkulan eta organisasi, Patih Sumedang kalawan blak-blakan ngarojong ngadegna organisasi nu katelah Sarekat Hejo dina taun 1923an.

Sarekat Hejo teh pakumpulan nu anggotana para patani nu paham sarta tujuanna beda pisan jeung Sarekat Rayat. Sarekat Hejo mah deuih, deukeut pisan jeung pamarentah, samalah sasatna aya dina panangtayungan Walanda.

Nurutkeun Bah Aka, hiji waktu, pangurus jeung anggota Sarekat Rayat menta idin ka pamarentah pikeun ngagunakeun Bioskop Pasifik pikeun rapat organisasi.

Baca Juga: Buah Gedong Gincu, Dipelak di Jatigede, Sumedang, Ku Bandar Disebut ti Majalengka

Ngan tangtu wae, eta pamenta teh ditolak sapajodogan ku pamarentah atawa nu ngokolakeun bioskop. Harita Sarekat Rayat geus mimiti pada mikaceuceub, angot ku kaki tangan pamarentah mah.

Sarekat Rayat harita hanjelu jeung keuheul ka pangurus Bioskop. Cenah, eta organisasi teh ti harita neundeun kaceuceub ka Pasifik.

Dina hiji waktu, Bioskop Pasitik ngayakeun potongan harga keur anggota Sarekat Hejo nu hayang lalajo bioskop.

Baca Juga: Jaroh ka Situs Karamat Sunan Pada di Karedok Jatigede

Apal aya potongan harga karcis keur anggota Sarekat Hejo, pupuhu Sarekat Rayat meredih hal nu sarua ka pangurus Bioskop. Pikeun anu kadua kali, eta pamenta ditolak deui.

Keur mah ti mimiti geus keuheul, ceuceub jeung ambek ka pamarentah jeung nu ngurus Bioskop, anggota Sarekah Rayat kawas nu manggih jalan hamo meuntas, ku ditolakna kahayangna teh. Maranehna harita balitungan, narajang pangurus jeung nu ngajagaan biskop.

Diraponan ku reaan, nu ngurus jeung ngajagaan bioskop gogorowokan menta tulung nepi ka kadanguna ku warga nu harita aya di sabudeureun bioskop jeung Pasar Sumedang nu perenahna teu jauh ti bioskop.

Baca Juga: Goong Raksasa di Dusun Cigoong Subang, Katelahna 'Gong Kibuyut', Sorana Ngungkung ka Jauhna!

“Atuh breg we warga nu rereana anggota Sarekat Hejo ngambreg ka bioskop, laju patelak jeung anggota Sarekat Rayat. Tapi taya korban, saurna mah,” cek Bah Aka.

Eta kajadian, bejana nepi ka Gupernur Jendral di Istana Bogor.

Sabada aya eta kajadian, pamarentah mingkin ngawatesan lengkah Sarekat Rayat di Sumedang, nepi ka eta organisasina jadi teu mekar.

Baca Juga: Chord jeung Lirik Lagu 'Inget ka Mantan', Ciptaan Wagista, Populerna Nepi ka Mancanagara

Sabalikna Sarekat Hejo, ti harita leuwih mekar sabab ti mimiti ngadeg oge dirojong ku bangsawan Sumedang jeung Walanda. (Tamat)***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler