Pangndaran Ayeuna Kota Pangjujugan Wisatawan

- 8 Januari 2024, 20:00 WIB
Pangandaran jadi pangjugjugan wisatawan
Pangandaran jadi pangjugjugan wisatawan /Nanang S/galura.co.id

“Jeung kanyahoan pan, ukur sababaraha dékade ti taun 2012, kamajuan Pangandaran dina widang wisata ajénna geus lipet tikel ti jaman masih nginduk ka Ciamis,” ceuk Sukmara. Ngan tangtu wae eta mah ukur sawangan masarakat wungkul, sabab basa keur ngahiji keneh jeung Ciamis, Pangandaran teh saenyana mah dipentingkeun pisan.

Bisa jadi sarana hotél di Pangandaran ayeuna geus rébuan, paling loba ayana di Pananjung. Hotél bintang baé di Pangandaran aya 225, saéngan kékép pikeun meunangkeun konsumén. Tapi di wilayah satelitna saperti di  Karangnini, Karangtirta, Batuhiu, Batukaras jeung sajabana loba nataku, tinggal milih.

Jang mikat turis anu kasengsrem ku Bali, ayeuna renung hotél jeung réstoran anu mirip-mirip Bali. Turis asing gé geus loba anu kabongroy milih Balina Pangandaran, batan langsung muru Bali. “Arsitéktur bangunan wisata mah geus loba anu mirip Bali. Anu can katurutan mah nyaéta wisata budaya,” ceuk Sugandi urang Batuhiu.

Lamun Bali geus bisa ngadagangkeun seni-budaya, Pangandaran mah can bisa. “Ngadagangkeun Ronggéng Gunung gé can bisa,” pokna. Pon kitu deui cenah, lamun Jogja bisa ngadagangkeun wisata sajarah, Pangandaran mah can bisa. Ceuk Sugandi, Pangandaran can metu ngadagangkeun sajarah nu aya di Pangandaran. “Padahal pan teu kurang munelna,” pokna.

Baca Juga: Bumi Perkemahan Andes jeung Kalang Pamidangan, Ikon Desa Cilame, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung

Ceuk Sugandi, sabenerna kacida butuhna seniman jeung sajarawan anu bisa mapaésan pakaya wisata Pangandaran téh. “Nya kétah gumantung kumaha ketak anu baroga kawijakan di Pangandaran wé,” ceuk Sugandi bari nyontona, kumaha majuna bisnis seni budaya kaasup sajarah di objék wisata séjén nu  aya di wilayah séjén.

Basa Sugandi piknik ka Bali, cenah manéhna can kungsi ngadéngé gamelan Bali. “Di Palabuan Gilimanuk gé nu kadéngé téh kalah lagu Sunda nu Darso,” cenah seuri. Ari pék cenah gamelan Bali teu bisa dibandungan di jalan pasampangan. “Kajaba urang lalajo di galeri panggung kasenian, tur tikétna awis,” ceuk Sugandi.

Pangandaran ka hareupna bakal beuki loba dijugjug wisatawan saupama jalan tol Cigatas (Cileunyi-Garut-Tasikmalaya), malah bakal nyambung ka Cilacap via Kalipucang geus réngsé, sabab ka Pangandaran bakal beuki gancang. Béjana ti Bandung ukur perlu 2 tepi ka 3 jam (kaluar tol Kalipucang).

Urang Pangandaran gé teu weléh nineung ku jalan karéta api Banjar-Cijulang. Cenah lamun karéta dibuka deui tur dipaké angkutan wisata, jumlah turis anu ka Pangandaran bakal beuki undak deui. Ngan duka iraha ku pamarentah dibuka deui. tepi ka ayeuna tacan hawar-hawar acan bule hideungna.

Andar-andar

Bisa kirata bisa enyaan. Cenah Pangandaran téh asal kecap tina pangan jeung andar. Ditarjamahkeun hartina andar-andar anu néangan pangan. Ieu téh ku sabab tadina, tina wiayah kosong, jadi pangjugjugan jalma anu néangan pangupa jiwa. Pangupajiwana bisa jaradi pamayang, tapi bisa muka lahan pertanian sabab wilayah Pangandaran tanahna subur.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x