Museum Transportasi di TMII Jakarta, Pangjugjugan Wisatawan

- 19 Desember 2023, 16:26 WIB
Bangunan Museun Tranportasi di TMII Jakarta.
Bangunan Museun Tranportasi di TMII Jakarta. /Nanang S/galura.co.id

Barang koleksi jeung infrastruktur bangunan ngalanatarankeun Museum Transportasi dijadikeun spotfotografi, mindeng dipake coaching clinic   fotografer.

Pameran di jero  ruangan dibagi dina sababaraha ruangan nu dijieun kawas bangunan sorangan, disebut modul. Di dieu aya modul pusat, modul darat, modul laut, jeung modul udara. Aya nu benda asli, tiruan, miniatur, foto, jeung diorama.

Modul pusat ngagambarkeun transportasi tradisional nu dipake jaman baheula, ngawengku transportasi darat jeung laut ti bagai daerah di Indonesia.

Alat transportasina aya nu ngagunakeun tanaga manusa, sato, jeung angina. Di antarana cikar, andong, bendi, beca, jeung parahu layar.

Baca Juga: Bumi Perkemahan Andes jeung Kalang Pamidangan, Ikon Desa Cilame, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung

Modul darat ngambarkeun transportasi darat,  ngawengku transportasi jalan raya, jalan baja, walungan, situ, jeung keur meuntas.

Transportasi geus ngagunakeun mesin. Upamana cikar DAMRI, armada munggaran DAMRI nu dina mangsa perang kamerdekaan taun 1946 dipake ngangkut logistik militer di wilayah Surabaya  jeung  Mojokerto.

Modul laut menggambarkan alat transportasi laut  nu geus ngagunakeun mesin. Ngawengku rupa-rupa kapal panumpang, container, dok  nu ngapung, sarta pakakasa keur ngadeudeulna.

Dilengkepan ku pedaran teknologi kelautan, prasarana jeung sajabana.

Baca Juga: Bupati Bandung Rembug Bedas di Tilu Desa Masrahkeun Bantuan keur Nganggeuskeun Lapang jeung keur Ambulan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x