Manislor Desa Siaga Bencana

- 24 April 2023, 16:55 WIB
Deklarasi  Desa Siaga Bencana, di Desa Manislor, Kecamatan Jalaksana, Kabupaten Kuningan. *
Deklarasi Desa Siaga Bencana, di Desa Manislor, Kecamatan Jalaksana, Kabupaten Kuningan. * /Ajun Mahrudin/

GALURA-Nyanghareupan musibat alam hususna di Kabupaten Kuningan, Desa Manislor Kecamatan Jalaksana, ngadeklarasikeun Desa Siaga Bencana, sawatara wakktu kaliwat.


Eta hal penting pikeun miboga kasiapan jeung kamampuh pikeun engeuh kana pasualan nu ngait kana penanggulangan bencana.


Kepala Desa Manislor, Rusdi Sriwiyata, nyebutkeun deklarasi Siaga Bencana miang tina kasangtukang perluna aya tarekah kasiapsiagaan ngungkulan balukar bencana.

Baca Juga: Urug Mingkin Kerep di Kuningan

Kahareupna, ceuk Rusdi, tangtu perlu tarekah palatihan diantara nulungan nu kamusibatan, nyadiakeun kabutuh dina sual penaggulangan bencana.

Nurutkeun Rusdi, Desa Siaga Bencana geus dideklarasikeun sawatra waktu kaliwat, mareng reujeung deklarasi donor darah, jeung donor mata, minangka salah sahiji cara pikeun nyiapkeun diri dina nyanghareupan bencana.

Baca Juga: Bantuan Ti Kodim 0615 Kuningan jeung Puspita Cipta Grup, Pikeun Warga Korban Urug Dusun Ragawangsa

Rusdi miharep, masarakat bisa leuwih proaktif dina ngaronjatkeun kasapsiagaan ngungkulan balukar bencana.

Sajaba ti kitu, ngaliwatan deklarasi siaga bencana bisa ngaronjatkeun koordinasi sakumna pihak dina ngugkulan bencana.

“Deklarasi Siaga Bencana, komitmen pamuda Desa Manislor dina tarekah ngungkulan pasualan bencana hususna  di Kabupaten Kuningan,” pokna.***

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x