GALURA-Musibat urug di wewengkon Kabupaten Kuningan, Ahad (2/4/2023), beunang disebutkeun kerep.
Pusat pengendali operasional (Pusdal Ops) Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Kuningan, nyatet sababaraha kajadian musibat urug.
Kajadianna, ti mimiti tabuh 16.20 WIB nepika 23.30 WIB. Bisa jadi masih keneh aya kajadian urug di daerah sejenna anu tacan bisa kalaporkeun.
Baca Juga: Hujan Nepika Tengah Peuting, Rea Gawir di Kuningan Urug
Dumasar data sawatara waktu ieu, di antarana urug di Dusun Cipipisan Desa Tundagan,
Blok Pahing Desa Bunigeulis Kec. Hantara.
Urug di Blok Pakulahan, Desa Bantarpanjang, Kec. Cibingbin, Dusun Kambangan, Dusun Blandongan, Dusun Pawasa, Desa Sumberjaya, Kec. Ciwaru, Blok Sisepan, Jalan Raya Desa Hantara, Kec. Hantara, Dusun Dusun Wage RT 014 RW 004, Desa Ciherang, Kec. Kadugede
Huntap Blok Wage RT 008 RW 004, Desa Kaduagung, Kec. Karangkancana, Dusun Babakan Desa Citikur, Kec. Ciwaru
Dusun Cikondang 1, Desa Cikondang, Kec. Hantara, Dusun Pahampoan, Desa Cipedes, Kec. Ciniru
Baca Juga: Kerep, Urug di Kuningan, Warga Kudu Leuwih Iatna
Desa Tugumulya, Kec. Darma
Urug Akses Jalan Penghubung Ciwaru – Patala, Desa Patala, Kec. CIlebak.***