Alun-Alun Garut, Diropea tapi Merenah Keneh Disebut Alun-Alun, Ciri Hasna Teu Leungit

- 3 Februari 2023, 16:30 WIB
Alun-alun Garut ti luhur sabada dirope/Instagram @kang_rudi_gunawan
Alun-alun Garut ti luhur sabada dirope/Instagram @kang_rudi_gunawan /

GALURA – Sakumaha anu pada terang, alun-alun Garut ge gehgehran kawas nu sejen, hayang dangdan, hayang ginding.

Ngan bedana ti alun-alun sejen nu robah rupa kawas alun-alun Sumedang, alun-alun Garut mah teu nepi ka miceun ciri has nu disebut alun-alun, nyaeta lapang lega nu di jerona taya pepelakan sumawonna adegan.

Saenyana, nalika aya beja alun-alun Garut rek diropea ku Gubernur Jawa Barat Ridwan Kamil, aya kahariwang ti warga Garut, ciri has alun-alunna bakal leungit. Di jerona, upamana aya taman atawa ngadeg wangunan.

Baca Juga: Ngojay di Sirah Cai Cimincul Subang, Caina Canembrang Herang, Matak Poho Hanjat jeung Mulang, Wisata Murah

Baca Juga: Endog Lewo Kuliner Has Garut, nu Mimiti Nyieunna Haji Amin Urang Kampung Lewo, Sangkan Sampeu Teu Mubadir

Baca Juga: Burayot atawa Ngaburayot, Kuliner Amis Has Garut nu Wangunna Kawas 'Taeun', Kieu Cara Nyieunna

Ngan tetela kahariwang warga teu ngabukti. Sabab Kang Emil leuwih surti jeung paham kana tempat nu disebut alun-alun.

Buktina, Kang Emil, dina ngaropea alun-alun Garut teh ngan ukur ngageulisan area kosong di luareun lapang nu salila ieu dipake upacara ku Pemda Garut jeung kagiatan sejenna nu ngalibetkeun masarakat.

Kang Emil ukur nambahan sabudeureun alun-alun ku adegan “kekinian” nu artistik sangkan nu arulin baretaheun.

Baca Juga: Burayot, Kuliner Has Garut Ayeuna 'Ngapung' ka Mancanagara, Lapakna Sumebar di Jawa Barat

Ari lapang nu lega mah diantep lega teu diwuwuhan ku adegan sejenna, cara aslina. Nu bedana, titincakanna wungkul, jadi leuwih alus jeung modern.

Nurutkeun catetan, alun-alun Garut teh kaasup alun-alun nu boga ajen sajarah nu gede, sajaba ti minangka tempat nu polana sarua jeung alun-alun sejen di Pulo Jawa nu kungsi kaereh ku Mataram jeung dijajah Walanda.

Hiji bukti boga ajen sajarah, alun-alun Garut kungsi katincak ku Presiden RI munggaran, Soekarno, dina hiji waktu.

Baca Juga: Endog Lewo Kuliner Has Garut, nu Mimiti Nyieunna Haji Amin Urang Kampung Lewo, Sangkan Sampeu Teu Mubadir

Harita Soekarno nepungan warga Garut tutur cacarios dina hiji adegan nu nepi ka ayeuna aya keneh, babancong. Babancong teh adegan nu mirupa panggung paranti calik gegeden, nyaksian rupaning pintonan di alun-alun.

Tadi disabit yen pola alun-alun Garut sarua jeung pola alun-alun nu kaereh ku Mataram atawa dijajah ku Walanda, dan jeung enyana eta the.

Di sakuriling alun-alun Garut ti bihari nepi ka kiwari teu robah. Di beh kidulna aya pendopo, nu minangka imah dines Bupati, ari di kaler (baheula kungsi aya wangunan sejen, nyaeta kantor pembantu gubernur).

Baca Juga: Dua Wisata Kuliner di Bogor, Nasi Sunda jeung Bebek Madura, Mewah tapi Murah, Merenah keur Kulawarga

Di beh kulon alun-alun aya Masjid Agung, sedengkeun di beh wetan aya penjara atawa ayeuna mah disebut lembaga pemasyarakatan.

Eta pola, memang sarua jeung pola kota jaman Walanda sejenna di Pulo Jawa, najan aya oge nu beda dina cicingna adegan. ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x