Mun pareng ka Bogor sono kana pasakan bebek atawa meri, tinggal mengkol we ka Nasi Bebek Bha Peya.
Aya tilu tempat jualanana teh, nyaeta di Foodcourt Kavling 87, di lelewek sasak Ceger, jeung di Jalan Padi teu jauh ti Universitas Pakuan.
Nurutkeun @visitbogor, ngaran nasi bebek Bha Peya teh nyoko kana "karuhun" nu ngokolakeun ayeuna, asli Madura.
Baca Juga: CSR Pipiets Home Kitchen Amsterdam Ngadongdon SLB Cahaya Gemilang Pertiwi Cianjur
Bejana resep bungbu nasi bebekna langsung warisan ti Bha Peya nu nepi ka ayeuna teu bocor ka padagang sejen. Resepna super asli Madura.
Naon kaunggulanna?
Cenah olahan bebek di ieu tempat teh rasana beda sabab make bungbu nu disebut bungbu ireng nu gurih kacida, euyeub ku rupaning rempah nu mere rasa lada kana pasakanna.
Ari dagingna, cenah, hipu kacida kalawan samarana nyerep meh nepi kana tulang.
Baca Juga: Guha Pawon, Rebuan Lalay, Aya Nu Leueur jeung Bau, Manehna Surti...
Hargana, sok sanajan pasakanna mewah, teu mahal, nepi ka ayeuna masih 20 rebuan saporsina.