Tilu Wisata Kuliner Nu Merenah Dijugjug Mun ka Bogor, No 2 'Hidden Gems Sate & Sop Kambing'

- 17 Januari 2023, 10:52 WIB
Tilu tempat wisata kuliner kaasup direkomendasikeun mun pareng nu maca Galura ka Bogor/Instagram @visitbogor
Tilu tempat wisata kuliner kaasup direkomendasikeun mun pareng nu maca Galura ka Bogor/Instagram @visitbogor /

GALURA - Bogor, Jawa Barat, teu salah, sohor pisan ku kuliner, sajaba ti kasohor ku tempat wisatana.

Buktina, meh di unggal tempat, nyampak kuliner nu pikaresepeun jeung --katingalina, ngeunah rasana.

Tapi ketang lain 'katingalina' wae hebatnya kuliner di Bogor teh.

Baca Juga: H. Uya Mulyana: Anggota Dewan Ngawadahan Aspirasi Warga Ulah Kapahung ku Widang Komisi

Mun maca atau ngadangukeun omongan nu geus arulin nyobaan kuliner di Bogor di media sosial, rasa kuliner Bogor teh jeung enyana ngeunah, matak poho ka urut kabogoh (hehe).

Patali jeung eta, dina kasempetan ieu Galura ngahaja nyatet tilu tempat wisata kuliner nu cek beja pikaresepeun.

Ieu tilu tempat wisata teh kaasup direkomendasikeun mun pareng nu maca Galura ka Bogor.

Baca Juga: Anggaran SKTM Teu Puguh Ketua Komisi D DPRD Kabupaten Bandung Komunikasi Antar OPD Teu Hade

1. Sempol Ayam Wong Reang

Ieu kuliner teh basajan tempatna, ukur dina gorobag. Perenahna di Jalan Mandala Raya No 27.

Hebatna sempol hayam Wong Reang, kadaharanna, payu naker.

Geura we, buka ti jam 5 sore, sempolna jam salapan peuting ge geus peren. Salila 4 jam teh, cenah, sempol nu kajual kira 1300 tusuk kalawan haregana kurang leuwih 1000 rupiah.

Baca Juga: Rembug Bedas di Kecamatan Margahayu Bupati Bandung Narima Bangbaluh Warga Dua Desa

Sempol hayam teh kadaharan model sate, ditusuk ngan bagean luarna dibalur ku kocokan endog nu kandel.

Keur nambahan nimat, biasana sempol hayam teh dicoelkeun kana saos encer nu diadumaniskeun jeung cabe.

 

2. Hidden Gems Sate & Sop Kambing Barokah.

Ieu kuliner teh geus ngadeg kira 13 taun ka tukang, perenahna di Kampung Panggulaan Belakang Bogor Raya.

Baca Juga: Matak Reueus, Payung Geulis Tasikmalaya Jadi Pamilon Hiji Festival di Thailand, Ngawakilan Indonesia

Nuju ka ieu kuliner, bisa ti Summarecon Bogor ka Sukaraja, bisa via Bogor Raya ka tukang atawa  via Sukaraja ka lebah Summarecon.

Nu spesial tina ieu kuliner, sate jeung sop kambingna. Daging satena pungkil, hipu teu liat, kalawan bungbu nu nyerep.

Sopna? Ulah ditanya. Pokona mah juara we, awahing ku pas rasana, jeung hipu dagingna. Kuahna gurih, keren, kalawan kalduna kentel.

Baca Juga: Sihoreng Ieu nu Ngalantarankeun JPU Menta Terdakwa Ricky Rizal Ditibanan Hukum Berok 8 Taun Teh...

"Pokona juara we jeung wajib dijugjug," cek netizen mah.

3. Mie Ayam Bangkalan

Teu beda ti dua nu ditataan ti heula, ieu mi ayam nu perenahna di Jalan Mawar No 30 Kota Bogor teh meh unggal waktu haneuteun.

Palanggan meh unggal waktu merul daratang minuhan meja. Kalan-kalan mah awahing ku reana, palanggan nepi ka ngantay.

Baca Juga: Kasus Rajapati Brigadir J, JPU : Ricky Rizal Kudu Ditibanan Hukuman Berok 8 Taun!

Onjoyna ieu mie ayam, mihna di yaminkeun. Ari rasana, minangka adumanis yamin bangka jeung jawa, nu rasana rada amis jeung karasa rempahna.

Mih ayam Bangkal aya dua model. Nu original alias taya topping nanaon, aya oge nu ditambahan ku pangsit atawa ceker hayam.

Haragana kawilang murah, kiea 15 rebu saporsi.

Baca Juga: SDN Kuningan 17 Pindah, Acep : Bangunan Heubeul Rek Dibebenah Jadi Lahan Parkir

Eta sababna, kulinerna teu weleh haneuteun. ***

Editor: Aam Permana S

Sumber: Instagram @visitbogor


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x