Kungsi Leungiteun Mang Ihin Seren Taun di Cisungsang Banten

5 Februari 2024, 12:14 WIB
Upacara adat Seren Taun di Kampung Adat Cisungsang, Banten. /

 

GALURA.CO.ID -Di Tatar Sunda, salasahiji  masarakat nu tuhu kana warisan luluhurna teh masarakat Cisungsang Kabupatén Lebak Banten. Mang Ihin mindeng ka Cisungsang sarta kungsi ngagehgerkeun.

Upacara adat Seren Taun, di Cisungsang, Kacamatan Cibeber, iraha-irahana dilaksanakeun dumasar hasil gempungan parasesepuh Cisungsang. Aya itungan jeung patokanana. Teu otomatis tas panen teh langsung diayakeun seren taun, kalan-kalan leuwih ti sabulan tas panen karek seren taun.

Kurang-leuwih saminggu memeh Seren Taun, Cisungsang geus rame. Aya hiburan rayat, pasar malem, jeung sajabana. Dina waktuna, urang Cibeber anu ngesto ka Olot, tumplek daratang. Malah, urang Cisungsang anu aya di luar kota, kayaning di Bandung, Bogor, jeung Jakarta, ngahaja balik  heula ka Cisungsang.

Baca Juga: Nyirorot 50 Persen Wisatawan nu Ulin ka Tempat Wisata Bandung Kidul Kabupaten Bandung

Upacara adat Seren Taun  teh sacara gurat badagna mah dibagi  dua  bagian. Kahiji balik rendangan, kulawarga turunan kasepuhan Banten Kidul ngariung di imah Abah Usep. Ngalaporkeun ngeunaan hasil tatanen. Daratangna teh bari mawa seupaheun, daun bako, jeung hasil tatanen, kaasup palawija. 

Kadua ngareremokeun, ngasupkeun pare ti sawah kana leuit (lumbung). Nu pangheulana ngampihkeun pare teh sesepuh Cisungsang. Parena diwadahan kana dingkul 9 siki. Diasupkeunana kana indung leuit, leuit nu parena keur cadangan masarakat Cisungsang. Dipakena di mana perlu pisan, keur kapentingan warga.

Dingkul nu jumlahna salapan teh ngagambarkeun Wali Sanga  nu nyebarkeun agama Islam di Pulo Jawa, kaasup di Banten. Ari ngareremokeun taya lian ti keur ngahormat  Dewi Sri atawa Nyi Pohaci, dewi kasuburan dina kosmologi Cisungsang. Memehna diayakeun heula upacara ritual, maca jangjawokan jeung ngadu’a.

Sanggeus pare diasupkeun kana  indung leuit anu aya di buruan imah sesepuh adat, masarakat ngasupkeun parena kana leuitna sewang-sewangan. Di Cisungsang, sanggeus pare dipanen,  teu buru-buru diasupkeun kana leuit, tapi ditunda heula di luar sanggeus dibeungkeutan atawa dipangkek.

Baca Juga: Di Karamat Talun Mbah Kuwu Sangkan di Cirebon Girang, Teu Weleh Loba nu Jaroh

Najan ditunda diluar oge tara aya anu maok.  Di Cisungsang mah can kadenge aya anu maok pare atawa maok beas. Nu matak urang Cisungsang mah teu hariwangeun nunda pare meunang manen di sawah. Pare teu meunang waka diampihkeun kana leuit samemeh acara Seren Taun.

Beda jeung leuit anu umumna aya di Tatar Sunda Priangan, leuit urang Cisungsang jeung sabudereunana mah misah ti imah.  Tapi, parena tara aya nu maling jeung tara dihakan beurit. 

Ari dilelebah mah, alesan pangna leuit anggang ti imah teh basajan pisan, tapi keuna. Lamun tea mah aya musibat kahuruan di kampung, atawa aya imah warga nu kahuruan, tangtu parena mah moal milu kabeuleum, da leuitna misah tea ti imah.

Ngasupkeun pare ti sawah kana indung leuit tea, lain dipanggul biasa, tapi ditanggung make rancatan awi. Bari ditanggung, terus pare diayun-ayun ka beulah kenca jeung ka beulah katuhu. Ieu teh disebut kasenian rengkong. Dipirig ku tatabeuhan dogdog lojor (dogdog paranti ngareog, tapi panjang) jeung angklung  buhun.

Baca Juga: Tarzan Bengkulu ti Ciparay Kabupaten Bandung di Leuweung Dibaturan Welasan Anjing

Inti upacara Seren Taun Cisungsang teh ngitung hasil nyawah anu geus kasorang sataun kaliwat jeung ngarararancang prak nyawah sataun ka hareup. Paraolot kumpul ngariung, badami sual nyawah, boh anu enggeus boh anu bakal kasorang.

Kahirupan urang Cisungsang jeung sabudereunana tina nyawah. Ampir 100 persen patani. Ku sabab kitu, nyawah teh dipigawe enya-enya  pisan, bari ngestokeun tetekon karuhunna. Prak-prakan nyawah teu bisa iraha wae, tapi kudu dumasar kana kaputusan hasil Seren Taun tea nu dilaksanakeun unggal taun.

Ti mimiti nyieun pabinihan, tandur, ngarambet,  panen,  tepi ka ngasupkeun pare kana leuit, estuning diatur dumasar kana hasil badami paraolot dina upacara adat Seren Taun. Masarakat Cisungsang ngestokeun pisan hasil kaputusan Seren Taun teh, tara aya nu wani ngarempak.

Bareto  mah, nyawah dua kali jeung make gemuk kimia (unorganik, saperti urea, ts, jeung sajabana) kaasup pamali (istilahna, buyut), sabab ngarempak kana tata ilahar kabiasaan kolot baheula.

Baca Juga: Beubeunangan Ngaronjat Bupati Bandung Ngapresiasi Kinerja Baznas Kabupaten Bandung

Tapi, lila-lila mah ngagunakeun gemuk kimia teh meunang. Ieu dumasar kana hasil “ijtihad” paraolot dina upacara adat Seren Taun. Meunang nyawah sataun dua kali jeung meunang make gemuk kimia teh dimimitian kira-kira taun 1980-an.

Pandawa Lima Olot

Ti Rangkasbitung, puseur dayeuh Kabupaten Lebak, ka Cisungsang, anggangna kira-kira 150 kilometer. Sanajan enya  aya di tempat singkur, Cisungsang teh siga kota. Aya listrik, imah aralus, bararesih, loba anu aya parabolan deuih. Jadi, najan di tempat singkur, moal tinggaleun informasi.

Cai herang masih keneh cur-cor ti gunung. Cai susukan masih keneh beresih.  Hawa Cisungsang  karasa hegar. Sajaba ti imah anu  hateupna kenteng,  teu saeutik deuih  imah anu make hateupna daun kiray. Katenjona artistik, lantaran beresih, boh imahna boh pakaranganana.

Di Cisungsang aya sakola,  jalanna aspal, aya televisi, aya listrik, jeung sajabana. Barudak sarakola. Motor oge balawiri.  Ciri Cisungsang angger masih keneh karasa jeung katembong, di antarana, tina pakean.

Loba keneh masarakat anu make calana sontog, baju takwa, jeung sirah teu leupas tina iket. Ari barudak ngorana mah teu saeutik  anu make calana jeans jeung kaos, boh lalaki boh awewe.  Barudak ngora anu panceg dina pakean adat, masih keneh kaitung loba.

Baca Juga: Museum Transportasi di TMII Jakarta, Pangjugjugan Wisatawan

Masarakat Cisungsang, masih keneh nurut jeung tuhu ka pupuhu adat, ka olot. Di Cisungsang, aya kepala desa, keur ngurus masarakat lebah administrasi. Dina lebah adat mah, masarakat teh museurna ka olot. Tapi dina emprona loba pameredih atawa program pamarentah ditepikeunana ku olot, lain ku kades.

Lamun aya kerja bakti, anu ngeprakna teh olot. Rebuan  masarakat Cisungsang kungsi nyieun  jalan sababaraha kilometer. Anggeus ku masarakat sakampung. Saterusna, diamparan aspal ku pamarentah. Leucir pisan. Ngan,  teu lila, jalan geus rusak, sarta tepi ka ayeuna tacan diaspal deui.

Cisungsang teh geus dicicingan ti baheula keneh. Iraha-irahana tacan kaungkab. Ngan nu jelas, di Banten Kidul aya tempat pamujaan, ngaranna Lebak Sibedug. Siga pisan Candi Borobudur. Aya beja,  umur Lebak Sibedug leuwih kolot batan Candi Borobudur. Malah, cek beja keneh, Candi Borobudur nyonto pamujaan Lebak Sibedug.

Masarakat anu ngesto ka olot di Kacamatan Cibeber teh dipupuhuan ku lima olot. Minangka “pandawa lima” di wewengkon masarakat  adat Banten Kidul. .

Waktu keur jeneng gubernur, Solihin GP mindeng pisan ka Cisungsang. Komo lamun aya upacara adat Seren Taun mah. Kungsi  para olot kaleungitan Mang Ihin –nenehna Solihin GP. Teu lila sanggeus tepi ka Cisungsang, Mang Ihin terus ngaleos teu bebeja heula. 

Masarakat Cisungsang rareuwasan. Semah anu didagoan teu pupuguh ngaleungit. Sieun kumaonam, najan Mang Ihin teh militer manten nu pangkatna mayor jenderal. Pon kitu deui bagean protokol Gedong Sate. Sanggeus pada nareangan singhoreng Mang Ihin kapanggih keur tibra sare di imah masarakat.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler