Beubeunangan Ngaronjat Bupati Bandung Ngapresiasi Kinerja Baznas Kabupaten Bandung

6 Januari 2024, 06:00 WIB
Ngantunan budak yatim di Masjid Al-Fathu Soreang, Juma'ah 5 Januari 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Bupati Bandung, Dadang Supriatna, ngapresiasi kinerja Badan Amil Zakat Nasional (Baznas) Kabupaten Bandung nu beubeunanganana dina taun 2023 ngaronjat signifikan.

Kitu anu ditepikeun ku Bupati Bandung basa masrahkeun santuan ka puluhan budak yatim, tur ngagalang dana keur warga korban gempa Sumedang, rukun gawè jeung Baznas Kabupaten Bandung, di Masjid Al Fathu Soreang, Juma'ah 5 Januari 2024.

Dadang Supriatna nganuhunkeun ka Baznas ku ngaronjatna beubeunangan Baznas Kabupaten Bandung. Inyana ogè nginstruksikeun ka sakumna ASN Kabupaten Bandung, ti 2024 sangka leuwih optimal nyalurkeun zakat profesina ka Baznas.

Baca Juga: APBD Kabupaten Bandung 2023 Realisasina Nepi ka 90 Persen

"Ku margi zakat profesi ASN Pemkab Bandung  kalinatang katawis mangpaatna ku sakumna masarakat, utamina guru ngaji, marbot masjid, katut ustadz sareng ustadzah. Ieu program  kedah disusukseskan ku urang sadayana," ceuk Dadang Supriatna.

Bupati miharep ka hareupna Baznas Kabupaten Bandung bisa ngabantu paèkonomian masarakat nu kajiret rentenir seperti bank emok atawa pinjaman online (pinjol).

"Simkuring yakin, Baznas  ka payun langkung tiasa ngabantosan ngèntengkeun  masarakat, hususna ku kirang mampuh, supados tiasa numuwuhkeun ekonomi masarakat Kabupaten Bandung," ceuk Dadang Supriatna.

Wakil Ketua Baznas Kabupaten Bandung, H Abdul Rouf nètèlakeun, beubeunangan Baznas Kabupaten Bandung saban bulanna sapanjang taun 2023 ngaronjat signifikan mun dibandingkeun jeung taun 2022.

Baca Juga: Di Kabupaten Bandung, Bokor Mas Kencana Astagina Piala Binojakrama Can Kungsi Dijieun Duplikatna

Dumasar catetan Baznas Kabupaten Bandung, ceuk Rouf, beubeunangan Baznas dina 1-31 Desember 2023, jumlah sagemblengna  Rp1,1 miliar. "Jumlah Rp1,1 miliar teh di antarana tina zakat  Rp 608 juta, infak atanapi sodekoh Rp105 juta sareng infak kanggo Palestina Rp433 juta," pokna.

Ngaronjatna beuneunangan bulan Desember 2023, ceuk Rouf sabab aya panggalangan dana jang donasi ka Palestina.

"Sabulanna rata-rata undak dugi ka Rp100 juta. Alhamdulillah, ieu margi sumanget para pangurus Baznas nu enggal, nu teu welèh inovasi sareng akselerasi ogè koordinasi nu kasinambungan sareang Unit Pengelola Zakat (UPZ) nu aya di saban dinas," ceuk Rouf.

Salasahiji potensi nu bakal leuwih daria deui digarapna:  zakat profesi ti ASN Pemkab Bandung nu jumlah ASN-na kana 19.000 urang.

"Upami 19 rèbu ASN  sadayana sadar kana infak sareng zakat, upamina saurangna minimal Rp100 rèbu wae, beuneunangan zakat tos di angka Rp1,9 miliar," ceuk Rouf.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler