Karamat Gunung Cupu di Desa Nagarajaya Kecamatan Panawangan Kabupaten Ciamis

17 Juni 2023, 10:25 WIB
Gunung Cupu, tempat nu dianggap karamat di Desa Nagarajaya, Kecamatan Panawangan, Kabupaten Ciamis /Nanang /Galura

GALURA -Gunung Cupu. Kitu katelahna tempat nu dianggap karamat di Desa Nagarajaya, Kecamatan Panawangan, Kabupaten Ciamis teh. Pernahna lebakkeun atawa kalereun Bale Desa Nagarajaya, aya kana 600 meter mah.  

Kuncen Gunung Cupu, Sutisna Senjaya, dumukna di Desa Nagarajaya Kecamatan Panawangan anu nelah ku sebutan Otong Novi, pedah siwi cikalna ngaranna Novi, nyebutkeun patilasan nu aya  di dinya teh aya  opat. Bisa disebutkeun patilasan buhun di Kabupaten Ciamis mah.

“Sajaman sareng Sanjaya,” ceuk Otong. Sanjaya, tokoh sejarah nu legendaris di Kabupaten Ciamis teh raja Mataram kuna nu tadina raja di Galuh jeung di Sunda. Leuwih kolot batan patilasan di Desa Nagarapageuh Kabupaten Ciamis.

Baca Juga: Desa Nagarajaya Kecamatan Panawangan, Amanat ti Kabupaten Ciamis keur Nagara

Patilasan di Gunung Cupu teh: Eyang Jagaria, nu ngawasa daratan; Eyang Jaga Lautan atawa Wulansari Cakrawati atawa disebut oge Dewi Ratu Kidul, nu ngawasa lautan jeung Soca Manggala, nu purah nyawang ka nu jauh.

“Ajaran aranjeunna sadaya oge percaya tuhan teh ngan hiji, Sanghyang Tunggal. Sanghyang Wenang, Nu Maha Ngersakeun,” ceuk Otong. Ka ieu tilu patilasan loba nu gadon jaroh bari mibanda tujuanana sewang-sewangan.

“Seuseueurna mah hayang ngahontal jabatan atawa kalungguhan,” ceuk Otong deui. Ngan samemeh dibawa jaroh ku Otong sok ditanya: Geus menta restu ti indung bapa (mun indung bapa nu rek jaroh masih keneh aya dikieuna).

Mun indung atawa bapa nu rek jaroh geus tilar, sok ditanya naha geus jaroh heula ka makam indung bapa. “Upami teu can nyuhunkeun du’a atanapi teu acan jaroh ka makam ibuna, sok dipiwarang mulih heula, sina jaroh atanapi sina nyarios ka ibuna mun masih keneh jumeneng,” ceuk Otong.

Baca Juga: Milangkala ka 381 Pindahna Puseur Pamarentah Kabupaten Galuh, Bupati Ciamis Jaroh ka Makam Luluhur Galuh

Ku Otong oge sok dipapatahan jaroh teh lain menta-menta ka kuburan tapi ngadunga ka Allah SWT. Jaroh ngadungakeun ka nu geus tilar sangkan nu geus tilar meunang tempat nu merenah di alam kubur, ditarima amal kahadeanana jeung dihampura kasalahan jeung dosana.

“Pungsi kuncenna teh ngalempengkeun niat nu jaroh. Kuncen ulah ngantep nu rek jaroh sasab dina niatna, komo ngayunkeun mah. Di aherat engke bakal dipenta pertanggungjawaban,” ceuk Otong.

Hiji deui patilasan Eyang Sugih. Luyu jeung ngaranna, ieu patilasan tempat jaroh nu hayang beunghar, nu hayang sugih. Ngan Otong narah nganteur jeung ngabejaan ka nu jaroh akibatna.

“Nu jaroh ka Eyang Sugih heg kataekeun balukarna siga boga kasakit mengi, napasna ngak-nguk-ngik. Ari awakna mah sehat. Teu bisa dicageurkeun,” ceuk Otong. 

Ngeunaan Gunung Cupu diguar dina Galura cetak edisi IV Juni 2023 nu medal Rebo, 21 Juni 2023, dina rubrik Warna-warni. ***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler