Di Desa Tugumulya, Runtah Bisa Dipake Mayar Pajeg

4 Februari 2023, 18:30 WIB
Salah saurang warga ngasupkeun runtah palastik, di Bank Sampah Desa Tugumulya, Kecamatan Darma, Kabupaten Kuningan * /AJUN MAHRUDIN/

GALURA-Di Désa Tugumulya, Kecamatan Darma, Kabupatén Kuningan, runtah bisa dipake mayar pajeg, hususna Pajak Bumi Bangunan (PBB).

 

Kepala Desa Tugumulya, Wahyudin, nyebutkeun umumna warga di daérahna kiwari geus henteu mikiran deui duit pikeun mayar PBB.

Baca Juga: 3 Tempat Wisata di Cianjur, Merenah Disungsi dina Poe Pere Minggu Ayeuna, Instagramable

 

Ceuk Wahyudin, rea warga di daerahna nu geus boga tabungan husus pikeun mayar PBB nyaeta tina ladang ngajual runtah. 

Baca Juga: Wisata Kuliner di Kota Bandung, Iga Bakar Si Jangkung jeung Sate Gulai Kambing HM Harris

Eta dikokolakeun ku Bank Sampah Desa Tugumulya, anu samemehna diadegkeun pikeun ngungkulan seuseutna dina mayar PBB.

 

"Kawitna mah ngadegkeun bank sampah teh sangkan warga paduli kana runtah. Mucunghul ideu sakantenan kanggo ngahampangkeun warga wajib pajak dina mayar PBB," ceuk Wahyudin.

 

Tina kituna teh, ceuk Wahyudin, satuluyna, berkah mayar PBB jadi énténg.Teu rek kumaha, ku sabab umumna warga wajib PBB di ieu desa boga tabungan di bank sampah sacara husus pikeun mayar PBB tea.

Baca Juga: Perkedel Bondon, Batagor Hanjuang Astina jeung Bubur Ayam Bejo Kosambi, Tilu Wisata Kuliner di Bandung

 

 

Wahyudin ngeceskeun, warga ngajual runtah ngaliwatan patugas nu ngokolakeun bank sampah désa, duitna henteu katampa langsung harita dina waktuna runtah.

 

Ngandung harti, semet dicatet dina buku tabungan bank sampah warga séwang-séwangan

 

Upamana, ceuk Wahyudin, warga ngajual 10 kilogram runtah, nu hargana sakilo gram runtah Rp 1.500, patugas bank sampah nyatet jumlah duit Rp 150 rébu dina buku tabungan bank sampah. 

Baca Juga: Pesona Taman Puspa jeung Kampung Ciherang, Dua Tempat Wisata Instagramable di Tanjungsari, Sumedang

 

Sanggeus sataun tabungan bank sampah kakara dibuka pikeun dipaké mayar PBB.

 

Nurutkeun Wahyudin, tabungan runtah kasebut biasana dibuka dina mangsa waktuna mayar PBB. 

Baca Juga: Kawah Putih di Gunung Patuha Kungsi Dianggap Puseur Karajaan Jin, Ayeuna Jadi Destinasi Wisata Unggulan.

Lamun duit tabungan bank sampah aya leuwihna, dibikeun deui ka warga sewang-sewangan nu boga tabungan di bank sampah. Lamun kurang, warga kari nambahan kakuranganna.

Baca Juga: Pesona Taman Puspa jeung Kampung Ciherang, Dua Tempat Wisata Instagramable di Tanjungsari, Sumedang

Saban taun carang nunggak PBB, da biasana dina bulan katilu atawa bulan Maret , hasil ngajual runtah ti warga geus manjing pikeun mayar pajeg.

Lamun dipersentasekeun mah dina saban bulan katilu, 50 persen tina jumlah niléy PBB nu badagna Rp 102 juta bisa kacumponan.***

 

Editor: Ajun Mahrudin

Terkini

Terpopuler