Rekoméndasi Piknik ka 'Hidden Gem' Anyar di Bogor, Tempat Wisata Endah Tur 'Instagramable', Pikabetaheun!

21 Januari 2023, 13:57 WIB
Tempat wisata anyar di Bogor, hidden gem endah tur instagramable/Instagram @visibogor /

GALURA - Bogor, mibanda tempat piknik atawa wisata pikabetaheun mun dijugjug, boh jeung kulawarga, boh jeung bébéné.

Hiji antarana, nu kabeneran keur viral nyaéta Jowey Kitchen nu perenahna di Jalan Taman Sari No 88, Taman Sari, Bogor.

"Ieu tempat mémang éndah, pikaresepeun, sareng instagramable," cek Noni ArtyXXX dina instagram @visitbogor, dina postingan ngeunaan éta tempat wisata.

Baca Juga: Ningali jeung Dipoto Latar Kembang Sakura Teu Kudu ka Jepang, di Bogor Gé Aya, Rékomendasi Wisata Peré Imlék

Nurutkeun katerangan, ieu tempat wisata téh ayeuna keur viral. Tempatnya pada ngabagikeun di media sosial kayaning Facebook, Twitter, YouTube jeung Instagram.

Tangtu saméméhna, nu ngabagikeun éta tempat wisata téh, kungsi heula ulin jeung ngararasakeun kaendahanana.

Lantaran tempatna éndah, pikabetaheun jeung instagramable kalawan fasilitas piknik nu kumplit, ulah héran mun réa nu nelah "hidden gem" atawa mutiara nyumput, ka Jowey Kitchen téh.

Baca Juga: Pakansi Pabaru Imlék di Taman Safari Indonesia Cisarua Bogor, Aya Parade Sun Go Kong, Ieu Beréndélan Acarana

Sakumaha anu dituliskeun ku @visitbogor, konsep ieu tempat wisata di Bogor téh "interior industrial".

Hawana seger tur linduk, di sakurilingna katénjo sawah jeung kebon, suasana nu aya di padésaan.

Cenah, di luareun wangunanana, aya palataran nu lega nu merenah dipaké rupaning acara samodél intimate wedding, prewedding, lamaran, birthday party jeung acara lianna.

Baca Juga: Dua Wisata Kuliner di Bogor, Nasi Sunda jeung Bebek Madura, Mewah tapi Murah, Merenah keur Kulawarga

"Unggal tempatna super instgramable tur modern pisan," cek @visitbogor.

Nu matak pikaresepeunana deui, di kebon di sabudeureun wangunan aya kebon sayureun organik nu bisa diala langsung ku nu datang, tur dibawa mulang.

Lian ti éta, ogé aya kebon binatang mini, jeung kebon kadu --nu ogé bisa diala jeung dipecakan rasana di tempat. 

Baca Juga: Wisata Kuliner di Bogor, Tempat Ngopi jeung Cafe Vibes Bali, Murah, Matak Betah, Hoream Mulang

Endahna ieu patempatan, cenah, lain wae beurang, tapi oge peuting sabab di ieu tempat aya pamandangan "city light" ka jauhna, nu ngalantarankeun urang bisa ningali kerlap-kerlip lampu kota Bogor nu matak betah.

Panasaran? Mangga jugjug waé tempatna.

Mung kadé hilap, bukana téh biasana ti tabuh 08.00 dugi ka 22.00, husus Sabtu jeung Minggu.***

Editor: Aam Permana S

Sumber: Instagram @visitbogor

Tags

Terkini

Terpopuler