Tabligh Akbar Yayasan Al-Haq Margahayu Ustadz Ucu Najmudin, Tilu Hal nu Mangaruhan Tabèat Budak

- 8 Februari 2024, 17:05 WIB
Tabligh Akbar nu diayakeun Yayasan Al-Haq Margahayu Kabupaten Bandung. Anu tausyiahna Ustadz Ucu Najmudin, M. Pd.,CHt., ch., SLNP. (07/02/2024).
Tabligh Akbar nu diayakeun Yayasan Al-Haq Margahayu Kabupaten Bandung. Anu tausyiahna Ustadz Ucu Najmudin, M. Pd.,CHt., ch., SLNP. (07/02/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -"Parenting dalam Melahirkan Generasi yang Menegakan Ibadah Shalat". Kitu jejer Tabligh Akbar nu diayakeun Yayasan Al-Haq Margahayu Kabupaten Bandung. Anu tausyiahna Ustadz Ucu Najmudin, M. Pd.,CHt., ch., SLNP.

Tabligh akbar jang kalangan kolot siswa Yayasan Al-Haq satuan pendidikan Raudhatul Athfal (RA), Madrasah Diniyah (MI), katut Madrasah Tsanawiyah (MTs) jeung kolotna siswa anyar teh digelar di Kampus Al-haq Margahayu, Jalan Manglid, Desa Margahayu Selatan, Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung, Rebo, 8 Pebruari 2024.

Ustadz Ucu Najmudin nerangkeun, aya 3 faktor nu mangaruhan kana laku atawa tabèat budak. Nyaèta, kumaha jam sarèna, kumaha sholat nu jadi bapana, tur naon nu didaharna.

Baca Juga: Dina Carita Rayat, Karajaan Talaga teu Kungsi Taluk ka Cirebon

Ceuk Ucu Najmudin, alusna jam budak sarè teu leuwih ti jam 10 peuting. Ku sarè leuwih awal, leuwih awal nyaringna moal bangga. Iwal ti kitu, ibadahna ogè leuwih lugina. Sarè leuwih awal ogè mangaruhan kana kasehatan kulit.

Perilaku budak ogè, ceuk Ucu dipangaruhan ku sholat nu jadi bapana. Ucu ngisahkeun hiji katerangan. Umar kadatangan saurang nu ngangluhkeun kalakuan anakna nu baong.

Umar nanyakeun kumaha sholat bapana. Lamun shalat bapana bèrès, nya beres ogè sholat anakna, mun ruksak sholat bapana nya ruksak ogè sholat anakna.

Satuluyna, nu mangaruhan kana tumut atawa henteuna budak teh kadahaharan. Ngadahar bungbuahan saperti cau, jeung sajabana, ogè sayur mayur, budak bakal hampil patuh, sabab dijeroeun awak budak aya unsur elektromagnet.

Baca Juga: Polres Majalengka Gelar Rekonstruksi Rajapati di Hareupeun Pakarangan SD Negeri Simpeureum II

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x