Bawaslu Majalengka: 27.190 Pemilih Tetap Pemilu 2024 di Kabupaten Majalengka Tacan Mibanda KTP

- 26 Juli 2023, 14:46 WIB
Bawaslu Kabupaten Majalengka nyebutkeun leuwih ti 20 rebu pemilih tetap tacan bogaeun KTP, ieu bakal ngabalukarkeun pasoalan dina Pemilu 2024 engke.
Bawaslu Kabupaten Majalengka nyebutkeun leuwih ti 20 rebu pemilih tetap tacan bogaeun KTP, ieu bakal ngabalukarkeun pasoalan dina Pemilu 2024 engke. /

Baca Juga: Kirab Budaya jeung Jalan Sehat nu Dipingpin ku Bupati Majalengka Dijaga Kaamaanana ku Polres Majalengka

Agus nyebutkeun KPUD kudu terus koordinasi jeung Dinas Kependudukan dan Catatan Sipil. “Dumasar pangalaman dina Pemilu taun 2019 aya 9.000 pemilih anyar. Tah dina Pemilu 2024 oge pemilih tetapna bakal nambahan. Ieu kudu diantisipasi,” pokna.

Bawaslu Majalengka geus nama laporan ti sajumlah partey politik nu geus ngalaksanakeun panalungtikan di sejumlah pabrik di Majalengka. Hasill panalungtikanana, 40 persen karyawanna asalna ti luar daerah sarta bakal ngaksanakeun hak pilihna di Majalengka

“Janten bakal aya daftar pemilih tambihan, hususuna di wilayah kaler sareng tengah, margi seueur pabarik. Karyawanna bakal ngagunakeun hak pilihna di Majalengka, “ ceuk Agus .

Tina kituna, ceuk Agus, kudu dianatisipasi. Hayu sasarengan nitenan tur nalingakeun proses pemilu supados pemilu tiasa lumangsung lungsur-langsar, sarta sadayana tiasa ngagunakeun hak pilih,” ceuk Agus.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah