Ritual Meresihan Barang Pusaka, Jakob Sumardjo: Bisa Jadi Kapangaruhan Budaya Jawa nu Pola Kakawasaanana 5:1

- 28 Januari 2023, 10:00 WIB
Keris
Keris /

GALURA -"Upacara ritual meresihan barang pusaka atawa jimat di Sunda kapangaruhan ku budaya Jawa gedé kamungkinana mémang bener," ceuk Prof. Jakob Sumardjo, guru besar di ISBI (memehna: STSI) Bandung nu neuleuman ajén-inajén jeung palsapah Sunda sarta geus nerbitkeun sababaraha buku kasundaan.

Jakob boga pamadegan kitu téh dumasar kana paniténana kana ritual meresihan gamelan kuna di Batu Karut, Banjaran, Kabupatén Bandung nu dilaksanakeun unggal bulan Mulud.

"Sanggeus diberesihan terus ditabeuh. Dibandungan langgamna langgam Jawa, najan ari gamelanana mah laras Saléndro, laras gamelan Sunda," pokna.

Baca Juga: Lolongok ka Museum Galeri Wayang Purwakarta, Aya Wayang Golek jeung Kulit, Kumplit jeung Gamelanna

Jakob Sumardjo nyebutkeun tradisi di Jawa merhatikeun pisan barang-barang nu dianggap pusaka aya patalina jeung konsép kakawasaan nu dianutna.

"Di Jawa, polana 5 : 1 anu disebut papat kalima pancer. Papat hartina opat, arah mata angin; kulon, wétan, kalér, kidul. Ari nu kalimana, puseur kakawasaan atawa pancer," pokna.

Leuwih apdol, leuwih sampurna deui pola kakawasaanana 8 : 1. Arah mata anginna aya dalapan; aya mata angin barat daya, barat laut, tenggara, jeung saterusna, ari puseur kakawasaanana mah angger hiji. Pancer ieu dianggap sakral, boga kakuatan.

"Kalima pancerna bisa mangrupa tempat, jalma, jeung barang. Di unggal daérah di Jawa, kaasup di lingkungan leutik, di imah upamana, aya nu dianggap kalima pancerna. Barang-barang pusaka, upamana waé keris, dianggap puseur kakawasaan nu sakral," ceuk Jakob.

Baca Juga: Ka Marongge Sumedang Rea Keneh Nu Jarah, Aya nu Neangan Pelet, Angka Togel, jeung Meunang Gawe

Ku sabab kitu, barang-barang pusaka téh dipupusti, diberesihanana puguh waktuna, puguh aturanana nu teu meunang dirempak.

"Biasana diberesihanana bulan Suro, bulan kahiji dina pananggalan Jawa atawa dina bulan Mulud, duanana dianggap bulan nu suci," ceuk Jakob.

Di Sunda mah konsép kakawasaanana henteu kitu, tapi Tri Tangtu di Buana. Nu boga kakawasaan téh tilu, masing-masing boga pungsina séwang-séwangan; ratu, rama, pandita.

"Tiluanana gumulung jadi hiji, henteu bisa dipisahkeun. Jadi mun kurang hiji, upamana euweuh ratu, kakawasaan moal aya," ceuk Jakob. Jadi, di Sunda, kakawasaan teu museur di hiji titik.

Lebah dieu di Sunda barang pusaka, jimat jeung sabangsana lain bagéan tina kakawasaan. "Éta sababna dina budaya asli Sunda, teu dipikawanoh ngasakralkeun hiji tempat, ngakultuskeun hiji tokoh, nganggap hiji benda barang pusaka. Ku kituna, ritual meresihan jimat, pusaka, sajatina dina budaya Sunda teu aya," ceuk Jakob.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x