Najan kitu, nyieun lawon (ninun) dasarna nganyam kénéh, jeung ongkoh deuih kecap anyam cayut masih kénéh dipaké nepi ka awal abad ka-20.
Dipakéna, jeung dipidangkeun dina hajat salametan opat puluh poé orok, salametan nundatan (khitanan), salametan nikahkeun, hajat lembur (ngaruat) jeung ritual séjénna.
Medalna anyaman medal tina kamotékaran masarakat, aya anu idena ka ilhaman medal tina lingkungan alamna aya ogé anu kapangaruhan ku budaya deungeun.
Bahan anu dipaké contona tina awi. Tangkal awi anu rék dijieun anyaman ulah nu ngora teuing jeung nu kolot teuing, awi anu hadé keur anyaman paling copél umurna geus tilu usum, anu lila dipelakna sataunm leuwih tepi ka dua taun.
Awi anu kawilang aralus keur bahan anyaman: awi nu bukuna lantas. Ngarah anyaman teu gancang ruksak sarta awét dipakéna, waktu nuar awi ulah isuk teuing, jeung lain dina usum ngijih.
Sanggeus dituar ulah waka digolérkeun kudu ditangtungkeun, sarta kudu dipiceun heula hama nu aya dina jero awi. Carana dikeueum dina cai lilana dopat belas poé atawa satengah bulan.
Awi anu meunang motongan, panjangna gumantung kana kaperluan keur nyieun naon dibeulah dijieun sabébék-sabébék kira-kira rubakna 2-3-4 senti.
Sabada disebitan atawa dihua, tina sabébék téh sok jadi opat lambar hasil ngahua, terus diratut tepi ka ipis. Ngarautna aya nu disebut wangun beuteung siraru bagian tengahna rada kandel, sangkan hasil anyamanana leuwih seseg.
Hoé, pandan jeung nyéré oge memeh dianyam kudu diraut luyu jeung kabutuh anyaman.