Kiwari Dibaekeun, Konservasi Alam ku Karuhun Sunda Dipentingkeun pisan

- 19 Januari 2023, 07:00 WIB
Walungan di Jawa Barat, alatan lingkunganana geus rusksak, usum halodo caina ngoletrak.
Walungan di Jawa Barat, alatan lingkunganana geus rusksak, usum halodo caina ngoletrak. /

GALURA -Wewengkonna diwengku ku gunung jeung pasir, jeung walunganana loba, karuhun Tatar Sunda merhatikeun pisan alam jeung lingkungan. Anu ngaruksak lingkungan dianggap leuwih hina batan kulit lasun di jariaan.

Tatar Sunda beda pisan jeung wilayah sejenna di Pulo Jawa. “Di Tatar Sunda, loba pasir, gunung, jeung walungan,” ceuk Sobirin Supardiono, ahli lingkungan di Jawa Barat.

Tatar Sunda mibanda gunung 30 leuwih, ari nu ngaranna pasir mah rea pisan. Ku sabab kitu walunganana oge leuwih ti 40.

Sobirin nyebutkeun alatan kaayaan geografisna, alam jeung lingkungan Tatar Sunda kudu meunang perhatian nu daria. Kudu bener-bener dijaga jeung kudu diperenahkeun luyu jeung kaayaanana.

Baca Juga: Nyurahan Pamaredih Presiden Jokowi, TB Hasanuddin: Luyu Undang-Undang nu Jadi Koordinator Intelijen teh BIN

“Raja-raja Galuh, raja-raja Sunda daria pisan dina miara, ngajaga jeung ngarumat alam teh sangkan teu kajadian musibat alam,” pokna.

Nu matak mucunghul wae istilah atawa amanat atawa pepeling:

Gunung kaian,
gawir awian,
cinyusu rumatan,
pasir talunan,
lebak caian,
sampalan kebonan,
walungan rawatan,
legok balongan,
daratan sawahan,
situ pulasaraeun,
lembur uruseun,
basisir jagaeun.

Baca Juga: Ku Sambel Cibiuk, Onta jeung Badewi Ngabelesat Lumpat

Karuhun Sunda ngestokeun hubungan manusa jeung alam. Tina kituna:

Gunung teu meunang dilebur,
lebak teu beunang diruksak,
larangan teu meunang dirempak,
buyut teu meunang dirobah,
lojor teu meunang dipotong,
pondok teu meunang disambung,
nu lain kudu dilainkeun,
nu ulah kudu diulahkeun,
nu enya kudu dienyakeun.

Di Tatar Sunda, tradisi sakral nu aya patalina jeung alam kandel pisan. Masarakat percaya kana kakuatan alam sarta gede pangaruhna keur kahirupan manusa jeung sakumna mahluk.

Baca Juga: Nganjang ka Pikiran Rakyat, TGB: Ngaronjatna Elektabilitas Perindo Hasil Solidna Kader Perindo

Pamali, pantrangan, atawa larangan nu aya patalina jeung miara lingkungan diestokeun. Upamana wae ulah nuar tatangkalan, ulah ngarabut tutuwuhan, ulah ngaganggu atawa nyokot batu ti walungan jeung sajabana.

Di luar kampung adat, sesa eta tetekon masih keneh aya di leuweung Geger Omas, di Desa Ciomas, Kecamatan Panjalu, Kabupaten Ciamis.

Di Geger Omas, sakur tutuwuhan, tatangkalan teu meunang dituar. Pangpung, tangkal nu rungkad teu meunang dibawa, teu meunang dimangpaatkeun, kudu diantep sina saburukna, sina dihakanan ku rinyuh.

Sasatoan nu hirup di dinya atawa nu ngadon nyimpang di dinya oge teu meunang diganggu, komo dibedil jeung diala mah.

Baheula, di Tatar Sunda sirah cai atawa tempat kaluarna cinyusu kacida pisan sakralna, dianggap sanget. Leuweungna teu meunang ditincak-tincak acan, komo dijadikeun lahan tatanenna.

Bareto mah sirah cai karasana teh geueuman pisan. Tambah deui di unggal sirah cai  aya tangkal caringin atawa lame atawa tangkal calingcin nu dianggap digeugeuh ku mahluk gaib.

Baca Juga: Di Musieum Subang Aya Patung Pangawasa Perkebunan Petter Willem Hofland, Tapakna Natrat Keneh

Anu wani asup ka sirah cai dipercaya bakal kabadi, bakal ngadadak gering. Komo bari barang ala mah, sok langsung karasa balukarna.

Di Kampung Ciongka, Desa Selacai, Kecamatan Cipaku, Kabupaten Ciamis bareto aya sirah cai nu loba tangkal tamiang, jenis awi ukuran leutik nu sok dipake keur nyieun suling.

Tangkal tamiangna teu teu meunang diala. Lamun diala bakal loba sero sarta ngagalaksak ka balong.

Ceuk para ahli antropologi, hubungan manusa jeung alam saperti kitu taya lian ti tarekah keur mupusti alam sangkan hubungan alam jeung manusa harmonis.

Alam dianggap suci (sacred) nu mere kahirupan jeung huripna. Raja, panguasa wilayah, kokolot lembur, mimpin ritual nu intina sangkan manusa deukeut jeung ngahormat ka alam.

Hanjakalna, babakuna sanggeus reformasi, sagala pantrangan, aturan, pamali nu aya patalina jeung miara lingkungan dibaekkeun.

Kiwari sirah cai teu dianggap sanget deui. Leuweung diranjah diala kaina, sasatoan diboro.

Teu aneh di Tatar Sunda beuki dieu beuki loba musibat alam. Usum hujan mindeng banjir, caah dengdeng, urug. Usum halodo, kakurangan cai. ***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah