Basa Indung jeung Média Sunda, teu Bisa Lésot tina Kahirupan Masarakatna

22 Februari 2023, 08:17 WIB
Sawatara media basa Sunda, kaasup Galura, minangka panutan, référénsi, atawa minangka picontoeun pikeun masarakat Sunda.* /REA/Glr

GALURA - Sababaraha puluh taun ka hareup, leuwih ti 30 rébu basa daérah di sakuliah dunya bakal musnah lantaran teu aya deui nu marakéna.

Kitu nu diprédiksi ku Ajip Rosidi, budayawan kawentar urang Jatiwangi, Majalengka, nu ayeuna geus teu aya di kieuna, mulang ka pangkonan Ilahi, dipundut ku Alloh Swt, 29 Juli 2020 ka tukang.

Malah Ajip leuwih museurkeun deui kana hirup-huripna basa Sunda, cénah basa Sunda gé baris ngalaman kitu (musnah) lamun seug masarakatna geus teu maraké deui basa Sunda minangka basa indung.

“Katingal yén urang Sunda beuki réa anu embung nyarita ku basa Sunda. Salasahiji sababna nyaéta henteu ngarasa reueus kana basa Sunda, sanajan ceuk sawatara ahli basa Sunda téh anu pangbeungharna, panglemesna, jeung pangngeunahna didéngékeunana,” ceuk Ajip, dina hiji waktu, keur jumenengna kénéh.

Kahariwang Ajip perlu dipikiran ku urang, yén mémang hirup-huripna basa téh gumantung ka urangna, gumantung ka nu marakéna. Malah kapan Pemda Provinsi Jawa Barat gé ngajamin masalah ieu, ku disahkeunana Peraturan Daerah (Perda) Provinsi Jawa Barat Nomor 5 taun 2003 ngeunaan “Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara Daerah”.

Baca Juga: Basa Indung: Panyatur Basa Jawa Panglobana, Basa Sunda Réngking Ka-2  

Éta hal perlu ditandeskeun deui, lantaran (unggal) tanggal 21 Pébruari urang miéling Poé Basa Indung. Kétah, saenyana mah lain urang baé, tapi sakabéh bangsa jeung sékésélér di dunya anu mibanda basa daérah (jeung tangtu nyaah kana basa-na), aya kamungkinan miéling Poé Basa  Indung Internasional.

Lebah dieu, katangén yén basa daérah téh kacida “diwowoyna”, kacida dipaliréna ku sabagéan masarakat jeung jajaran pamaréntah. Enya, bisa disebut “sabagéan”, lantaran anu miélingna ogé teu sakabéh unsur masarakat. Aya –malah loba—masarakat anu teu apaleun yén tanggal 21 Pébruari téh ditetepkeun jadi Poé Basa Indung Internasional, alias Poé Basa Indung Sadunya. 

Nyabit perkara Poé Basa Indung, aya hadéna urang lenyepan anu diungkabkeun ku Dingding Haérudin, dosén Bahasa Daérah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung, dina hiji tulisanana anu kungsi dipidangkeun di Koran Pikiran Rakyat (taunna poho deui).

Asana, dina tulisanna téa, Dingding nandeskeun yén basa Sunda téh teu bisa lésot tina kahirupan masarakat anu makéna, kaasup pérs atau media nu ngamangpaatkeunana minangka alat komunikasi jeung nu macana.

Média atau pérs basa Sunda, saperti Manglé, Galura, Cupumanik, Giwangkara, cenah mibanda peran nu spésifik kana basa jeung pérs-na éta sorangan, nyaéta minangka panutan, minangka référénsi, atawa minangka picontoeun.

 Baca Juga: Putri Anjungsari (35). Peuting Simpe Ngadadak Guyur, Pedah Aya nu Tumpak Parahu ti Kelebuh

Nilik ka dinya, mémang peran pérs téh teu kurang pentingna dina mekarkeun jeung ngahirup-huripkeun basa katut sastra Sunda.

Ngan hanjakal, peran nu sakitu pentingna téh teu imbang jeung pangajén ti masarakatna. Pamaréntah sakitu awong-awonganana supaya masarakat ulah mopohokeun basa indung. Kitu deui masarakat intelektual atawa budayawan awong-awongan sangkan pararumaja ayeuna kudu nyaho kana budayana, ulah tepi ka poho nyarita ku basa Sunda. Padahal, di antara lobana anu awong-awongan saperti kitu, anu sok maca média basa Sunda mah bisa diitung ku ramo.

Kungsi dina hiji waktu, nu nulis padungdengan jeung salasaurang pejabat di hiji instansi pamaréntahan provinsi, sual hadéna mekarkeun jeung ngahirup-huripkeun basa katut sastra Sunda di imah, di lingkungan pendidikan (sakola, kampus) jeung di tengah pagaulan sapopoé.

Inyana ngiritik kana gaya-basa rumaja (Sunda) anu mungguh kamalayon, kabatawi-batawian, bari direumbeuy ku basa “gogog”. Mungguh sumanget nyariosna. Ana ditawaran ngalanggan Koran Sunda Galura mah, inyana kalah teu kireum-kireum nyebutkeun teu boga anggaran keur nyocéng kahirupan sapopoé.

Geura étah, pantar pejabat baé teu bisa nganggarkeun keur meuli koran, bari jeung saméméhna sakitu awong-awonganana ngiritik kabiasaan barudak rumaja dina cumarita. Komo cacah kuricakan, meureun!

Baca Juga: Miéling Poé Basa Indung Sadunya, Abah Awie: Ulah Sieun Salah Nyarita ku Basa Sunda 

Inget ka dinya, bener ceuk H. Syafik Umar, pendiri Pikiran Rakyat, tiras penerbitan média citak Sunda nu masih kénéh medal (Galura jeung Manglé) moal leuwih ti 10.000 éksemplar. Nu séjénna mah, cénah, geus lila ditinggalkeun ku nu macana.

“Koran basa Sunda nu ayeuna masih kénéh ’aya di kieuna’ gé karasa mungguh ’hirup teu neut paéh teu hos’. Asa wegah rék nepungan nu maca téh. Léngkahna jumarigjeug lir néangan indung teges di tengah-tengah kahirupan pérs nasional,” ceuk H. Syafik Umar, sakumaha nu diungkab dina tulisanana, “Koran Sunda, Lain Komunikasi Basi-basi”, Galura, Minggu II Pébruari 2009).

Ku naon pangna koran jeung majalah basa Sunda bet “hirup teu neut paéh teu hos”?

Enya, nu jadi marga-lantaranana mah di antarana kurang anu macana téa.

Padahal lamun maca tulisan H. Syafik Umar téa, Jawa Barat téh saenyana kaasup “untung” boga penerbitan média citak basa Sunda. Da cénah, nurutkeun catetan pérs nasional, ukur Jawa Barat jeung Jawa Timur nu masih kénéh mertahankan kahirupan pérs basa indung sacara konsistén téh.

Jadi lebah dieu mah, urang kudu ngarasa untung, béh dituna ngarasa syukur, pédah (masih kénéh) boga penerbitan média citak basa Sunda, kaasup online-na, samodél Galura Online ieu.***

 Baca Juga: M. Fadjroel Rahman: Antara Puisi, Kazhakstan, jeung Bandung

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler